Aksara Sunda nyaéta sistem ortografi hasil kaparigelan urang Sunda ngeunaan aksara jeung padika keur nuliskeun basa Sunda jeung basa-basa séjénna. Aksara Sunda anu geus sumebar di sakola-sakola, nyaéta aksara Sunda anu geus dimodifikasi. Alesannya nyaéta wujudna laleutik teuing. Ku kituna, aksara Sunda téh dimodifikasi. Dina dasarna, aya 4 wangun rupa aksara Sunda, nyaéta aksara swara, angka, ngalagena, jeung rarangkén.
KALIGRAFI AKSARA SUNDA NU DIDAMEL KU ABDI
4 WANGUN AKSARA SUNDA
Aksawa swara atawa vokal jumlahna aya tujuh siki.
Aksara angka dasar jumlahna aya 10.
Aksara ngalagena nyaéta konsonan nu binarung vokal /a/. Jumlahna aya 23, anu ngawangku 18 aksara ngalagena Sunda jeung 5 aksara ngalagena serepan (fa, va, qa, za, xa).
Aksara rarangkén atawa pananda sora jumlahna aya 13.
ATURAN TAMBAHAN DINA NULISKEUN AKSARA SUNDA
Nuliskeun angka puluhan, ratusan, rébuan, jeung saterusna, ditulis ngajajar ka gigir "ti kanca ka katuhu", nurutkeun padika nuliskeun padika nuliskeun angka Arab.
Nuliskeun angka nu digédéngkeun jeung aksara swara atawa ngalagena, kudu dihapit ku garis lempeng ( | | ), lantaran antara angka jeung aksara wangunna aya nu mirip.
Nuliskeun gelar, boh gelar akademis boh gelar keagamaan, aya dua cara. Kahiji, gelar akademis atawa keagamaan tetep ditulis ngagunakeun aksara Sunda. Kadua, helar akademis atawa keagamaan mah ditulisna maké aksara Latén.
Dina aksara Sunda henteu aya huruf kapital/gedé, huruf leutik, jeung huruf sambung.
KAMEKARAN AKSARA SUNDA
Gambar Prasasti Ciaruteun
Aksara Sunda digunakeun ti mimiti kurang leuwih abad ka-5 Maséhi, ti jaman Karajan Tarumanegara. Di Jawa Barat jeung Banten, kapanggih sababaraha prasasti, nyaéta Prasasti Ciaruteun, Prasasti Kebon Kopi, Prasasti Koléangkak, Prasasti Pasi Awi, Prasasti Pasir Muara, Prasasti Tugu, Prasasti Cidangiang, Piagem Kebantenan, Prasasti Geger Hanjuang, jeung Prasasti Astana Gedé Kawali. Aksara téh ciri mandiri tina jatidiri bangsa nu mibandana. Aksara Sunda gé kitu, jadi kareureus tur ciri jatidiri udang Sunda. Dumasar lalakon sajarahna, urang Sunda téh kungsi ngagunakeun 7 aksara, nyaéta: Pallawa jeung Pranagari, aksara Sunda Kuno, aksara Jawa atawa Carakan, Aksara Arab atawa Pégon, Akasara Cacarakan, jeung huruf Latén.
TARÉKAH SOSIALISASI AKSARA SUNDA
Aya sawatara tahapan nyosialisasikeunana ka masarakat, di anatarana:
Tahap Pawanohan
Dina tahap ieu, diwanohkeun ka kelompok jeung lembaga masarakat anu engkéna dipiharep baris nepakeun masarakat.
Tahap Palomaan
Dina tahap ieu, diusahakeun sangkan masarakat ngarasa loma jeung biasa maké aksara Sunda.
Tahap Pangagulan
Dina tahap ieu, aksara Sunda téh geus dipiagul tur jadi kareueus uang Sunda. Urang Sunda gé dina kahirupanana bisa maca jeung nulis maké Aksara Sunda.
Tahap Pamibandaan
Dina tahap ieu, aksara Sunda téh geus dianggap benda budaya urang Sunda.