Nyaéta wacana anu ngajéntrékeun hiji objék sacara mundel. Dina basa Indonésia, karangan pedaran tiasa disebut karangan éksposisi. Pedaran miboga mangpaat pikeun ngalegaan wawasan ngeunaan hiji hal.
1. Bagian bubuka: hal-hal umum perkara eusi pedaran
2. Bagian eusi: objek nu dipedar
3. Bagian panutup: kacindekan sareng saran
1. téhnik idéntifikasi: nerangkeun jeung ciri-ciri hiji perkara
2. téhnik klasifikasi: papasingan hiji perkara
3. téhnik définisi: méré wangenan kana éta perkara atawa barang
4. téhnik prosés: gambaran prosés nyieunna éta barang
Tingkeban nyaéta asalna tina kecap “tingkeb” anu hartina tutup. Maksudna, pamajikan anu nuju ngandung tujuh bulan teu tiasa sapatemon jeung salakina nepi ka opat puluh poé sanggeus ngajuru, sarta teu kénging ngalakukan hal anu beurat sabab kandunganana atos gedé. Éta hal dilaksanakeun supados orok anu aya di jero kandungan jeung anu ngababarkeunna salamet. Tingkeban téh mangrupakeun upacara adat anu penting dina tradisi Sunda. Aya sajarah jeung prak-prakan anu kedah dilakukeun supados prosesina lancar saluyu sareng tujuan jeung maknana.
Jaman baheula, Tingkeban teh asalna ti sahiji carita di masa pamaréntahan Prabu Jayabaya, nyaéta kisah ngeunaan saurang pamajikan anu namina Niken Satingkeb. Dina kisahna, Niken téh atos ngajuru salapan kali, atanapi tina salapan murangkalihna teu aya nu salamet. Ningali hal éta, Jayabaya méré hal-hal anu kedah dilakukeun nyaéta tilu ritual; unggal Rebo jeung Saptu, tabuh 17.00. Aya sarat utama nu kedah dilakukeun, nyaéta duanana kedah getol ibadah ka Hyang Widhi, ngajaga kalakuan bageur, nyucikeun diri di pemandian cai, jeung kedah masihan sesajen bunga setaman jeung kalapa muda gading.
Sanggeus ngalaksanakeun sagala ritualna, paménta Niken jeung lalakina dikabulkeun. Aranjeunana boga anak panjang umur. Tina kajadian éta, urang Jawa ngalaksanakeun éta ritual nalika kakandungan tujuh bulan, sarta kalawan harepan orok jeung indungna salamet. Pikeun ngahargaan ka Niken jeung lalakina, ieu ritual teh disebut "Tingkeban".
Dina prak-prakan tingkeban, hal kahiji anu kudu dilakukeun nyaeta pangajian sasarengan anu biasana maca surat Yusuf, surat Luqman, sareng surat Maryam. Saatos pangajian, pamajikan anu nuju ngandung teh nganggo 7 lembar kain/samping batik tuluy dibawa ku paraji ka hareupeun bumi. Tuluy, pamajikan anu nuju ngandung teh dimandikeun ku cai kembang 7 rupa. Prosesi ieu teh dilakukeun ku 7 urang kulawarga deukuet sareng dipimpin ku paraji. Samping batik teh digentos tiap guyuran. Dina guyuran ka 7, pamajikan anu nuju ngandung teh samping anu dipakena digentos ku kain bodas tuluy salakina ngalebetkeun endog sareng belut ka petuanganna anu maksudna teh supados orok anu bade dibabarkeun teh lancar.
Saatos kitu, salakina nyandak 1 kalapa anu atos disimpen dina gentong. Lamun kalapa anu kaluar teh gambarna Rama, diharepkeun orok anu dibabarkeun teh pameget. Lamun kalapa anu kaluar teh gambarna Sinta, diharepkeun orok anu dibabarkeun teh isteri. Saatos kitu, salakina ngabeulah kalapa gading anu atos digambaran ku Rama sareng Sinta (anu tos dicandak) ku golok. Ieu teh maksudna nyaeta orok anu bade dibabarkeun teh ngagaduhan kalakuan anu sae sareng bageur. Saatos dimandian, pamajikan anu nuju ngandung teh didangdanan tuluy dibawa ka tempat rujak kanistren anu atos disiapkeun. Tuluy, ngajual rujak eta ka semah anu hadir dina upacara tingkeban. Semah teh meserna ngagunakeun talawengkar, nyaeta genteng anu atos dijieun buleud kawas koin. Salakina ngabereskeun parabotan anu atos dipake ka simpang 3 atawa simpang 4.
Gubuk Siraman (kaasup 2 tong, kembang, gayung)
2 buah kalapa gading anu geus diukir ku Rama-Shinta.
Endog kampung
7 lembar kaén batik
Kaén bodas sakirana 3-4 méter
Belut
Golok keur meulah kalapa
Duit keur meuli jeung ngajual rujak
Souvenir keur nyiram (pensil, anduk, kaca spion, sisir, benang, jarum, sabun) aya 7 rupa, bisa dibungkus karanjang jeung dibungkus plastik kado.
Souvenir pikeun anu datang kana pangajian nyaéta buku bacaan (henteu wajib).
Waktu lumangsungna tingkeban biasana kudu diayakeun dina bulan ka 7 tanggal 7, 17 atawa 27 jeung dina jam 07.00 atawa 19.00. Tempat lumangsungna upacara 7 bulan atawa tingkeban dilaksanakeun di jero jeung di luar imah nyaéta di buruan atawadi pipir imah. Di jero imah ngariung tatangga jeung dulur-dulur nu diondang, sedengkeun nu hamil dimandikeun di buruan atawa di tukangeun imah.Di buruan nu hamil nu geus dimandikeun éta ngajual (méré) rujak kanistrén ka barudak.
Tingkeban mangrupa salah sahiji upacara adat ti budaya sunda anu asal mula ayana di jaman pamaréntahan Prabu Jayabaya. Tingkeban miboga proses pikeun prak-prakanna. Seperti nangtukeun tanggal nepika ngajual rujak ka semah.Upacara adat ieu tos jarang ditinggali di sakitaran kusabab majuna jaman. Ku margi kitu, urang sadaya salaku generasi muda zaman kedah terang upacara adat ieu. Tong nepika urang sadaya hilap ka upacara adat ieu kusabab majuna jaman.