PANYUNGSI
BASA
MIKAWANOH CARITA WAYANG
Carita wayang nyaéta carita anu sok dilalakonkeun dina pagelaran wayang. Wayang téh robahan tina kecap bayang atawa bayang-bayang, anu hartina téh 'kalangkang'.
Lalakon wayang téh aya rupa-rupa gumantung kana warna wayangna, saperti:
Wayang Purwa
Purma téh robahan tina parwa nu hartina mimiti. Biasana lalakonna dibagi sababaraha parwa, nyaéta lalakon Mahabarata jeung Ramayana sarta tuluy dianggap wayang (kulit) nu mimiti diayakeun di pulo Jawa.
Wayang Gedog
Wayang kulit kénéh nu ngalalakonkeun carita Panji, saperti lalakon Panjisemirang. Wayang gelung (golék elung) nyaritakeun lalakon Mahabarata jeung Ramayana. Wayang golék iket (wayang cepak) nyaritakeun lalakon Prabu Damarwulan, Ménakjingga, jsb.
Wayang Titi (potéhi)
Nyaritakeun lalakon ti negri Tiongkok.
Wayang Bébér
Lalakon digambar dina lawon, tuluy dibébérkeun.
Wayang Klitik
Wayang golék tapi laleutik, ditanggapna ti beurang; wayangna: Jan Pieterszoon Coen, Kaptén Tack, jsté.
Wayang Krucil
Di Surabaya, wayang ieu disebut wayang klitik. Wayang krucil cara wayang golék kénéh lalakonna Amirhamjah, Umaryana, jsté.
Wayang Wong
Nyaéta wayang jelema, lalakonna tina Mahabarata.
Wayang Lilingong
Di Cianjur, wayang ieu disebut ogé wayang klitik. Wayang ieu lalakonna mupu kembang, jembatan beusi, jsb.
Wayang Suluh
Nyaritakeun lalakon ayeuna ngeunaan sajarah Indonesia jeung pikeun panyuluhan, tokohna jalma kaayenakeun.
Wayang Golék
Dipijieunna tina kai kawas bonéka, réa sumebar di Jawa Barat.
Mahabarata téh nyaéta buku anu nyaritakeun lalakon terah Barata. Lamun Ramayana téh nyaéta buku anu nyaritakeun Barata Rama. Buku éta teh umurna geus leuwih ti 2.000 taun.
Carita Mahabarata dianggit dina wangun sa'ir ku Wiyasa, panjangna 200.000 jajar atawa 100.000 sloka, pangpanjangna sadunya. Ari sa'ir Ramayana anggitan Walmiki, panjangna 48.000 jajar atawa 24.000 sloka. Boh dina Mahabarata boh dina Ramayana, jejerna téh sarua, nyaéta peperangan antara nu nyekel kaadilan jeung murka.
Dina Mahabarata anu nyekel kaadilan téh Pandawa, ari nu murka téh Kurawa. Ari dina Ramayana, any nyekel kaadilan téh Batara Rama, anu murka téh nyaéta Prabu Rahwana atanapi Dasamuka. Pihak nu nyekel kaadilan salawasna diasup ku titisan Batara Wisnu. Dina Mahabarata titisan Batara Kresna, ari dina Ramayana nya Rama.
Saperlimana tina 200.000 jajar sa'ir Mahabarata nyaritakeun pokona jejer, ari sésana mah carita ngeunaan lalakon paradéwa, pararaja, parapandita, kajadian alam, tatanegara, palasipah, kawajiban nu kumelip nurutkeun agama jeung katartiban hirup kumbuh, atawa carita-carita anu loba picontoeunana. Sabagian tina Mahabarata téh disebutna Bagawat Gita, hartina sa'ir pujaan déwa (Batara Siwa) atawa sa'ir anu ngayuga, panjangna 1.400 jajar atawa 700 sloka, nyaritakeun ngeunaan paguneman antara Bantara Kresna jeung Arjuna dina méméh perang Baratayuda lantaran Arjuna ngarasa sedih kudu perang jeung dulurna. Perang éta téh lilana 18 poé. Carita wayang anu nyokot bobonna tina Mahabarata atawa Ramayana disebutna carita galur atawa lalakon galur.
Carita wayang téh asalna tina India. Asup ka urang mareng jeung asupna agama Hindu. Terus mekar jeung nerékab nepi ka kiwari. Tangtu baé aya nu robah, boh ditambahan atanapi dikurangan.
PANGJEMBAR
BASA
NGAGUAR SANTIKANING DALANG
Santikaning Dalang téh asalna tina kecap santika anu hartina élmu kasatriaan. Janten, Santikaning Dalang téh hartina élmu keur ngatik dalang sangkan masagi lir sinatria. Lantaran upama dibandingkeun jeung seniman séjén, dalang mémang kudu ngawasa loba widang seni, saperti sastra, drama, tari, karawitan, atawa kawih.
Dina dunya padalangan téh aya nu disebut tetekon, nyaéta antawacana (kamampuh ngarobah-robah sora), renggep (mampuh nyirep nu lalajo ku pintonan nu hadé), engés (bsia ngahudang rasa), tutug (kamampuh dramaturgi), banyol; sabet (kaparigel molahkeun wayang), kawiradya (kamampuh kakawén tokoh-tokoh wayang), paramakawi (apal basa Kawi), amadibasa (mahér ngagunakeun basa), paramasastra (kamampuh sastra), awicarita (pangaweruh carita wayang), jeung amardawalagu (weruh kana lagu).
Ti mimiti taun 1920-an, dina pagelaran wayang téh sok aya sindén. Nepi ka dina taun 1960-an mah sindén téh leuwih sohor batan dalang, lantaran nu lalajo téh kahaji ku sorana nu halimpu.
Pangpangna keur jaman sindén téh Titim Patimah jeung Upit Sarimanah. Dalang wayang golék nu kungsi sohor, di antarana: Tarkim, R. U. Partasuanda, Abéng Sunarya, jeung Apék Gandamana. Kabéhdieunakeun nu sohor téh aya Dédé Amung Sutarya, Asép Sunandar Sunarya, jeung Cécép Supriadi.
Dina pagealran wayang aya sawatara istilah, diantarana:
Murwa, nyaéta suluk atawa siloka bubuka pagelaran anu dikawihkeun ku dalang dina wiwitan caritana. Murwa kaasup salahsahiji jenis puisi padalangan.
Nyandra, nyaéta déskripsi adegan maké basa prosa pakeliran wayang. Aya dua rupa nyandra, nyaéta janturan jeung pocapan. Janturan téh mangrupa basa lancaran dalang pikeun nyaritakeun jejer atawa adegan hiji nagara, watank wayang, jsté. anu teu dibarengan ku gamelan. Ari pocapan téh nyaéta nyandra anu teu dibarengan ku gamelan pikeun nyaritakeun kajadian dina adegan.
Kakawén, nyaéta basa Kawi "titiron" nu sok dipaké mamanis atawa pamentas dina ngadalang, minangka basa pamadianana.
Antawacana, nyaéta caturan wayang dina adegan. Dina antawacana téh dalang kudu bisa ngolah wanda sorana sangkan béda dina caturan wayang-wayangna.
MIWANOH TOKOH DINA PAWAYANGAN
Dina carita Mahabarata téh aya dua kelompok tokoh wayang, nyaéta Pandawa (protagonis) jeung Kurawa (antagonis).
Kurawa téh turunan ti Déstrasta ti Déwi Gandari. Panggedéna Duryudana, ngadi ka Dursala, ngadi ka Dursasana, ngadi ka 98 putra séjénna.
Pandawa téh hartinan turunan Pandu Déwananta. Jumlahna aya limaan, nu sok disebut Pandawa Lilima, nyaéta Yudistira (Darmakusumah), Bima (Brataséna), Arjuna, Nakula, jeung Sadéwa. Ari Yudistira, Bima, jeung Arjuna mangrupa anak Pandu ti Déwi Kuntinalibrata. Ari si kembar Nakula jeung Sadéwa mah mangrupa anak Pandu ti Déwi Madrim.
Antara Pandu jeung Déstrasta téh sabapa lamun béda indung. Pandu téh mangrupa anak Abyasa ti Déwi Ambalika, ari Déstrasta téh mangrupa anak Abyasa ti Déwi Ambika.