TUJUAN PEMBELAJARAN
Memahami dan mengidentifikasi kaidah, bentuk, struktur teks, dan unsur kebahasaan dalam paguneman tentang menyapa, memperkenalkan diri, berpamitan, meminta izin, mengucapkan terima kasih, dan meminta maaf, serta menanggapinya, sesuai dengan fungsi sosial, struktur teks dan unsur kebahasaan.
Menyusun dan mendemontrasikan teks paguneman tentang menyapa, memperkenalkan diri, berpamitan, meminta izin mengucapkan terima kasih, dan meminta maaf serta menanggapinya dengan memperhatikan fungsi sosial, struktur teks, dan unsur kebahasaan yang benar dan sesuai konteks.
KEGIATAN PEMBELAJARAN
Awal
Saméméh ngamimitian prosés diajar ngajar, guru ngawanohkeun heula matéri nu baris diajarkeunana, dijéntrékeun téma katut tujuan nu kudu kahontal ku murid dina Pangajaran 1. Saterusna guru ogé ngawanohkeun subtéma-subtéma lianna anu raket tur ngait kana téma utama paguneman, ngawengku paguneman sapopoé, tatakrama dina paguneman, molahkeun paguneman dina wangun drama, paguneman dina diskusi, kalimah langsung dina paguneman, miceun tanda kekenteng, nyusun paguneman jadi skenario drama, jeung ngawanohkeun kekecapan atawa istilah dina paguneman. Tina ieu kagiatan dipiharep murid mikawanoh, mikaresep, bisa molahkeun, jeung bisa nulis rupa-rupa paguneman.
Guru ngamimitian ngajarkeun paguneman ku cara ngilukeun sakumna murid pikeun maca jero haté wacana “Indung jeung Anak” dina buku murid nu unina kieu:
“Mah, aya nu badé ditaroskeun,” ceuk Atia.
“Naroskeun naon? Ké, Mamahna capé kénéh,” jawab indungna. Geus biasa, lamun tas nyanyabaan, Atia mah sok tetelepék ngeunaan naon-naon anu katénjo atawa nu kaalaman, boh di perjalanan boh di tempat nu dituju. Harita ogé kakara jol pisan tas piknik ti Maribaya.
“Sok, badé naroskeun naon? Mani bangun daria,” ceuk indungna deui, bari neuteup… bréh budak téh mani ngembang céngék.
“Kieu, Mah...naon margina ari naék mobil sok istri heula, ari lungsur sok pameget heula. Geuning tadi ogé, basa naék angkot, bapa mah ti pengker naékna...lungsurna mah ti payun,” pokna.
“Tah, éta téh salasahiji tatakrama dina naék jeung turun tina mobil.” “Naon ari tatakrama téh, Mah?” Atia nanya deui.
“Tétéh terang! Tatakrama téh aturan sopan santun téa, nya?” omong lanceukna, haget mangjawabkeun.
“Leres. Sakumaha ceuk si Téteh, tatakrama téh mangrupa aturan sopan santun dina hirup kumbuh sapopoé. Tatakrama téh jembar pisan. Lain ngan dina naék-turun mobil baé, dina nyarita, waktu nyémah, dina maké papakéan, waktu dahar, anggah-ungguh awak, ngaliwat ka hareupeun jalma...,” ceuk indungna, ngécéskeun.
Sanggeus tamat macana, guru nunjuk salasaurang murid pikeun ngajelaskeun eusi wacana maké basana sorangan di hareup. Saterusna bagilir dijojoan ku guru, henteu dumasar daftar siswa nu kaunggel dinaabsén, nepi ka dua-tilu urang mah ka hareup.
Murid sina migawé pancén nuliskeun suasana paguneman nu disadiakeun dina jero kurung. Conto soal saperti kieu:
a. “Kunaon mindeng kabeurangan sakola teh?” cek guru rada kerung. Guru: (rada kerung) Kunaon mindeng kabeurangan sakola téh? b. “Macét, Pa…” tembal murid, tungkul bangun rumasa salah.
Murid: Macét, Pa … (tungkul bangun rumasa salah)
Soal-soal ieu di handap sina dipigawé ku murid sarta dipeunteun ku guru.
(1) “Ari badé ngado’a kudu tartib, teu meunang ngobrol,” saur guru bari melong murid nu ngobrol.
Guru: Ari baé ngado’a kudu tartib, teu meunang ngobrol. (melong murid nu ngobrol)
(2) “Can ngalarisan geus breg hujan,” cek tukang dagang, pak pik pek mérésan dagangangna.
Tukang dagang: (pak pik pek mérésan dagangan) Can gé ngalarisan geus breg hujan.
(3) “Tah kai ,mahoni pelak di dieu, jéngjén sisi gawir,” Pa Haji tadahtuduh.
Pa Haji: Tah kai mahoni pelak di dieu, jéngjén sisi gawir. (tadahtuduh)
“Bandung kosong… Bandung kosong…!” cek kenék bari muranténg. Kenék: Bandung kosong… Bandung kosong…! (muranténg).
Salian ti pancén di luhur, guru ogé nugaskeun murid pikeun migawé rupa-rupa latihan anu engkéna bakal dipeunteun sarta peunteunna didituliskeundina daptar peunteun tugas!
Akhir Pembelajaran
Guru ngajelaskun ulang materi ngeunaan paguneman.
Guru nanya ka murid aya anu teu kaharti ngeunaan materi anu didugikeun.
Tuluy Guru nutup kagiatan diajar ku Do'a anu dipingpin ku salah sahiji murid.
MATERI PEMBELAJARAN
PENILAIAN
Penilaian Pengetahuan : Latihan soal : ngerjakeun quiz dina link : https://create.kahoot.it/share/ulangan-harian-paguneman/a0a94ec3-fbfb-4c28-9e69-c4b7ab071409
Penilaian Keterampilan : Praktik meragakeun paguneman jeung babaturan di kelas.
SUMBER DAN MEDIA PEMBELAJARAN
Sumber dan Media Pembelajaran
Sumber:
Buku Guru Bahasa Sunda Kelas 7
Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 7
Artikel dan referensi terkait Paguneman bahasa sunda
Media:
Video praktek paguneman bahasa sunda
VIDEO PEMBELAJARAN