SAJAK ÉPIK
Sajak épik sifatna ngalalakonkeun, ngadadarkeun, atawa nyaritaken. Ku lantaran sifatna ngalalakon, dina sajak épik mah bakal kanyahoan saha tokohna, naon ketakna, jeung kumaha pamustunganana.
SAJAK LIRIK
Sajak lirik téh henteu ngalalakon.
Déklamasi teh sajak nu dipidangkeun ku cara ditalar tanpa maké téks. Déklamasi ilaharna dibarengan ku pasang peta, gerak, jsté.
Konotatif téh hartina kiasan. Harti konotatif téh nyaéta harti anu teu langsung nuduhkeun barang anu dimaksudna, tapi ngandung rasa atawa tafsiran kana barang séjén. Harti sabenerna atawa saujratna disebut harti dénotatif. Harti dénotatif téh harti nu langsung nuduhkeun barang nu dimaksudna.
Contoh kalimat konotatif jeung dénotatif:
a. Konotatif = Omonganana seukeut matak nganyerikuen haté.
b. Dénotatif = Kudu diasah atuh ari hayang seukeut mah pési téh.
a. Konotatif = Kembang Rara, atos layu.
b. Denotatif = Rara kembangna di desa abdi.
a. Maca atawa ngaregepkeun anu maca sajak kalayan gemet
b. Catetkeun kekecapan anu dianggap hésé, geus kitu paluruh harti jeung sinonimna.
c. Tuliskeun deui saja anu dibawa atawa diregepkeun maké vasa sorangan
d. Tepikeun deui hasil parafrase téh ku cara dibacakeun di hareupeun babaturan
Dumasar carana, parafrase aya 2 rupa, nyaéta:
1) Parafrase kauger
Nyaéta ngarobah sajak kana basa lancaran ku cara nambahan atawa nyelapkeun kekecapan, nepi ka sajak téh kaharti eusi atawa maksudna.
2) Parafrase bébas
Nyaéta ngarobah sejak kana basa lancaran maké kekecapan sorangan. Nu penting naon anu dicaritakeun henteu kaluar tina harti atawa maksud sajak nu aslina.
Dina sastra Sunda, dramatisasi téh kaasup dina barang anyar. Gelarna kakara dina 1970-an minangka pangaruh tina sastra deungeun. Wangun operét anu geus lila hirup dina sastra deungeun tuluy hirup dina sastra Indonésia, disebutna dramtisasi, anu harita mimiti dipopulérkeun ku Remy Sylado Spk. jeung kelompok téater STB di Bandung. Dina pertengahan taun 1970-an Yus Rusyana Spk. anu ngadegkeun Liga Drama Bumi Siliwangi di kampus IKIP, milu mopulérkeun wangun dramatisasi.
Dina sastra Sunda saenyana aya pagelaran anu ngaharib-harib kana dramtisasi téh nyaéta beluk (wawacan anu ditembangkeun). Bédana, dina beluk mah naskah nu dibaca ku juru ilo téh ukur ditembangkeun diaeu-aeu ku nu lianna. Ari dina dramtisasi, naskah anu dibaca ku dalang téh tuluy dibarung ku peta atawa rigig para pamaén. Dina dramtisasi aya narator ti awal tug nepi ka pungkasan carita.
Wangun nu sarua jeung drmatisasi nyaéta purna drama, ngan leuwih panjang sarta salian ti unsur sastra jeung drama, dina purna drama diutamakan unsur seni anu drama swara, nyaéta seni swara jeung seni tari. Béda jeung drama swara, nyaéta pagelaran drama anu pagunemanana dihaleuangkeun, sarua jeung gending karesmén ngan leuwih pondok.
Istilah "musikalisasi" tina kecap musik, nyaéta mada atawwa sora anu disusun kalawan ngéntép seureuh nepi ka ngandung wirahma, lagu, jeung kaharmonisan, pangpangna nu maké alat-alat nu bisa ngahasilkeun éta sora. Musikalisasi puisi atawa sajak umumna kagiatan midangkeun puisi atawa sajak jadi rumpaka lagu kalawan dibarengan ku musik. Sajak téh dirobah jadi rumpaka lagu tur dibarengan ku musik.