DEFINISI
DEFINISI
Wayang mangrupa salah sahiji karya budaya pangheubeulna di Nusantara. Di tatar Sunda, wayang henteu ukur dipaké minangka hiburan, tapi ogé minangka pangajaran moral, etika, sosial, politik, kapercayaan, sarta falsafah hirup. Nepi ka ayeuna, wayang masih jadi identitas budaya Sunda utamana ngaliwatan Wayang Golek. Carita wayang nyaéta rangkaian dongéng atawa carita epik nu dipagelarkeun ngaliwatan boneka wayang. Carita ieu diwariskeun ti generasi ka generasi sarta ngandung ajén:
ajaran kahirupan,
ajaran kabeneran jeung kaadilan,
hubungan manusa jeung alam,
hubungan antara murid jeung guru,
nilai spiritual jeung moral.
Wayang disebut ogé media “tuntunan bari tontonan.”
Ugeran Pupuh
Sirah
Awak
Sampurit
Tuding
Jenis-jenis Wayang di Tatar Sunda
Bentuk boneka kai, bisa digerakkeun ku dalang.
Paling populér di Jawa Barat.
Mintonkeun carita Mahabarata, Ramayana, Panji, jeung carita lokal Sunda.
2. Wayang Kulit Cirebon
Pikeun daerah Indramayu—Cirebon.
Boneka kulit sapi, siluétna kaciri nalika dipintonkeun di tukangeun layar.
3. Wayang Cepak
Boneka wujud “kepala gedé”, khas Cirebon.
Caritana biasana ngeunaan wali-wali jeung ajaran Islam.
4. Wayang Wong (Wayang Orang)
Dipagelarkeun ku jalma beneran maké kostum.
Dipaké dina acara gedé karaton atawa pintonan budaya.
Sumber Carita Wayang Sunda
Carita wayang Sunda asalna ti sababaraha epos:
Ramayana – hanoman, rama, sinta.
Mahabharata – pandawa, kurawa, perang baratayuda.
Carita Panji – ratu jeung pangeran di Jawa.
Carita buhun Sunda – Mundinglaya, Ciung Wanara, Lutung Kasarung.
Carita ieu disundakeun supaya luyu jeung ajén budaya Sunda.
Unsur Wayang
Jejer nyaéta gagasan pokok atawa inti masalah dina carita wayang. Bisa nyaritakeun ngeunaan kabagjaan, peperangan, kasatiaan, kahirupan rumah tangga, nepi ka perjuangan spiritual.
Palaku nyaéta jalma atawa tokoh nu boga peran dina carita. Dina wayang, tokoh dibagi kana sababaraha golongan:
Protagonis: pahlawan, misalna Arjuna, Rama, Gatotkaca.
Antagonis: nu ngalawan pahlawan, misalna Rahwana, Kurawa.
Tritagonis: nu ngabantu jalan carita.
Unggal tokoh boga sipat (watak) anu béda-béda.
Latar ngagambarkeun tempat, waktu, jeung suasana carita.
Contona: Alengka, Amarta, Kuruksetra, jeung séjénna.
Latar ogé ngawangun suasana peperangan, kahariwang, kabungah, jeung drama.
Galur nyaéta runtuyan kajadian dina carita wayang.
Biasana ngawengku:
Pamulaan (perkenalan)
Konflik mimiti
Puncak kajadian
Klimaks
Pangéntasan / penyelesaian
Sudut pandang nyaéta posisi narator dina nyaritakeun carita.
Wayang biasana dicaritakeun ku dalang, anu jadi narator utama, nyarita ngaliwatan sora tokoh jeung nyaritakeun kajadian.
Amanat nyaéta pesen moral anu rék ditepikeun.
Carita wayang mindeng ngajarkeun:
Kasatiaan
Kadeudeuh
Keberanian
Kaadilan
Kaikhlasan
Ngalawan kalakuan goréng
Struktur Carita Wayang
Bagian awal pikeun muka pagelaran. Dalang biasana:
Ngaduakeun rajah
Nyabda ka nu lalajo
Nyiapkeun suasana
Bagian nalika dalang ngawanohkeun latar, tokoh, jeung kaayaan awal carita. Biasana dituturkeun ku sora dalang anu ngajelaskeun situasi awal.
Bagian inti pagelaran, ngawengku:
Dialog antar tokoh
Konflik
Kalakuan pahlawan jeung antagonis
Adegan sedih, lucu, serius, atawa perang
Adegan penting nyaéta:
Jejer
Adegan Limbukan (komedi)
Adegan Gara-gara (bodor, munculna punakawan)
Perang Kembang / perang utama
Bagian anu paling tegang dina carita, biasana perang pangageungna atawa bentrok antara pahlawan jeung musuh utama.
Bagian panutup. Eusina:
Konflik réngsé
Tokoh meunang ajén moral
Kaayaan balik ka normal
Dalang nutup ku doa jeung salam
Fungsi Carita Wayang Jaman Kiwar
Edukasi karakter (jujur, wani, satia)
Kritik sosial (korupsi, ketidakadilan)
Pelestarian budaya
Media hiburan
Pendekatan spiritual dan filsafat
Nilai-nilai Moral Dina Wayang
Silih asah, silih asih, silih asuh
Cinta damai
Hormat ka kolot
Jujur
Adil
Rendah hati
Tanggung jawab
Wani ngabela kabeneran
Peran Dalang
Dalang henteu ukur narrate carita, tapi:
guru moral
pamimpin ritual
komunikator budaya
kritikus sosial
panjaga tradisi
Dalang Sunda kawentar:
Asep Sunandar Sunarya, Dede Amung, Ki Dalang Apep, Dalang Riana.
Warnaning Wayang
Wayang Purwa
Wayang Gedog
Wayang Titi
Wayang Beber
Wayang Klitik
Wayang Krucil
Wayang Wong
Wayang Lilingong
Wayang Suluh
Wayang Golek
Wayang Purwa
Rubahan tina kecap parwa anu hartina mimiti
Biasana nyaritakeun Mahabarata jeung Ramayana
Dianggap wayang (kulit) anu mimiti aya di pulo Jawa
Wayang Gedog
Wayang Gedog kulit nu ngalalakon carita Panji, saperti lalakon Panji Semirang.
Wayang Gelung (golék gelung) nyaritakeun lalakon Mahabarata jeung Ramayana
Wayang Golék Iket (wayang cepak) nyaritakeun lalakon Prabu Damarwulan, Ménakjingga, jsb.
Wayang Titi (Potehi)
Nyaritakeun lalakon ti nagri Tiongkok
Wayang Beber
Lalakonna digambar dina lawon tuluy dibébérkeun
Wayang Klitik
Cara wayang golék tapi leutik
Ditanggapna ti beurang
Wayangna: Jan Pieterszoon Coen, Kapten Tack, jsb
Wayang Klitik
Cara wayang golék kénéh (di Surabaya disebutna wayang klitik)
Anu lalakonna Amirhamjah, Umarmaya, jste
Wayang Wong
Nyaéta wayang jelema, lalakonna tina Mahabarata
Wayang Lilingong
Di Cianjur disebutna wayang klitik
Caritana ngagunakeun tilu bahasa, Sunda, Jawa, jeung Bali.
Lalakonna mupu kembang, jembatan beusi, jsb.
Wayang Suluh
Wayang tina kulit anu nyaritakeun lalakon ngeunaan sajarah Indonesia pikeun panyuluhan.
Tokohna jalma kaayeunakeun
Wayang Golek
Dijieunna tina kai kawas bonéka, réa sumebar di Jawa Barat
Watek Semar: Sederhana, jujur, wijaksana, sabar, banyol, resep tutulung.
Dawala: Someah, cicingeun, cumaritana hade
Cepot: Banyol, polos, satia, wijaksana, gede kawani ngalawan kateuadilan
Gareng: ati-ati, jujur, getol
ISTILAH-ISTILAH KASENIAN
Nayaga : Juru tabeuh gamelan (pemusik).
Sindén : Juru kawih dina pintonan kasenian biasana aya dina celah-celah pawayangan (ngawitan, panengah, ahir).
Penca : Ngaran sarupa seni gerak badan pikeun ngabela diri.
Sisingaan : Atraksi kasenian tradisional urang Sunda anu pidanganganana ku cara merenahkeun budak sapasang luhureun sisingaan (singa jijieunan) anu dibarengan ku opat penari, maké iringan tarompét jeung kendang.
Goong : Salah sahiji waditra takol dina perangkat gamelan pélog, saléndro atawa degung.
Gamelan : Gamelan mangrupa pakakas musik tradisional anu tumuwuh di Daérah Jawa hususna Jawa Barat, gamelan dipaénkeun ku sababaraha jalma gumantung kana pakakas anu dipaké.
Suling : salah sahiji waditra tiup urang Sunda nu disadakeun ku cara ditiup. Ilaharna dijieun tina awi tamiang.
Sakitu baé materi ngeunaan pantun. Hatur nuhun.