Dina sastra Indonesia, sajak disebut puisi. Dina sastra Sunda, sajak mangrupakeun bagian tina puisi. Sajak nyaéta salasahiji karya sastra Sunda anu diréka dina wangun basa ugeran (puisi). Sajak kaasup kana puisi anyar.
a. Unsur Sajak
Biasana, sajak ditulis dina wangun ungkara konotatif, nyaéta ngungkabkeun harti anu lain sajalantrahna. \
Adegan Lahir
Adegan lahir nyaéta unsur fisik sajak disawang tina wangunna.
Wangun Sajak (Tipografi)
Jumlah pada jeung leutik kapitalna aksara mangaruhan kana wangun sajak.
Pilihan Kecap (Diksi)
Biasana, kecap-kecap dina sajak geus langka dipaké.
Citraan (Imaji)
Citraan nyaéta pangaruh kecap ka nu maca sajak. Aya citraan swara (auditif), citraan panempo (visual), jeung citraan pangragap (taktil).
Gaya Basa (Figuratif)
Gaya basa bisa ngabalukarkeun harti konotatif dina sajak. Dina basa Sunda aya sawatara gaya basa, upamana mijalma, ngasor, kadalon, rarahulan, jst.
Purwakanti
Purwakanti nyaéta padeukeutna sora kecap boh di awal, di tengah, atawa di tungtung ungkara kalimah. Purwakanti aya nu ngajajar (purwakanti rantayan), anu ngaruntuy (purwakanti runtuyan), aya ogé gabungan rantayan jeung runtuyan.
Adegan batin
Adegan batin dina sajak kedah diteuleuman atawa dirasakeun.
Jejer (sense)
Jejer disebut ogé téma, nyaéta gagasan poko anu rék ditepikeun ku panyajak ka nu maca.
Rasa (feeling)
Rasa téh ngajiwaan eusi sajak. Rasa dina eusi sajak bisa kapanggih sabada dibaca.
Wirahma (tone)
Nada mangrupakeun sikep panyajak ka nu maca. Tina sikep panyajak ngabalukarkeun ayana suasana nu karasa ku nu maca.
Amanat (intention)
Amanat téh pesen panyajak anu karasa ku nu maca sajak. Amanat ditangtukeunana téh gumantung nu maca.
b. Wanda Sajak Epik jeung Lirik
Sajak Epik
Sajak ieu sipatna ngalalakonkeun, ngadadarkeun, atawa nyaritakeun. Dina sajak ieu, bakal kanyahoan saha tokohna, naon ketakna, jeung kumaha pamustunganana.
Sajak Lirik
Sajak lirik mah henteu ngalalakon.
c. Parafrase Sajak
Parafrase nyaéta ngarobah wangun karangan atawa nyaritakeun deui eusi karangan kana wangun séjém. Upamana, sajak dicaritakeun deui kana wangun basa lancaran (prosa). Aya dua rupa parafrase:
Parafrase kauger
Nyaéta ngarobah sajak kana basa lancaran ku cara nambahan atawa nyelapkeun kekecapan, nepi ka sajak téh kaharti eusi atawa maksudna.
Parafrase bébas
Nyaéta ngarobah sajak kana basa lancaran maké kekecapan sorangan.
Bentang
Jutaan bentang sumebar di jomantara
Anu hérangna midamel haté huray
Hiji poé kuring bakal nangkep
Kalayan usaha sareng kayakinan
Lamun kalawan lumpat tanpa lirén
Lamun abdi terus ngulurkeun panangan, ngahontal
Sanaos suku teu tiasa ngabantuan deui
Sanaos sagalana ngabentuk retakan
Abdi bakal mendakan bentang
Abdi moal nyerah