DEFINISI
DEFINISI
Pupuh téh nyaéta wangun puisi lisan tradisional Sunda (atawa mun di Jawa, katelah ogé macapat) nu tangtu pola (jumlah engang jeung sora) kalimahna. Nalika can pati wanoh kana wangun puisi/sastra modérn, pupuh ilahar dipaké dina ngawangun wawacan atawa danding, luyu jeung watek masing-masing pupuh nu ngawakilan kaayaan kajadian nu keur dicaritakeun. Séjén ti éta, dina istilah karawitan sarua jeung sekar irama merdika nyaéta, wirahma bébas nu kauger ku aturan nu tangtu tur mibanda watek nu ngagambarkeun masing-masing pupuh.
Ugeran Pupuh
Pupuh téh kauger ku wangun jeung eusina. Dumasar wangunana, pupuh téh kauger ku guru wilangan jeung guru lagu. Guru wilangan nyaéta patokan jumlah padalisan dina unggal pada sarta lobana engang dina unggal padalisan, sedengkeun guru lagu nyaéta patokan sora vokal dina tungtung unggal padalisan. Ari patali eusina, pupuh kudu ngagambarkeun sipatna séwang-séwangan, naha patali jeung kabungah, kasedih, atawa heureuy[3]. Rakitan/ugeran pupuh téh biasa dipaké dina karangan-karangan pondok (dangding, guguritan, jeung rumpaka sawér). Lian ti éta, aya ogé nu makée rakitan pupuh dina karangan panjang atawa naratif (wawacan). Maca wacana puisi dina wangun pupuh téh biasana dihariringkeun atawa ditembangkeun[4].
Guru lagu & guru wilangan
Guru wilangan nyaéta jumlah engang (suku kata) dina tiap padalisan (larik).
Guru lagu nyaéta sora vokal tungtung dina tiap padalisan (misal: a, i, u, e, o).
Conto:
Pupuh Kinanti: 6i, 6a, 6i, 6a, 6i, 6a → hartina aya 6 engang dina unggal padalisan, jeung tungtungna i/a selang-seling.
Jenis Pupuh
Aya 17 rupa pupuh anu sok dipaké dina sastra Sunda, boh dina wawacan boh dina pupuh mandiri. Pupuh-pupuh ieu ngandung rasa jeung suasana nu beda-beda, sarta unggal pupuh mibanda guru wilangan jeung guru lagu masing-masing.
Pupuh Sekar Ageung
Pupuh Kinanti – ngagambarkeun parasaan nungguan, atawa deudeupan.
Guru wilangan & lagu:8u,8i,8a,8i,8a,8i. (6 padalisan satiap pada)
Pupuh Asmarandana – Eusina biasana nyaritakeun kanyaah jeung kasmaran.
Guru wilangan & lagu: 8i, 8a, 8e, 8a, 7a, 8u, 8a. (7 padalisan satiap pada)
Pupuh Dangdanggula – Ngagambarkeun kabagjaan jeung kahirupan nu sumanget.
Guru wilangan & lagu: 10i, 10a, 8e, 7u, 9i, 7a, 6u, 8a, 12i, 7a. (10 padalisan satiap pada)
Pupuh Sinom – Rasa anu ditepikeun nyaéta seger, ngora, jeung pinuh harepan.
Guru wilangan & lagu: 8a, 8i, 8a, 8i, 7i, 8u, 7a, 8i, 12a. (10 padalisan satiap pada)
Pupuh Sekar Alit
Pupuh Durma – Dipaké pikeun nyaritakeun hal-hal nu bengis, amarah, atawa peperangan.
Guru wilangan & lagu: 12a, 7i, 6a, 7a, 8i, 5a, 7i. (7 padalisan satiap pada)
Pupuh Gambuh – Watakna tenang tapi neges, mindeng dipaké pikeun hal-hal nu serius.
Guru wilangan & lagu: 7a, 10u, 12i, 8u, 8o. (5 padalisan satiap pada)
Pupuh Juru Demung – Eusi caritana biasana ngajarkeun naséhat.
Guru wilangan & lagu: 8a, 8i, 8a, 8i, 8a,8i (6 padalisan satiap pada)
Pupuh Ladrang – Dipaké pikeun ngajarkeun atawa netelakeun hiji kajadian
Guru wilangan & lagu:10i,4a (2x) 8i,12a (4 padalisan satiap pada)
Pupuh Magatru –Nganjarkeun rasa prihatin atawa kasusah
Guru wilangan & lagu: 12u,8i,8u,8i,8o .(5 padalisan satiap pada)
Pupuh Lambang–Watakna konyol tatapi ngajak mikir Guru wilangan & lagu: 8a,8a,8a,8a (4 padalisan satiap pada)
Pupuh Maskumambang – Watakna sedih jeung layeut, mindeng nyaritakeun kahariwang.
Guru wilangan & lagu: 12i, 6a, 8i, 8a. (4 padalisan satiap pada)
8.. Pupuh Mijil – Biasana eusina ajaran atawa piwulang pikeun kahirupan.
Guru wilangan & lagu: 10i, 6o, 10e, 10i, 6i, 6u. (6 padalisan satiap pada)
9. Pupuh Pangkur – Rasa anu dipancarkeun nyaéta sumanget jeung keteguhan hate.
Guru wilangan & lagu: 8a, 11i, 8u, 7a, 12u, 8a, 8i. (7 padalisan satiap pada)
10. Pupuh Pucung – Mangrupa pupuh nu mindeng dipaké pikeun guyonan atawa sindiran.
Guru wilangan & lagu: 12u,6a,8e,12a. (4 padalisan satiap pada)
11.Pupuh Wirangrong – Nyaéta pupuh pikeun ngagambarkeun kahayang jeung pangharepan.
Guru wilangan & lagu: 8i, 8o, 8u,8i,8a,8a
(6 padalisan satiap pada)
12. Pupuh Balakbak – watakna heureuy atawa konyol
Guru wilangan & lagu: 15e, 15e, 15e. (3 padalisan satiap pada)
13. Pupuh Girisa – Ngagambarkeun rasa teu tenang atawa kahariwang
Guru wilangan & lagu: 8a,8a,8a,8a,8a,8a,8a,8a.(8 padalisan satiap pada)
Cara Ngadamel Pupuh
Unggal pupuh boga aturan sorangan (guru wilangan jeung guru lagu), jeung nu penting deui: watak atawa suasana pupuhna. Pilih pupuh nu cocog jeung eusi atawa perasaan nu rék ditepikeun.
Conto:
Pupuh Kinanti mibanda guru wilangan jeung lagu:
6i, 6a, 6i, 6a, 6i, 6a
Hartina: Unggal padalisan kudu 6 engang (suku kata), Tungtung padalisan kudu saluyu jeung pola lagu: i – a – i – a – i – a
3. Tulis Jejer atawa Gagasan Utama Pupuh
Tuliskeun naon eusi atawa tema nu rék ditepikeun, misalna:
"Kaindahan leuweung", "Kacinta ka indung", jeung "Sedih ditinggal babaturan"
4. Ngumpulkeun Kecap Nu Saluyu Jeung Watak Pupuh
Kecap-kecap ieu engké dipaké pikeun nyusun padalisan. Upamana pikeun pupuh Kinanti ngeunaan cinta, kumpulkeun kecap kawas: asih, haté, leuleuy, sapasang, dll.
5. Nyusun Padalisan Saluyu Jeung Guru Wilangan & Lagu
Tiap padalisan kudu: Jumlah suku kata (engang) saluyu jeung guru wilangan, Akhiran vokal saluyu jeung guru lagu
6. Macakeun Jeung Marios Deui Pupuhna
Pariksa deui:jumlah suku katanya bener?
vokal tungtungna cocog jeung lagu?
eusina nyambung jeung jejer nu dipilih?
7. Nyanggakeun ku Wirahma jeung Intonasi
Upama rék dibawakeun (ditembangkeun), pupuh kudu dilaraskeun jeung wirahma jeung intonasi nu saluyu jeung pupuhna. Ieu bagian tina kasenian, bisa ditembangkeun jeung iringan kacapi suling.
Catetan Pupuh jeung Wawacan