Definisi
Definisi
nyaéta sastra wangun ugeran (puisi) anu teu kauger ku patokan-patokan. Sajak henteu kauger ku masa si bero padalisan (baris, jajaran) dina sapadana, jumlah engang dina unggal pada (bait) atawa sora tungtung dina unggal padalisan (jajaran) upama rék nulis sajak kudu nangtukeun jejer milih kecap nu luyu, jeung maké basa nu singget sarta jelas. Nurutkeun Kamus Umum Basa Sunda, sajak téh asalna tina basa malayu. Ari hartina, guguritan sarupaning sa'ir, tapi sapadana henteu matok opat jajar.
Dina wangun kasusastraan Sunda, Sajak téh kaasup dina katégori Sastra Modéren. Mun mapay lalakon umur tina runtuyan sajarahna, Sajak Sunda geus lumayan kolot umurna téh. Sanggeus sawatara waktu kamerdikaan nagara urang (1946) nepi ka ayeuna, "kitu sotéh mun diukur ti mimiti Kis. Ws. (Kiswa Wiriasasmita) nulis sajak", kitu pisaur Pa Abdullah Mustappa.[3] Aya deui KTS (Kadir Tisna Sudjana) dina sastra Sunda nu nuturkeun nulis ditéma ku polémik, ngeunaan hak hirup sajak, anu harita mah dianggapna injeuman ti deungeun.
GELARNA SAJAK
Sajak (nyaéta sajak bébas téa) gelarna téh béh dieu, dina jaman sanggeus urang merdéka. Éta wangun sajak téh mimitina mah henteu ujug ditarima da pagar lain wangunan sastra Sunda. Padahal kakawihan ogé anu wangunanana mah teu béda ti sajak, geus aya dina sastra Sunda. Sajak Sunda gelar dina sabudeureun taun 1950. Ti taun 1946 kénéh geus aya nu nulis dina wangunan sajak, nyaéta Kis WS..
Sajak téh saméméh dibukukeun jadi kumpulan sajak, sok dimuat heula dina sawatara media massa saperti majalah jeung surat kabar.[5] Sawatara majalah jeung surat kabar basa Sunda anu sok remen ngamuatkeun sajak Sunda téh di antarana: Sipatahunan, Warga, Sunda, Kujang, Kiwari, Sari, Langensari, Hanjuang, Mangle, Galura, Giwangkara,jrrd.
Tawis Sajak
Ngabogaan diksi
Ayana imajinasi atawa daya bayang
Ayana kekecapan nu nyata
Ayana majas atawa ma'na kiasan
Ayana wirahma (naék turun, panjang pondokna nu maca sajak) atawa purwakanti (saruana sora ditungtun kecap)
Karakteristik Sajak
Tema
Imaji (Citraan)
Simbol/Lambang
Suasana
Wirahma
Gaya Basa
Wanda SAJAK
Sajak épik (Fenomena, Lalakon/Kajadian)
Sajak lirik (Ngabrebrehkeun ekspresi eusi haté/pikeun panyajak)
Sajak naratif
Sajak dramatik
Sajak didaktis
Sajak satir
Sajak romansa
Sajak élegi
Sajak ode
Sajak himne
Unsur Lahir Sajak
Imaji : anu karasa, kadéngé, atawa katénjo dina sajak.
Simbul atawa lambang : kekecapan anu digunakeun ku pangarang pikeun ngalambangkeun atawa ngantebkeun maksud sajak.
Musikalitas : tarékah pangarang sangkan sajak nu dikarangna ngandung wirahma.
Suasana : rasa atawa émosi nu diciptakeun ku pangarang dina sajakna.
Gaya basa : gaya pangarang anu mandiri dina ngolah basa pikeun sajakna.
Unsur Batin Sajak
Tema.
Nada : ngangambarkeun sikep panyajak luyu jeung tujuan sajak.
Suasana.
Rasa : sikep jeung perasaan panyajak patali jeung tema.
Amanat.
Ngadamel Sajak
Link Youtube