Kawih mangrupakeun nyanyanyian Sunda bebas, anu henteu kaikeut kana aturan. Sanajan henteu kaiket kana aturan, kawih miboga unsur seni musik jeung sastra. Kawih tiasa dipake keur saukur ngalagu hungkul.
Anu ngabedakeun kawih, kakawihan, sareng pupuh teh nyaeta lamun Kawih mah mangrupakeun nyanyanyian Sunda bebas anu henteu kaikeut kana aturan jeung tiasa dipake keur ngalagu hungkul. Lamun Kakawihan nyaeta lagu Sunda bebas, ngan tiasa dipake keur kaulinan atawa gawe. Lamun Pupuh nyaeta pola penyusunan syair atawa rumpaka.
Sunda klasik nyaeta kawih anu ngagunakeun 5 nada atawa pentatonik (da, mi, na, ti, la). Sedengkeun anu dimaksud kawih Sunda pop nyaeta kawih anu ngagunakeun 7 nada atawa diatonik (do, re, mi, fa, sol, la, si).
Sampurasun! Nami abdi Ni Made Sekar Jelita Parameswari. Abdi kelas X MIPA 7 absen 23. Di dieu abdi bakal nyanyi kawih ' Basa Sunda' jeung ' Sabilulungan' . Punteun bilih aya kasalahan, hatur nuhun anu atos nyaksikeun!
1. Rasa
Rasa dina kawih Sabilulungan nyaeta rasa syahdu anu nyaritakeun supados urang Sunda ngagemukan rasa duduluran, gotong royong, jeung welas asih.
2. Nada
Nada kawih Sabilulungan nyaeta Laras pelog
3. Tema
Tema dina kawih Sabilulungan nyaeta gotong royong
4. Amanat
Kawih Sabilulungan ngageuing supados sasama urang Sunda ulah berselisih, henteu mementingkeun diri sorangan, sarta paduli ka sasama.