Fabel atawa dongèng sasatosan, nyaéta dongéng anu eusina nyaritakeun sasatosan kalawan paripolahna seperti manusa. Upamana waè bisa nyarita jeung bisa mikir. Contona dongéng "Kancil sareng Buaya".
Parabel atawa dongéng jalma biasa nyaéta dongéng anu eusina nyaritakeun paripolahna jalma biasa, anu sakapeung mah sok mahiwal, pikaseurieun, tapi lenyepanen. Contona dongéng "Si Kabayan Ngala Tutut".
Légenda atawa dongèng sasakala nyaéta dongéng nu eusina nyaritakeun kajadian atawa asal-muasal hiji hal, tempat, barang, sasatosan, atawa tutuwuhan. Contona dongéng "Sasakala Tangkuban Parahu".
Sagé atawa dongéng babad, nyaéta dongeng anu eusina nyaritakeun hiji kajadian atawa hiji jalma, anu aya patalina jeung sajarah. Contona dongéng "Sangiang Borosngora".
Mite atawa dongéng kapercayaan nyaéta dongéng anu raket patalina jeung kapercayaan masarakat kana bangsa lelembut atawa perkara-perkara anu goib. Contona dongéng "Nyi Roro Kidul".
Link ka youtube, ngapraktekeun dongéng ieu : https://youtu.be/P1pHnAaIh7U