Ngaguar Wanda Wawancara
Dumasar ka nu carana, wawancara dibedakeun jadi tilu rupa, nyaeta:
a. Wawancara Mandiri/Individual
Wawancara Individual dipigawe ku saurang pawawancara anu ngayakeun wawancara ka saurang narasumber. Conto: Wartawan mewawancarai narasumber pikeun nulis hiji warta
b. Wawancara Kelompok
Dina wawancara kelompok jumlah pawawancarana lobaan jeung patarosanana rupa-rupa. Conto: Wartawan hiji media TV ngawawancara tokoh politik, artis, dst.
c. Wawancara Konferensi
Wawancara Konferensi hartina wawancara anu ngalibetkeun sawatara narasumber. Conto: talkshow atau kagiatan diskusi publik.
Dumasar kana sipatna, wawancara dibagi jadi dua, nyaeta:
a. Wawancara Kauger
Disebut oge wawancara tertutup. Dina wawancara ieu pawawancara kudu bisa nyekel rusiah rupaning informasi tina hasil wawancara, ti mimiti identitas narasumber tug nepi ka perkara anu ditepikeun ku narasumber.
b. Wawancara Bebas/Terbuka
Nyaeta kagiatan wawancara anu pananyana teu dirumuskeun heula ku pawawancara. Biasana, patarosan anu dibikeun ku pawawancara jeung jawaban ti narasumber bersipat ngadadak. Pawawancara teu kauger kudu ngarusiahkeun identitas narasumber. Pananya teu diwatesan. Jawaban ti narasumber ge bebas teu kawatesan ka nu pilihan jawaban.
Nyusun Kalimah Pananya
Dina kalimah pananya kedah aya konsep 5W + 1H, nyaeta lamun dina basa Sunda mah, saha, kumaha, di mana, iraha, ku naon, naon .
Kaping 28 Januari 2021, urang sadaya ti Kelompok E anu para anggotana nyaeta Aziza Althaaf F. G. (05), Hanif Rasyiq Arif (11), Khairul Hafidz (17), Ni Made Sekar Jelita P. (23), jeung Rizmi Ahmad Raihan (29) ngalakukeun wawancara ka Bapak Bambang Purwanto. Pak Bambang Purwanto mangrupakeun saurang aktivis literasi. Basa ti eta, Pak Bambang oge gaduh taman baca, nyaeta TBM AS Lebak Wangi.
Video: https://youtu.be/aqL4BsawIMU