Istilah "tradisi" hartina téh adat kebiasaan atawa tali paranti anu turun tumurun ti karuhan anu masih dilaksanakeun dina pakumbuhan masarakat. Tradisi ilaharna geus jadi kabiasaan masarakat ti baheula tur geus bagian tina kahirupan kelompokna. Pikeun ngamumulé tradisi téh dilaksanakan ku cara diwariskeun ti kolot ka anakna, tatalépa boh ku cara lisan, kalakuan, tiasa ogé ku cara tinulis.
Tradisi kaasup kana ulikan folklor (basa Inggris: folklore). Folklor asalna ti kecap folk jeung lore. Folk hartina téh 'kumpulan' atanapi 'gundukan', ari lore hartina 'tradisi'. Jadi, folklor teh nyaéta sabagian kabudayaan anu diwariskeun kalawan turun-tumurun ku cara lisan, ku kituna disebut tradisi lisan.
Kecap adat ngandung harti kabiasaan atawa kalakuan nu geus maneuh. Kecap adat jeung kabiasaan téh sok dihijikeun jadi kecap kantétan adat kabiasaan, nyaéta tata polah anu angger tur turun-tumurun ti hiji entragen ka entragen satuluyna minangka warisan anu dalit jeung pakumbuhan masarakatna. Adat kabiasaan sipatna seremonial. Adat kabiasaan ilaharna jadi ciri has ti hiji daérah. Aya paribasa kieu, "Ciri sabumi cara sadésa, jawadah tutung biritna, sacarana-sacarana, lain tepak sején igel", anu hartina téh tiap daérah boga cara jeung ciri masing-masing anu béda-béda.
Dina kahirupan masarakat Sunda téh kapanggih aya rupa-rupa upacara adat, saperti adat nu nyiram, adat ngariksa nu reuneuh, adat ngariksa nu ngajuru, adat mulasara bali, adat sundatan (nyepitan), adat ngawinkeun, adat kapapatenan, jsté. Aya ogé adat kabiasaan anu husus di daérahna, saperti sérén taun di Cisolok Sukabumi, nyangka di Pajalu Ciamis, Saparan di Cerebon, jsté.
Ngeunaan tipe jeung gaya kapamingpinan (leadership) Sunda kapanggih dina naskah kuno Sanghiyang Siksa Kandang Karesian. Naskah kuna ieu téh asli titinggal karuhun Sunda taun 1518 Maséhi. Naskah ieu ditulis maké aksara jeung basa Sunda kuno, disundakeun deui kana basa ayeuna ku Atja jeung Saléh Danasasmita taun 1981. Numutkeun éta naskah, kaharmonisan pamaréntahan téh nyaéta Tritangtu di bumi "Tilu Panangtu Kahirupan di Bumi": Sang Prabu, Sang Rama, jeung Sang Resi.
Sang Prabu = Pamingpin roda pamaréntahan, pamingpin formal, briokrat, pamaréntah, nu nyokot kawajikan, sarta sakabéh unsur trias politica.
Sang Rama = Golongan masarakat nu dipikolot minangka wawakil rahayat, kaasup di jerona pamingpin kulawarga jeung masarakat.
Sang Resi = Golongan masarakat anu pancénna ngaberdayakeun hukum agama, darigama, jeung nagara.
Parigeuing nyaéta "bisa maréntah bisa miwarang ku caritaan nu pikagenaheun tepi ka teu matak jaheut nu diparéntah". Pikeun bisa ngalaksanakeun Parigeuing, carana kudu ngalaksanakeun heula Dasa Pasanta, nyaéta:
Guna = Jelema nu diparéntah téh kudu ngartieun naon gunana tina nu diparéntahkeun.
Ramah = Paréntah kudu ditepikeun kalawan wajar, sopan, amis budi.
Hook = Paréntah téh karasana kudu nuduhkeun kabisa tur kapinteran anu méré paréntah.
Pésok = Kapikat Haréna. Paréntah kudu ditepikeun ku cara nu matak mikat haté, nu nimbulkeun rasa reueus dina dirina.
Asih = Maréntah kudu pinuh ku rasa nyaah.
Karunia/Karunya = paréntah kudu karaseunana saperti rasa kanyaah jeung ogé mangrupa kurnia kana kamampuh dina.
Mukpruk = Kudu bisa ngalelemu. Ngarasa yén gawé téh lain kupaksa, tapi geus jadi tugasna.
Ngulas = Hartina ngajén. Tegesna kudu bisa ngosongkeun koméntar kana pagawéan bawahan ku cara nu surti tur lantip.
Nyecep = Bisa niiskeun pikir nu diparéntahna, sangkan genaheun pikirna.
Ngala angen. Bisa narik simpati bawahan. Carana ku ngantengkeun silahturahmi nu wajar, sangkan timbul rasa setia ka pamingpinna.
Pangimbuhning Twah hartina pituduh watek atawa tatakrama hadé pikeun hirup kumbuh sapopoé, sangkan manusa hirupna boga pamor (bertuah).
Emét = Kudu saeutik-saeutik; henteu konsumtif atawa awuntah.
Imeut = Tegesna teliti euweuh nu kaliwat (cermat).
Rajeun = Rajin; bisa ngamangpaatkeun waktu.
Leukeun = getol, junun, suhud (tekun).
Pakapradana = Sonagar, wantér.
Morogol-rogol = Boga karep pikeun maju, gedé sumanget, henteu éléhan.
Purusa ning sa = Mibanda jiwa pahkawan atanapi sikap nasionalisme, gedé rasa tulung tinulungan.
Wigada = Wijaksana.
Gapitan = Nyekel prinsip jeung kayakinan dina kana dirina.
Karawaleya = balabah (dermawan), bageur, jeung resep tulung tinulungan.
Cangcingan = Boga watek cingceung, tangginas (gesit).
Langsitan = Boga watek rapékan, parigel, binangkit, binékas.
Opat Paharaman nyaéta watek atawa karakter anu teu meunang dilaksanakeun jeung dipibanda ku urang Sunda.
Pundungan = Teu kaopan.
Babarian = Gampang kasigeung.
Humandeuar = Hartina luh-lah waé. Tanda héngkér jiwana jeung putus asa.
Kukulutus = Beungeut nyanghareup ati mungkir, ngijing sila béngkok sembah.
Ieu mangrupa link pikeun PPT (power point) Canva kelompang urang: