Aksara Sunda kagolong kana aksara silabis, nyaéta saaksara ngalambangkeun saengang. Dasarna, aya opat rupa wangun aksara Sunda, nyaéta aksara swara, angka, aksara ngalagena, jeung rarangkén (pananda sora).
Aksara Swara atawa vokal jumlahna aya 7 siki.
Angka dasar nyaéta ti 0 nepi ka 9.
Aksara ngalagena mangrupakeun konsonan nu binarung vokal /a/. Jumlahna aya 23, anu ngawengku 18 aksara ngalagena Sunda jeung 5 aksara ngalagena serepan.
Rarangkén atawa pananda sora (vokalisasi) jumlahna aya 13.
Tanda baca disebut ogé fungtuasi dipake keur nulis aksara Sunda dina nyusun kalimah atawa alinéa, kabéhanana nulad atawa nurutan ilaharna nu sok dipaké nuliskeun aksara Latén. Di antarana:
Koma ( , )
Peun 'titik' ( , )
Peun-koma ( ; )
Deubeul peun 'titik dua' ( : )
Panyeluk 'tanda seru' ( ! )
Pananya 'tanda tanya' ( ? )
Kekenteng 'tanda kutip' ( " ... " )
Panyambung 'tanda hubung' ( - )
Tanda kurung ( () ), jsb.
Nuliskeun angka puluhan, ratusan, rébuan, jeung saterusna, ditulis ngajajar ka gigir "ti kénca ka katuhu", nurutkeun padika nuliskeun angkar Arab.
Nuliskeun angka nu digédéngkeun jeung aksara swara atawa ngalagena, kudu dihapit ku garis lempeng ( | | ), lantaran antara angka jeung aksara, wangunna aya nu mirip. Conto: 7 Juni 2019
3. Dina aksara Sunda henteu aya huruf kapital (gedé), huruf leutik, jeung huruf sambung.
4. Nuliskeun gelar, boh gelar akademis (Drs., Prof., jsb) boh gelar kaagamaan (H., Pdt., jsb) aya dua cara. Kahiji, gelar akademis atawa kaagamaan tetep ditulis ngagunakeun aksara Sunda. Kadua, gelar akademis atawa kaagamaan ditulis maké aksara Latén. Conto: Nanang S.Pd. Dr. H. Ira
Conto Kalimah Aksara Sunda
Ku Citra, Kang Kopral téh henteu balik ka Syaur.
Diajar Aksara Sunda:
Nami: Ni Made Sekar Jelita Parameswari
TTL: Bandung, 12 Maret 2006
Cita-cita: Psikolog
Materi aksara Sunda mangrupakeun matéri kasukaan abdi. Mikawanoh aksara Sunda ngadamel abdi gumbira. Saban hurupna téh éndah tur unik. Unggal abdi nyerat aksara Sunda, abdi sok usaha nyerat kalawan rapih sarta katembong geulis. Sajaba ti eta, kalawan mempelajari aksara Sunda, abdi ogé tiasa melestarikeun kalawan ngabiasakeun pamakéanana dina kahirupan sapopoé.
Sanaos kadang abdi kirang yakin kalawan ketepatan penulisan abdi, abdi angger bade nyeratna. Abdi ajeng sanggeus materi ieu langkung, abdi bade angger ngemut aksara-aksarana sarta teras makena. Abdi bade teras usaha maké aksara Sunda iraha ogé.