Abdi tiasa dipanggil Jelita sareng réréncangan. Lahir kaping 12 Maret 2006, di Bandung. Ti masih kénéh leutik, abdi resep ngagambar. Nincak rumaja, abdi janten resep ka seseratan jeung maca. Abdi resep nyerat surat atawa sajak, ngan teu acan cukup percaya diri pikeun babagi ka réréncangan atawa publik, ehe. Lamun ngagambar mah, abdi atos milu kapanitiaan salaku bagian desain. Abdi ogé resep mikir. Mikiran sagala rupa. Kadang seueur pisan anu dipikiran, abdi janten ruwet sorangan.
Anu kabayang nalika nguping jeung maca kecap “SUNDA” nyaeta Sunda mangrupakan basa anu dianggo ku masarakat Sunda sareng komunitas sakurilingna. Basa Sunda teh tiasa diajarkeun ti tingkat sakola dasar, tapi pikeun abdi basa Sunda teh henteu gampil dilarapkeun dina kahirupan sapopoe. Sahenteuna, abdi tiasa nyarios basa Sunda lemes sakedik. Sanajan kasusah kuring resep diajar basa Sunda bari ngalestarikeun budaya Sunda. Budaya Sunda oge rupa-rupa pisan sarta endah. Aya Tari Jaipong, Wayang Golek, Kuda Renggong, rupa-rupa kaulinan barudah na, jeung lain-lain. Saprak tiheula abdi hoyong mecakan ngibing jaipong nanging jigana ayeuna ngan tiasa nongton pintonan na wae.