Abdi ngahaturkeun nuhun anu sakitu gedéna ka Pa Agung salami dua taun anu kacida ngaberkesanna ieu. Salami diajar basa Sunda sareng Pa Agung, seueur pisan pangalaman anu kapendak sareng seueur pisan hal anu dipelajari. Ti mimiti nyieun drama, pupuh, warta, nepi ka rupa-rupa tugas séjén anu ngajadikeun urang leuwih aktip jeung kreatif dina diajar. Tugas-tugas anu dipasihkeun ku Pa Agung henteu ngan ukur ngajarkeun ngeunaan basa Sunda, tapi ogé ngajarkeun kumaha carana gawé bareng jeung rerencangan, silih bantu, jeung ngajadikeun kelas urang leuwih kompak sarta leuwih solid.

Memang dina awalna kadang karasa beurat pisan nalika meunang tugas, tapi ku sabab dikerjakeun babarengan jeung rerencangan, sagalana jadi karasa leuwih hampang jeung malah jadi pangalaman anu pikaresepeun. Tina tugas-tugas éta ogé, urang bisa leuwih wawuh jeung budaya Sunda sarta leuwih ngahargaan kana basa Sunda sorangan. Hatur nuhun pisan ka Pa Agung pikeun sadaya élmu, pangalaman, kasabaran, sarta bimbingan anu parantos dipasihkeun salami dua taun ieu. Sadaya éta janten kenangan sareng pangajaran anu pohara berharga pikeun abdi sareng rerencangan sadayana.