Definisi
Definisi
Biografi téh nyaeta carita ngeunaan kahirupan hiji jalma atawa tokoh. Eusi biografi téh ngajelaskeun perjalanan hirup hiji jalma ti mimiti lahir nepi ka kolot atawa nepi ka maot, lamun anu dicaritakeun geus maot.
Biografi teu ngan saukur nyebutkeun tempat jeung tanggal lahir atawa pagawean hiji jalma, tapi oge ngandung carita ngeunaan kajadian-kajadian penting dina hirupna. Sajaba ti éta, biografi ogé bisa ngagambarkeun rarasaan anu karasa ku eta jalma dina unggal kajadian anu dilaluanna.
Biasana, biografi téh ditulis ku jalma lianna, lain ku jalma anu dicaritakeun dina biografi eta. Lamun nu nulisna téh jalma anu dicaritakeun, nya disebutna otobiografi.
Unsur Biografi
Ngaran jeung Lalandiannana
Kalahiran jeung Asal-Usul Kulawargana
Wangun Fisik jeung Pasipatanana
Riwayat Pendidikan jeung Pagaweanana
Pikiran atawa Gagasanana
Karya atawa Hasil Gawena
Prestasi jeung Pangajen Nu Kungsi Katarima
Cara Ngabuat Biografi
Tuliskeun ngaran jeung tempat lahir tokohna.
Sebutkeun riwayat pendidikan jeung karirna.
Ceritakeun karya atawa prestasi anu geus dihontal.
Paparkeun sifat-sifat atawa pikiran tokohna.
Tutup ku pangaruh jeung kontribusi tokoh keur masarakat.
Karakteristik Biografi
Eusi data pribadi tokoh
Carita anu dipaparkeun biasana ningali ti sisi positif waé
Tokoh anu dibicarakeun biasana jalma anu penting
Ngadamel Biografi
Link YT Hasil Wawancara: Tokoh Masyarakat
Link Pidio Mentahan