Tradisi perkawinan dina kabudayaan Sunda mangrupa salah sahiji warisan karuhun anu kacida luhungna ajén spiritual, sosial, jeung moralna. Perkawinan lain sanés ngahijikeun dua jalmi dina hiji ikatan sah sacara agama sareng nagara, tapi ogé ngahijikeun dua kulawarga, dua garis turunan, sarta dua kahirupan anu béda pikeun silih lengkepan dina ngawangun rumah tanggi. Ku sabab kitu, dina adat Sunda, saméméh akad nikah dilaksanakeun, aya sababaraha runtuyan upacara anu dijalankeun minangka sarana nyiapkeun calon pangantén sangkan siap lahir batin.

Di antara runtuyan éta, aya tilu prosesi anu kacida pentingna, nyaéta Ngaras, Siraman, sareng Ngeuyeuk Seureuh. Ieu tilu prosesi silih lengkepan, dimimitian ku beberesih batin jeung pangestu ti sepuh, diteraskeun ku beberesih lahir, sarta dipungkas ku papatah sareng  piwuruk kahirupan pikeun mayunan rumah tanggi. Unggal prosesi miboga makna simbolis anu jero, anu henteu saukur ritual, tapi ogé ngandung falsafah kahirupan anu kudu dicepeng pageuh ku calon pangantén.