DEFINISI
DEFINISI
Wawacan téh salah sahiji karya sastra buhun dina basa Sunda nu ditulis dina wangun pupuh (puisi tradisional) sarta dikawihkeun atawa dibaca maké sora (dilagukeun). Wawacan biasana eusina nyaritakeun carita lila (carita panjang) anu ngandung ajaran, piwulang, jeung nilai-nilai kahirupan.
Wawacan umumna ditulis dina tembang macapat, sarta dibaca dina acara-acara adat, pangajian, atawa hiburan dina jaman baheula. Caritana bisa nyaritakeun ngeunaan kajadian sejarah, mitologi, kahirupan raja-raja, ajaran agama, atawa carita silat jeung percintaan.
Sajarah Asal Muasalna
Nurutkeun sajarahna Wawacan téh asalna ti Jawa (Mataram), asupna
wawacan ka tatar Sunda sabada karajaan-karajaan nu aya di tatar Sunda kaéréh ku Mataram dina abad ka-17 M, bareng jeung basa Jawa ka wilayah Jawa Barat, ku pangaruhna kakawasaan Mataram. Saterusna basa Jawa téh mangrupa basa resmi nu digunakeun ku pamaréntahan mangsa harita, nepikeun ka pertengahan abad ka-19.
Sajarah singkat na wawacan :
* Awal abad ka 17 --- Wawacan teu acan di bukukeun sabab rakyat na can bbisa maca.
* Awal abad ka 19 --- Wawacan mulai di cetak, wawacan di baca satahun sakali dina unggal mulud tanggal 14
* Awal abad ka 20 --- Caritana ngagambarkeun tentang kahirupan rakyat sunda
Struktur
Nilik kana wangunna, wawacan ngabogaan struktur saperti
* Manggalasastra (alofon): eusina neda widi katut muji sukur ti anu nulis ka Nu Maha Kawasa katut solawat ka Kangjeng Rosul;
* Eusi: guluyurna carita ti mimiti nepi ka tamat;
* Bagian panutup (kolofon) eusina titimangsa ditulisna éta wawacan
Ciri-ciri Wawacan
Ditulis dina wangun pupuh (macapat).
Ngagunakeun basa Sunda buhun atawa klasik.
Caritana panjang jeung ngalangkungan sababaraha pupuh.
Aya unsur piwulang atawa ajaran moral.
Biasana dipaké dina kagiatan budaya atawa pangajian.
Jenis Carpon
Wawacan Religi: nyaritakeun ajaran agama (misalna: Wawacan Nabi Musa).
Wawacan Sajarah: nyaritakeun tokoh atawa kajadian sajarah (misalna: Wawacan Bujangga Manik).
Wawacan Fiksi: nyaritakeun carita rekaan nu mibanda unsur kahirupan sapopoe, silat, atawa percintaan (misalna: Wawacan Siti Fatimah).
Unsur Ekstrinsik Wawacan
Cara Ekstrinsik Wawacan
Latar budaya: kabudayaan nu mangaruhan eusi wawacan.
Nilai agama: unsur ajaran agama anu nyelap dina carita.
Nilai moral jeung sosial: kahirupan masarakat jaman harita, aturan, jeung etika.
Biografi pangarang: latar tukang kahirupan pangarang nu ngadukung eusi wawacan.
Conto Wawacan
Wawacan Lutung Kasarung → nyaritakeun lutung anu sabenerna raja anu keur meunang cobaan.
Wawacan Sajarah Galuh → nyaritakeun raja-raja di Karajaan Galuh.
Wawacan Siti Jenar → carita tokoh kontroversial dina ajaran tasawuf Islam.
Wawacan Sangkuriang → carita legenda asal-usul Gunung Tangkuban Parahu.
Catetan Wawacan jeung Pupuh