MIKAWANOH CARITA PANTUN
Pantun dina sastra Sunda téh béda jeung pantun dina sastra Indonésia. Pantun dina sastra Indonésia téh disebutna sisindiran dina sastra Sunda. Ari pantun dina sastra Sunda nyaéta carita rékaan nu ukuranana panjang. Gelarna sacara lisan tur ngandung hal-hal anu pamohalan kawas dongéng. Carita pantun biasana ditepikeun ku juru pantun, dipirig ku kacapi, tur dipagelarkeun salila sapeuting jeput. Pantun téh sumberna sacara lisan, ku kituna loba pisan vérsi caritana, aya nu disebut: Pantun Baduy, Pantun Bogor, jsté.
Dina sastra Sunda, pantun téh gelarna saméméh abad ka-14. Buktina aya dina naskah Suna kuno Sanghyang Siksa Kandang Karesyian (1518 Maséhi). Naskah ieu ngeunaan carita pantun téh geus disabit-sabit. Ku lantaran kitu, carita pantun dianggap karya sastra asli (pituin) urang Sunda. Carita pantun kaasup kana sastra lisan, sabab caritana téh turun temurun jeung sumebarna tatalépa ku cara lisan.
Nilik kana eusi carita pantun, carita pantun téh lolobana nyaritakeun lalampahan para sinatria putra raja nu keur ngalaksanakeun papancén. Salila ngalaksanakeun papancén, tuluy balik deui ka nagarana, dikawinkeun ku putri anu geulis, bari dijenengkeun jadi raja. Ari palakuna lolobana mah pangéran atawa putra Prabu Siliwangi ti Karajaan Pajajaran. Waktu jeung tempat anu dicaritakeun lolobana dina mangsa Karajaan Pajajaran atawa Karajaaan Galuh, nyaéta kira-kira abad ka-8 nepi ka abad ka-13.
Juru pantun téh biasana tapis pisan dina ngabédakeun bagéan anu dicaritakeun, digunemkeun, jeung dihaleuangkeun. Dina bagéan nyaritakeun, biasana mah sorana téh datar. Ari dina bagéan paguneman, juru pantun téh ngarobah sora jeung lentongna. Juru pantun sok niru-niru sora budak, kolot, awéwé, lalaki, ngaluyukeun jeung palaku dina carita. Kitu deui dina ngahaleuangkeun luyu jeung wanda laguna. Bagéan rumpaka anu kudu dihaleuangkeun dina carita pantun disebutna téh papantun.
Runtuyan carita pantun téh biasana diwangun ku galur:
1) Miang
Miang nyaéta bagéan carita nu ngalalakonkeun yén tokoh utamana téh kudu ngalalana, boh ka leuweung, ka dasar sagara, boh ka hiji nagara.
2) Ujian
Nalika tokoh keur ngalalana, biasana sok aya halangan-harungan ti musuhna. Malah sok nepi ka gelut, ngadu jajaténm jeung nepi ka parang. Nah, bagian carita éta téh disebutna ujian.
3) Mulang
Sanggeus tokoh lulus tur bisa ngungkulan halangan-harungan anu kaalamanana, biasana nalik deui ka nagarana. Geus kitu tuluy dikawinkeun ka putri geulis jeung dijenengkeun jadi raja. Bagian carita ieu disebutna mulang.
STRUKTUR CARITA PANTUN
1) RAJAH
Rajah mangrupa ciri mangkat carita nu eusina sanduk-sanduk ka Nu Kawasa, sangkan salila mantun téh lancar. Dina bagéan ieu, juru pantun téh ngahaleuangkeun bagian ieu.
2) NARASI
Narasi nyaéta bagéan carita anu ditepikeun ku juru pantun keur ngagambarkeun kaayaan atawa kajadian dina carita. Dina nepikeun narasi, juru pantun téh aya nu digorolangkeun aya ogé nu di haleuangkeun.
3) DIALOG
Dialog nyaéta guneman antara hiji tokoh jeung tokoh séjénna.
4) MONOLOG (DIHALEUANGKEUN)
Monolog téh nyaéta guneman hiji tokoh ka dirina sorangan. Biasana, bagéan ieu sok dihaleuangkeun.
Carita pantun dina zaman baheula mah dianggap mibanda kakuatan sakral atanapi goib. Ku lantaran kitu, dina magelarkeunana gé teu sagawayah. Kudu ditataharkeun heula ti anggalna. Malah, baheula mah mun rék magelarkeun carita pantun, kudu nyayagikeun sasajén heula. Kitu deui, juru pantunna jalma nu bisa nempo, salila keur mantun mah tetep kudu bari peureum. Méméh mantun, biasana juru pantun sok puasa heula. Liat ti éta, juru pantun téh sok mibanda kayakinan yén anu mantun téh sabenerna mah lain manéhna, tapi kakuatan goib nu nyurup ka dirina. Atur carita pantun nu dicaritakeun ku juru pantun gé, sagemblengna sok ditalar (teu maca naskah). Carita pantun téh baheula mah dianggap mun aya acara ruwatan, sukuran, jeung salametan.
MANTRA
Nilik kana wangun mantra, wangunna téh mangrupa puisi (wangun ugaran), sok sanajan teu matok aturanana atawa teu ditangtukeun guru laguna (sora dina engang panungtung), guru wilangan (jumlah engang dina unggal padalisan), jeung jumlah padalisan dina unggal padana. Ugaran atanapi aturan puisi téh bakal karasa upama geus dibaca atawa dipapatkeun. Dina éta mantra aya wirahma jeung purwakanti, nepi ka ngareunah diunikeunana.
Eusi mantra anu dianggap ngandung kakuatan goib téh dipapatkeun ku nu boga maksud hayang meruhkeun nu séjén atanapi nanjeurkeun kakuatan jeung komara pribadi. Tujuan digunakeunana mantra téh di antarana pikeun ngawasa sukma nu lian, sangkan pinunjul, sangkan pada makaasih, jeung ngariksa.
Numutkeun satara ahli, mantra téh gumelarna dina mangsa animisme/dinamisme, raket patalina jeung kapercayaan urang Sunda alam harita, terus meunang pangaruh agama Hindu.
Ditilik dina fungsi jeung suasana ngedalkeunana, nu kaasup kana mantra téh aya rajah, jangjawokan, asihan, ajian, singlar, jeung jampé.
JANGJAWOKAN
Jangjawokan dipapatkeun pikeun ménta kasalamétan; upama arék ngamimitian hiji pagawéan.
ASIHAN
Asihan disebut ogé pélét, dipapatkeun kalawan maksud sangkan nu séjén mikaasih ka diri nu mapatkeunana.
AJIAN
Ajian téh dipapatkeun kalawan maksud pikeun meunang kakuatan, kasaktéan, kabédasan, jeung sajabana.
SINGLAR
Singlar dipapatkeun anu maksudna pikeun nyinglar atawa nyingkahkeun hal-hal anu teu dipikahayag, saperti kasakit, jurig, siluman-siluman, musuh, hama, jsb.
JAMPÉ
Jempé dipapatkeun pikeun ngubaran atanapi ngaleungitkeun kanyeri, kasakit, ataapi kabiaan anu teu hadé supaya jadi hadé, cageur, jsb.
Kelas: XII IPS 2
Anggota kalompok:
Anggun Ayunu Nurislami
Archenio Rafa A.
Dyah Nurfauziah A.
Lisna Nur Azizah Salsabila
Nemia Munabila P. H.
Muhammad Fadel A.
Muhammad Raihan Nulhakim
Shafiqa Aliya Harahap
Sutan Hikmal S. S.
Amanat carita pantun Lutung Kasarung: "Janten jalmi anu soleh sareng jujur, sareng ulah iri kana naon anu dipiboga ku batur."