TUJUAN PEMBELAJARAN
Memahami pengetahuan (faktual, konseptual, dan prosedural) berdasarkan rasa ingin tahunya tentang ilmu pengetahuan, teknologi, seni, budaya terkait fenomena dan kejadian tampak mata.
Mencoba, mengolah, dan menyaji dalam ranah konkret (menggunakan, mengurai, merangkai, memodifikasi, dan membuat) dan ranah abstrak (menulis, membaca, menghitung, menggambar, dan mengarang) sesuai dengan yang dipelajari di sekolah dan sumber lain yang sama dalam sudut pandang/teori.
KEGIATAN PEMBELAJARAN
Kagiatan Awal
Guru asup ka kelas bari ngucapkeun salam, murid ngajawab salam guru babarengan. Saméméh ngamimitian kagiatan diajar ngajar, guru ngondisikeun heula kelas supaya kaayaan tartib, tenang, jeung diuk dina korsi séwang-séwangan kalawan rapih. Sanggeus katémbong tartib, rapih, jeung saregep, guru nitah KM nyiapkeun kelas. Saterusna guru ngabsén murid bari sakalian mapaykeun nu teu hadir ka murid nu ngarasa deukeut imahna. Bérés ngabsén, guru ngamimitian prosés diajar ngajar.Murid sina ngaluarkeun buku pakét basa Sunda jeung buku catetan murid.
A. Nadomkeun Pupujian
Saméméh ngamimitian prosés diajar ngajar, guru ngawanohkeun heula matéri nu baris diajarkeunana, dijéntrékeun téma katut tujuan nu kudu kahontal ku murid dina Pangajaran 7. Saterusna guru ogé ngawanohkeun subtéma-subtéma lianna anu raket tur ngait kana téma utama pupujian. Guru ngamimitianngawanohkeun heula pupujian “Anak Adam”, murid mimiti tinggerendeng nadomkeun éta pupujian saluyu jeung nu kungsi kareungeu atawa kaalaman nadomkeun di lemburna séwang-séwangan.
Guru nerangkeun yén pupujian “Anak Adam” téh méh aya di unggal wewengkon sarta rumpakana sarua, ngan langgamna nu béda-béda téh. Guru teu kudu maksa murid sangkan maké langgam nu dipikawanoh guru.
Sanggeus murid ramé nadomkeun pupujian “Anak Adam” saluyu jeung langgamna séwang-séwangan, guru mimiti nunjuk salasaurang muridpikeun nadomkeun éta pupujian di hareup, murid séjén sina ngabandungan bari nunggu kagiliran.
Guru nyontoan nadomkeun pupujian “Anak Adam” anu saterusna diturutan ogé ku murid. Murid silegenti ka hareup, guru meunteun kagiatan murid.
B. Nadomkeun Pupujian Babarengan
Guru ngawanohkeun rupa-rupa pupujian, murid ogé nyebutan pupujian nu dipikawanoh di lemburna. Guru nyontoan nembangkeun salasahiji pupujian “Tos Medal Bulan Purnama” beunang sababaraha balikan, murid nurutan nepi ka karasa langgamna teu sumbang.
Guru ngajak sakumna murid nembangkeun pupujian “Tos Medal Bulan Purnama”, murid kalawan daria milu kana kagiatan nadom.
Guru méré tugas ka murid sangkan nyieun kelompok nu jumlahna limaan pikeun nadomkeun éta pupujian di hareup. Sanggeus kabéh baroga kelompok, guru ngamimitian nunjuk perkelompok pikeun nadom di hareup, guru méré peunteun ka unggal kelompok.
Kelompok nu peunteunna pangalusna dipaké conto nadom ka kelas séjén nu baris nampa pangajaran nu sarua.
C. Maham Eusi Pupujian
Guru nitah maca deui dua pupujian nu geus ditembangkeun ti heula, nyaéta pupujian “Anak Adam” jeung “Tos Medal Bulan Purnama” sangkan paham kana eusina. Murid maca éta dua pupujian dina jero haténa.
Guru ngajelaskeun tempat jeung irahana-irahana pupujian dinadomkeun, murid matalikeun pikirinana kana nu kungsi kareungeu nadom pupujian di lingkungan padumukanana.
Guru ngécéskeun papasingan pupujian dumasar kana eusi atawa maksud nu dikandungna, murid matalikeun eusi pupujian “Anak Adam” jeung “Tos Medal Bulan Purnama”.
Murid bisa ngajawab pertanyaan ngeunan pupujian nu aya dina pakét buku “Basa Sunda”, pertanyaanana ieu di handap!
1. Naon téma pupujian “Anak Adam” di luhur téh?
2. Ari pupujian “Tos Medal Bulan Purnama” naon deuih témana?
3. Saha nu dimaksud anak Adam dina pupujian di luhur téh?
4. Amanat naon nu dikandung dina pupujian “Anak Adam” di luhur téh?
5.“Anak Adam paéh anjeun téh nyorangan/cul anak salaki jeung babandaan”. Hég jéntrékeun maksud éta ungkara!
6. Naon anu bakal nyaangan di jero kubur?
7. Naon eusi dina pada katilu pupujian Tos Medal Bulan Purnama?
8. Di mana jeung iraha ditembangkeunana pupujian téh?
9. Nurutkeun eusina, pupujian bisa dipasing-pasing jadi sabaraha bagian?
10. Jelaskeun eusi pupujian Anak Adam nurutkeun pamangih hidep!
Guru ngabahas jawaban murid sakaligus méré peunteun kana jawabanjawaban murid. Tina sapuluh jawaban murid, kira-kira kieu eusina:
1. Témana ngeunaan pati yén sakumna manusa bakal maot.
2. Dibabarkeunana Kangjeng Nabi Muhamad.
3. Urang saréréa, sakumna manusa.
4. Maot téh nyorangan jeung taya nu dibawa.
5. Ninggalkeun naon rupa nu dipikanyaan kaasup babandaan.
6. Maca Qur’an.
7. Nabi Muhamad kénging paréntah husus ti Gusti Alloh.
8. Di masjid jeung madrasah, saméméh solat berjamaah jeung bari nungguan ustad.
9. Jadi opat bagian.
10. Hirup téh kudu bener sabab sakabéh turunan Adam bakal maot, di kubur moal aya nu nulungan kajaba amal soleh jeung tumut kana paréntah agama.
D. Wangun Pupujian
Guru ngécéskeun wangun pupujian, murid ngabandungan bari nyatet sakur nu dianggap penting nu diterangkeun guru.
Murid diajak nganalisis wangun pupujian “Eling-éling Dulur Kabéh” nu aya dina buku pakét murid. Analisina ngawengku jumlah padalisan (jajaran) dina unggal pada (bait), lobana engang (suku kata) dina unggal jajaran, Randegan dumasar kana wirahmana, purwakanti dina engang panungtung unggal jajaran.
Guru jeung murid babarengan nganalisis dumasar kana éta patokan. Jumlah jajaran dina unggal bait pupujian “Eling-éling Dulur Kabéh” nyaéta panjangna aya opat bait, unggal bait diwangun ku opat jajar. Ieu geura di handap!
Eling-eling dulur kabéh
Ibadah ulah campoléh
Beurang peuting ulah weleh
Bisina kaburu paéh
Analisis kadua, lobana engang dina unggal jajaran aya dalapan engang. Murid diajak ngitung jumlah engang, conto dina bait kadua “Elingéling Dulur Kabéh” ieu di handap.
Sabab urang bakal mati(8 engang)
Nyawa dipundut ku Gusti(8 engang) Najan raja nyakrawati (8 engang)
Teu bisa nyingkiran pati (8 engang)
Analisis katilu, randegan tina unggal jajaran nurutkeun wirahmana diwangun ku dua randegan. Ieu geura titénan contona dina bait katilu pupujian “Eling-éling Dulur Kabéh”.
Karasana /keur sakarat
Nyerina / kaliwat-liwat
Kana ibadah / diliwat
Tara ngalakukeun / salat
Analisis kaopat, purwakanti dina engang panungtung dina kecap pamungkas unggal jajaran. Ieu geura titénan analisis dina pada kaopat pupujian “Eling-éling Dulur Kabéh”.di handap.
Kaduhung kaliwat langkung(langkung)
Tara nyembah ka Yang Agung(agung)
Sakarat nyeri kalangkung(kalangkung)
Jasadna teu meunang embung(embung)
E. Ngabandingkeun Pupujian jeung Sajak
Guru ngajak murid nganalisis wangun sajak, terus dibandingkeun jeung wangun pupujian “Eling-éling Dulur Kabéh” nu dina subtéma D di luhur. Murid daria nganalisis babarengan jeung guru.
Sajak nu dipaké babandinganana nyaéta sajak “Lagu Paturay” karya Surachman RM, dianalisis saperti pupujian “Eling-éling dulur Kabéh”. Geura urang cutat sagunduk
LAGU PATURAY/Surachman RM
Soara nyawa kari sakésétan napas biola ngeleperkeun lagu lumayung hideung tengtrem temen anjeun nyangsaya, enung luang ka tukang ngulahék nembongan lila
Guru ngamimitian tina lobana engang dina unggal jajaran, sanggeus dianalisis tétéla teu sarua, ieu contona di handap.
Soara nyawa kari sakésétan napas biola (16 engang) ngeleperkeun lagu lumayung hideung (11 engang) tengtrem temen anjeun nyangsaya, enung (11 engang) luang ka tukang ngulahék némbongan lila (13 engang)
Katémbong tina unggal jajaran henteu sarua, jajaran kahiji aya 16 engang, jajaran kadua 11 engang, jajaran katilu 11 engang, jeung dina jajaran kaopat aya 13 engang. Bandingkeun jeung pupujian “Elingéling dulur Kabéh”.diwangun ku dalapan engang.
Saterusna analisis purwakanti dina unggal jajaran, ieu contona di handap.
Soara nyawa kari sakésétan napas biola(biola) ngeleperkeun lagu lumayung hideung(hideung) tengtrem temen anjeun nyangsaya, enung (enung) luang ka tukang ngulahék nembongan lila(lila)
Guru jeung murid nyindekkeun yén wangun pupujian jeung sajak téh béda sanajan duanana kaasup puisi. Guru ogé nyebutkeun ka murid yén pupujian kaasup puisi kauger, ari sajak kaasup puisi bébas. Lantaran puisi pupujian mah wangunna geus matok, atuh leuwih genah ditembangkeun atawa dinadomkeun, henteu ngan sakadar dibaca.
Akhir Pembelajaran
Guru ngajelaskun ulang materi ngeunaan pupujian.
Guru nanya ka murid aya anu teu kaharti ngeunaan materi anu didugikeun.
Tuluy Guru nutup kagiatan diajar ku Do'a anu dipingpin ku salah sahiji murid.
SUMBER DAN MEDIA PEMBELAJARAN
Sumber dan Media Pembelajaran
Sumber:
Buku Guru Bahasa Sunda Kelas 7
Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 7
Artikel dan referensi terkait Pupujian bahasa sunda
Media:
Youtube : Materi pembelajaran Pupujian bahasa sunda
MATERI PEMBELAJARAN
Berikut Link nya : https://youtu.be/o2KgSMPFghY?si=6FYe-YPnRMBB0fPf