Aya sababaraha wayang anu kungsi hirup di Indonésia:
1. Wayang Purwa(i)
lalakon dibagi jadi sababaraha parwa (mimiti) nyaéta lalakon Mahabarata jeung Ramayana
2. wayang gedog
wayang kulit nu ngalalakonkeun carita Panji.
3. wayang titi (potéhi)
lalakon ti nagri Tiongkok
4. wayang bébér
lalakonna digambar dina lawon, tuluy dibébérkeun
5. wayang klitik
wayang golék tapi laleutik
6. wayang krucil
cara wayang golék kénéh
7. wayang wong
wayang jelema
8. wayang lilingong
lalakonna mupu kembang, jambatan besi
9. wayang suluh
lalakon ayeuna ngeunaan sajarah Indonesia jeumg pikeun panyuluhan, tokohna jalma kaayeunakeun
10. wayang golék
dijieun tina kai kawas boneka, sumebar di Jawa Barat
gugunungan: nandakeun pergantian babak carita
dalang: saurang anu kadalikeun wayang-wayang
sinden: istri anu nyanyi ngiringan gamelan dina pertunjukkan wayang
Babak kahiji eusina tarian Gatotkaca. Saatos babak kahiji rengse, gugunungan diangkat nandakeun pergantian babak carita.
Babak kadua dieusi ku Cépot atawa Astrajingga.
Di babak katiga, muncul Dawala, adina Cépot. Dawala jeung Cépot ngobrol sasarengan. Diiringi musik jeung nyanyian anu dinyanyikeun sinden. Musik jeung nyanyianana téh tembang-tembang anu aya kaitanana jeung carita. Babak katiga diisi ku perang Pandawa jeung Kurawa. Gatotkaca aya di pihak Pandawa. Pandawa téh aya lima, Yudhistira, Bima, Arjuna, Nakula, jeung Sadewa. Di ahirna, aya dua Kurawa anu ragrag.
Dina babak kaopat, Gatotkaca diudag ku Adipati Karna ti Kurawa. Ku lantaran Gatotkaca téh hesé pisan ditéwakna, Bisma, aki ti Pandawa jeung Kurawa, miwarang Adipati Karna pikeun ngagunakeun Konta. Adipati Karna ahirna ngagunakeun Konta. Konta téh pakarang pusaka sakti pisan anu tiasa maehan Pandawa. Diudaglah si Gatotkaca nepi ka pileuleuyan. Ahirna, Gatotkaca téh katéwak ku konta.
Babak kalima dieusi ku Pandawa anu berduka. Aranjeunana téh satuluyna ngadakeun upacara suci pikeun Gatotkaca.
Carita lengkap ti Jaya Perbangsa tiasa ditongton dina tautan di handap:
Jaya Perbangsa nyaritakeun carita heroik ti Gatotkaca yen dina memperjuangkeun kaleresan, bajoanglah nepi ka ahir sarta tanpa pamrih
Yudhistira atawa Puntadewa mangrupakeun putra pang kolotna di Pandawa. Anjeunana ngagunakeun pakarang anu namina Kalimahosaddha. Yudhistira dipikawanoh sabagai jalmi anu sabar, jujur, adil, jeung ikhlas. Anjeunana ogé mangrupakeun tokoh wayang anu kersa manjarakeun napsu kesabaran kalawan sumerah salira.