DEFINISI
DEFINISI
Carpon téh singgetan tina carita pondok, anu biasana dipaké dina sastra Sunda, sareng ogé sarua hartina jeung short story dina sastra Inggris atawa cerpen dina sastra Indonésia. Carpon mangrupakeun karya sastra anu dijieun dina basa prosa anu lancar, kalayan ukuranana anu relatif pondok, antara 5.000-7.000 karakter. Mun ditulis dina kertas A4, biasana carpon ukuranna antara 4-7 kaca.
Carpon bisa dibagi jadi dua rupa: anu pondo (short short story) jeung anu panjang (long short story). Carpon anu pondo téh langkung pendek, nyaritakeun hiji kajadian anu langsung, sedengkeun carpon anu panjang bisa leuwih jero jeung ngalibetkeun sababaraha kajadian anu patali, tapi tetep henteu panjang sapertos novel. Sanajan ukuranana pondok, carpon tetep bisa nyampeurkeun pesen moral atawa ngagambarkeun realitas anu sederhana dina kahirupan sapopoé.
Ciri-ciri Carpon
Wangun prosa
Bahasa Sunda anu basajan
Ngandung konflik anu jelas
Dialog antara tokoh
Panjang carita pondok
Ngandung pesen moral
Nyeritakeun kajadian sapopoé
Unsur Intrinsik Carpon
Témah
Tokoh
Latar
Alur
Puser sawangan
Gaya basa
Amanat
Unsur Ekstrinsik Carpon
Latar belakang panulis
Masyarakat jeung budaya
Waktu jeung tempat panulisan
Pangaruh agama atawa kapercayaan
Kaayaan sosial politik
Nilai-nilai moral jeung atikan
Pangalaman pribadi panulis
Cara Ngadamel Carpon
Milih téma
Mimitian ku milih téma anu bakal dijieun caritana. Témah bisa ngeunaan naon waé, saperti kahirupan sapopoé, kabudayaan, sosial, atanapi kahirupan alam. Pilih téma anu rék diteuleumkeun sacara jero.
Ngahasilkeun gagasan utama
Sateuacan nyieun carita, penting pikeun nyusun gagasan utama atawa inti carita. Gagasan utama ieu jadi dasar pikeun ngembangkeun alur jeung tokoh-tokoh anu aya dina cerpen.
Ngawangun tokoh
Tentukan tokoh utama jeung tokoh pendukungna. Tokoh utama bisa jadi anu ngalakonan konflik atawa masalah dina carita. Tokoh-tokoh ieu kudu dipikiran sacara rinci, kumaha sifatna, tujuanana, jeung hubunganana jeung tokoh séjén.
Nyusun alur carita
Alur carita mangrupa runtuyan kajadian anu bakal ngatur jalanna cerita. Dina cerpen, alur biasana dimimitian ku pembukaan, terus ngalaksanakeun konflik atawa masalah, teras aya puncak masalah anu nyababkeun solusi atawa penyelesaian. Pastikeun alur gampang dipikaharti jeung ngahudangkeun rasa panasaran nu maca.
Méré latar (setting)
Latar penting pikeun ngagambarkeun tempat jeung waktu carita. Naha carita lumangsung di desa, kota, atawa di alam bébas? Pikeun nyiptakeun suasana, jelaskeun ogé waktuna, naha ayeuna, jaman baheula, atawa waktu anu husus.
Nyieun dialog
Dialog antar tokoh penting pikeun ngungkulan konflik jeung ngagambarkeun karakter. Lewat dialog, tokoh bisa nganyatakeun rasa, pikiran, jeung tujuanana. Dialog ogé ngabantu ngagerakeun carita supaya leuwih dinamis.
Méré pesen moral
Carpon umumna ngandung pesen atawa amanat pikeun nu maca. Ieu bisa jadi hikmah anu bisa dipetik tina konflik jeung cara nyanghareupan masalah. Pesan ieu bisa disampaikan langsung atawa sacara implisit ngaliwatan alur jeung tindakan tokoh.
Nulis jeung ngédit
Saatos sadayana direncanakan, tulis carita kalayan runtut sareng jelas. Saatos réngsé nulis, baca deui pikeun ngédit ejaan, tanda baca, jeung struktur kalimat supaya carita leuwih rapih sareng bisa dipahami kalayan lancar.
Ngareview jeung ngadamel perbaikan
Pikeun ngahasilkeun cerpen anu hadé, penting pikeun ngabaca deui jeung ngajieun perbaikan di bagian-bagian anu kurang jelas atawa perlu ditingkatkeun, boh dina alur, karakter, atawa gaya bahasa.
Ngadamel Carpon
LINK G-Drive
Drama 'Pamenta Terahir' karya Amarantine