TUJUAN PEMBELAJARAN
Memahami pengetahuan (faktual, konseptual, dan prosedural) berdasarkan rasa ingin tahunya tentang ilmu pengetahuan, teknologi, seni, budaya terkait fenomena dan kejadian tampak mata.
Mencoba, mengolah, dan menyaji dalam ranah konkret (menggunakan, mengurai, merangkai, memodifikasi, dan membuat) dan ranah abstrak (menulis, membaca, menghitung, menggambar, dan mengarang) sesuai dengan yang dipelajari di sekolah dan sumber lain yang sama dalam sudut pandang/teori.
KEGIATAN PEMBELAJARAN
Kagiatan Awal
Guru asup ka kelas ngucapkeun salam, murid ngajawab salam guru babarengan. Upama jam kahiji, saméméh KM nyiapkeun kelas, guru nugaskeun heula mingpin du’a, réngsé ngado’a babarengan kakara KM nyiapkeun kelas. Guru ngondisikeun kelas sangkan teu garandeng, merenahkeun murid sangkan diuk dina korsi kalawan tartib. Sanggeus kelas tartib tur rapih, guru ngabsén murid, nu katohyan teu sakola, guru mapaykeun ka murid nu deukeut imahna pikeun ngayakinkeun naha bener gering, ijin, atawa alpana.
A. Maca Pangalaman Pribadi
Dina subtéma A Maca Pangalaman Pribadi, guru nugaskeun maca karangan beunang Hastian nu eusina pangaresep jeung cita-cita dirina. Saterusna murid dipénta ngajawab sawatara pertanyaan, nepikeun pamanggihna, jeung nuliskeun pangalaman pribadina nu mangrupa pangaresep katut cita-citana dina Pancén 1, Pancén 2, jeung Pancén 3.
Dina Pancén 1, murid sina ngajawab sababaraha soal nu aya patalina jeung karangan pribadi nu geus dibacana. Pertanyaan nu kudu dijawab murid saperti ieu di handap!
Urang mana Hastian téh?
Naon baé kaulinan nu dipikaresepna?
Salian ti kaulinan, resep naon deui Hastian téh?
Naon sababna leuwih resep nguseup lamun tas hujan?
Naon nu jadi cita-cita Hastian téh?
Keur ngawangun konteks, guru ogé bisa ngajukeun pertanyaan nu eusina nataan kaulinan barudak jaman ayeuna.
Pikeun ngahudang pamanggih murid, guru bisa ngajukeun pertanyaanpertanyaan sapertidina Pancén 2 ieu di handap!
Kaulinan naon waé nu kaalaman ku hidep keur leutik?
Naon sababna kaulinan Hastian langka dipilampah barudak ayeuna?
Ari cita-cita Hastian kaasup lumrah atawa henteu cek hidep?
Cik sebutkeun cita-cita hidep sarta béré alesan kana éta cita-cita!
Naon untungna resep ngurek jeung nguseup, padahal belut jeung lauk aya di pasar!
Jawaban-jawaban nu mangrupa pamanggih murid tangtu bakal bédabéda, ku sabab kitu guru teu kudu meunteun mutlak bener salahna, tapi dumasar kana logis jeung henteuna.
Dina Pancén 3, murid dipapancénan ngarang pangalaman pribadi kawas karangan beunang Hastian. Tugasna kieu:
Jieun karangan pangalaman pribadi nu eusina ngawengku pangaresep jeung cita-cita hidep sorangan. Karangan ditulis dina buku tulis catetan basa Sunda paling saeutik satengah kaca!
Karangan murid dipariksa tur dibéré peunteun ku guru. Salian ti kitu, guru ogé bisa nugaskeun murid saurang-saurang ka hareup pikeun nepikeun pangalamanana sacara lisan, bagilir sarta dikoméntaran ku guru utamana soal makéna basa Sunda.
B. Pangalaman nu Ditulis dina Catetan Poéan
Dina subtéma B, Pangalaman nu Ditulis dina Catetan Poéan, murid diwanohkeun heula kana karangan nu asalna tina catetan poéan. Eta karangan sina dibaca babarengan dina jero hate, cukup sabalikan gé. Sanggeus katéwak substansina, murid bakal ngarasa yakin bisa ngarang saperti kitu. Modél dina urusan ngaran munggaran asup sakola, apan éta téh pangalaman anu méh kasorang ku saréréa dina mangsana wawanohan, teu burung so kaya nu ahéng Ieu geura contona:
Senén, 24 Juli 2013
Poé munggaran asup sakola, nu ngabasakeun ka abdi téh rupa-rupa pisan. Aya nu nyebut Nitis, Surti, malah aya nu nyebut Ingkang ogé.Tah, lebah nu pandeuri disebut mah abdi téh asa teu narima, da puguh ngaran Ingkang mah bau-bau ngaran lalaki.Komo éta mah Bu Rohayatin, ari pok téh, “Héy, Rumingkang di bumi alam ...,” cenah.Banyol maksudna mah, teu ieuh asup haté, da kapan sidik ngaran abdi téh NITIS SURTI RUMINGKANG.
Tah, tina wawanohan gé apan jadi narik, padahal sakadar urusan ngaran. Tangtu loba kajadian-kajadian séjénna anu bisa dijieun karangan. Saterusna pikeun ngawangun konteks, guru mere rupa-rupa pancén, boh nu sipatna individual boh panén kelompok.
Pancén ka-1 (individu), guru nugaskeun murid pikeun ngajelaskeun makna nu aya dina ngaranna séwang-séwangan. Conto tugasna saperti kieu:
Sakabéh ngaran tangtu ngabogaan makna, kaasup ngaran hidep aya maknana. Ayeuna hég tuliskeun makna nu dikandung dina ngaran hidep!
Pancén ka-2 (individu), guru nugaskeun ka sakumna murid pikeun ngarang tina pangalaman nu kasorang poé kamari, ti mimiti indit sakola tepi ka balik deui ka imahna. Conto tugasna kieu:
Poé kamari hidep ka sakola, indit isuk-isuk, sadatangna ka sakola terus diajar, terus balik ka imah pabeubeurang. Tah, tina poé éta aya pangalaman nu kasorang, hég tuliskeun jadi hiji karangan! Masih pancén ka-2, guru nugaskeun deui karangan pangalaman nu leuwih jembar. Tugasna saperti ieu di handap!
Cik tuliskeun rupa-rupa pangalaman hidep waktu keur sakola di SD, utamana anu aya patalina jeung kagiatan diajar, boh nu pikaresepeun boh nu henteu pikaresepeun kaasup bisa jadi aya pangalaman nu pikasediheun. Ditulis masing marélé da tangtu masih inget.
Sakabéh tugas-tugas murid dikoréksi ku guru, utamana nyoko dina pamakéan kecap, kalimah, jeung alinéa. Ieu téh pikeun ngagantaran kamapuh murid ngarang dina wangun-wangun karangan lian.
Pancén ka-3 (kelompok),guru némbongkeun hiji gambar, murid sina nyaritakeun éta gambar dumasar kana pangalamanana. Nyaritakeun gambar mangrupa pancén kelompok, ari kelompokna cuku tilu urang.
Pancén 4 (kelompok), dina kagiatan sapopoéna murid tangtu henteu nyorangan, tapi tingalabring jeung baturna, boh di sakola, di lemburna, boh di tempat ulinna. Tina éta kagiatan téh tangtu loba manggihan rupa-rupa kajadian, boh nu katenjona boh nu kaalaman langsung ku maranéhanana. Guru mere tugas kelompok, soalna saperti kieu:
Pék jieun karangan tina pangalaman nu karandapan sapopoé hidep jeunng babaturan! Dipiharep karangan hasil kelompok bakal leuwih alus ti karangan tugas individu. Tugas kelompok ogé dipeunteun ku guru.
C. Nulis Carita Pangalaman
Dina subtéma C Nulis Carita Pangalaman, murid diwanohkeun heula kana karangan nu mangrupa carita pangalaman. Di antarana saperti nu kaunggel dina buku pakét:
“Pa, naon béntenna piknik sareng karyawisata?” ceuk Janglar ka Pa Maman.
“Béda...aya bédana. Piknik mah tujuanana sakadar pikeun sukan-sukan, botram, atawa ngadon hiburan wungkul. Ari
karyawisata mah tujuanana pikeun nambahan pangaweruh, tangtu baé bari sakalian sukan-sukan atawa hiburan, “ waler Pa Maman.
Pa Maman téh guru kuring jaman di SD. Anjeunna kapapancénan ngaping parasiswa karyawisata ka Pangandaran.
“Naha geuning ka Pangandaran, Pa?” Tisna tumanya bangun nu héran.
“Ari kitu?”
“Sumuhun, naha henteu langkung cocog upami ka Peneropongan Bosscha...musieum...” ceuk Tisna.
“Ih, ngahaja milih ka Pangandaran téh. Kahiji, jarakna deukeut. Lamun di jalanna lancar, ti Tasik ka Pangandaran mah dua jam satengah ogé tepi. Jadi di ditu urang leuwih loba waktu...pangpangna mah moal capé teuing di jalan deuih. Atuh kaduana, obyék wisata Pangandaran mah kaitung lengkep sarta loba hubunganana jeung pangajaran. Géografi upamana, engké hidep baris dibéré pancén ku bapa pikeun nalungtik guha alam. Pangajaran basa Sunda, saur Pa Udin maranéh baris dibéré pancén pikeun nalungtik basa dialék Pangandaran.
Pon nya kitu deui pelajaran-pelajaran séjénna. Tah, samulangna ti Pangandaran téh maranéh kudu ngalaporkeun hasilna nu mangrupa karya tulis. Laporanana mah perkelompok baé saluyu jeung pancénna,”saur Pa Maman, ngécéskeun.
Eta karangan téh kakarék tatahar piknik, tapi geus bisa ditulis jadi hiji karangan. Sanggeus éta karangan dibaca ku murid, guru méré ruparupa pancén nu ngawengku Pancén 1 jeug Pancén 2 nu mangrupa tugas utama murid ngajanggélékkeun hiji karangan carita pangalaman.
Pancén ka-1, dibéré heula tugas ngajawab pertanyaan kana wacana geusan mibanda pamahaman ka anu dibacana. Pertanyaanana kieu:
Naon bédana piknik jeung karyawisata téh?
Naon sababna milih obyék wisata Pangandaran?
Ari nalungtik guha alam aya hubungan jeung pelajaran naon?
Pancén naon anu kudu dijieun ku murid samulangna ti Pangandaran téh?
Dina éta wacana kasebut majar barudak sarugemaeun, naon sababna?
Pikeun ngawangun kontes, guru ogé bisa ngeuyeuban pertanyaan saperti kieu:
Pék caritakeun deui éta karangan pangalaman téh make basa hidep sorangan!
Pancén ka-2, murid ngarang carita pangalamanana sorangan ngeunaan hiji obyek nu kungsi kasabaan ku dirina. Tugasna kieu:
Hég tuliskeun pangalaman hidep ngadongdon hiji obyék wisata, tuliskeun aya naon waé, naon nu dipikaaresepna, naon mangpaatna, jeung naon alesanana pangna ngajugjug ka éta obyek wisata.
Karangan dikoréksi jeung dipeunteun ku guru. Karangan murid nu dianggap pangalusna sina dibaca di hareup sangkan jadi pangjurung ku murid-murid lianna.
D. Ngabandingkeun Pangalaman Pribadi jeung Catetan Poéan
Dina bagian D Ngabandingkeun Pangalaman Pribadi jeung Catetan Poéan, guru nerangkeun ieu pedaran tepi ka ngahudang rasa pangjurung murid pikeun ngabiasakeun nyatet rupa-rupa kajadian sapopoé nu dianggap ngirut haté atawa pikiranana. Murid bisa ngabedakeun mana catetan poéan, mana pangalaman pribadi, tur leuwih jembarna deui paham kana tulisan nu disebut biografi .
Guru nerangkeun ku cara ngabandingkeun éta tilu karangan maké diagram saperti ieu di handap!
Catetan Poéan ……> Pangalaman ……….> Biografi
Guru nugaskeun murid pikeun nulis catetan poéan, terus éta catetan poéan téh dijieun carita pangalaman, saterusna dijieun biografi singget.
Pikeun maham kana éta babandingan, dibéré kagiatan ngajawab pertanyaan tina bahan ieu di handap!
Sabenerna antara catetan sapopoé jeung carita pangalaman téh dina hakékatna mah méh taya bédana, da kapan duanana ogé mangrupa catetan kajadian anu karandapan ku urang sorangan. Ngan pédah, minangka bédana téh, catetan sapopoé mah dumasar kana pangalaman anu saméméhna henteu direncanakeun sarta nu ditulisna hal-hal anu dianggap pentingna wungkul.Jadi, tangtuna ogé, catetan sapopoé mah leuwih singget.Pon kitu deui, sok sanajan disebutna catetan sapopoé, lain hartina kudu unggal poé sakur kajadian dicatet.Anu dicatet téh hal-hal anu ngirut sarta dianggap penting baé.
Tah, carita pangalaman mah ditulisna leuwih lengkep ti batan catetan sapopoé. Biasana sok geus dirancang ti anggalna. Hég titénan deui nu ditulis ku Nitis Surti Rumingkang, karasa ngaguluyur, henteu ngan dijojoan nu dianggap penting wungkul.Eusina nyaritakeun pangalaman pribadi nu nulisna waktu mimiti asup ka SMP ti mimiti soal baju seragam, boga babaturan anyar tepi ka soal silihlandi di kelas.
Tina éta pedaran atuh bisa dicindekeun yén catetan poéan (diary) téh bisa dijieun bahan pikeun karangan pangalaman pribadi. Karangan pangalaman mah tangtu diropéa tur dipapantes sangkan leuwih narik, lain ngan sakadar bagalna wungkul. Tina pangalaman pribadi, bisa dimekarkeun deui jadi riwayat hirup (biografi ).Tah, biografi mah leuwih lengkep deui, diwincik ti mimiti lahir tepi ka ayeuna.
Conto pertanyaanana saperti kieu:
(1) Terangkeun bédana catetan poéan jeung carita pangalaman!
(2) Terangkeun ogé bédana carita pangalaman jeung biografi !
(3) Naon baé anu kudu dicatet dina catetan poéan?
(4) Ari nulis carita pangalaman tina catetan poéan kudu dikumahakeun?
4.
Guru méré tugas kelompok anggotana opat urang siswa pikeun nyusun ringkesan buku biografi. Tugasna kieu:
Baca buku biografi saurang tokoh saperti seniman, olahragawan, ilmuwan, atawa pejuang. Jieun ringkesanana!
Guru mariksa hasil pagawean kelompok ku cara nilik substansi biografi tokoh nu ditulis ku siswa.
E. Padika Nyusun Pangalaman
Dina bagian F Padika Nyusun Paangalaman, guru ngawanohkeun lengkah-lengkah ngarang carita pangalaman anu praktis tur gampang kahartina ku murid.Contona saperti kieu:
Conto rangkay karangan tina pangalaman kémping.
(1) Pangalaman méméh indit. (Caritakeun persiapanana, kajadiankajadian anu kaalaman saméméh indit.)
(2) Pangalaman di perjalanan. (Caritakeun sakur nu karandapan di perjalanan.)
(3) Pangalaman prakna kémping di tempat anu dituju. (Caritakeun kagiatan-kagiatanana, hal nu pikaresepeun, pikalucueun, pikasediheun, pikareuwaseun, jst.)
(4) Pangalaman waktu mulang. (Ieu ogé caritakeun sakur nu karandapan ku hidep.)
Ku cara dijieun heula rangkayna, dina prakna nulis téh moal rundagrandeg teuing sarta hasilna bakal marélé. Rangkay karangan téh pohara ngabantuna, komo keur nu diajar ngarang mah.
2.
Tina lengkah-lengkah ngarang No.1 guru ngamimitian ngalarapkeun éta léngkah ngarang ku cara dipétél hiji-hiji. Ari obyék karanganana, guru ngasongkeun sababarha pilihan, obyék-obyék sakirana kungsi kasaba ku murid, contona waé: (1) Pangalaman Karyawisata ka Palabuanratu, (2) Pangalaman Karyawisata ka Tangkubanparahu, jeung (3) Pangalaman Karyawisata ka Pangandaran. Upamana waé murid milih no (2)
Pangalaman Karyawisata ka Tangkubanparahu
Pancén 1
Pangalaman méméh indit
………………………………………………………………………
………………………………………………………………………
…………………………………………………………………...........
(tuliskeun sakur nu kaalaman, kasup suasana haté/pikiran waktu harita)
Pancén 2
Pangalaman di perjalanan
………………………………………………………………………
………………………………………………………………………
………………………………………………………………………
………………………………………………………………………
(tuliskeun sakur nu karandapan jeung gambarkeun suasana di perjalanan)
Pancén 3
Pangalaman di obyék wisata Tangkubanparahu
………………………………………………………………………
………………………………………………………………………
……………………………………………………………………… ………………………………………………………………………...
(tuliskeun rupa-rupa nu kasorang di éta obyék wisata)
Pancén 4
Pangalaman waktu mulang
………………………………………………………………………
………………………………………………………………………
……………………………………………………………………… …………………………………………………………………….......
(tuliskeun pangalaman jeung suasana nu karandapan waktu mulang)
3.
Karangan-karangan murid dina No. 2 dipeunteun unggal bagian sarta dikoméntaran ku guru. Saterusna éta karangan anu misah-misah téh dititah dihijikeun (disambungkeun) jadi karangan anu gembleng.
F. Ngalarapkeun Kecap
Dina bagian F Ngalarapkeun Kecap, murid sina maca wacana bari niténan kecap-kecap nu teu dipikahartina. Guru nerangkeun harti kecap beunang niténan murid, guru ogé ngécéskeun kecap-kecap nu hartina ngalegaan jeung ngaheureutan.
Guru ngébréhkeun kecap-kecap nu hartina ngalegaan, jeung kecapkecap nu hartina ngaheureutan, ieu contona:
Kecap nu ngalegaan:aa, emang, bibi, akang,jeung dunya.
Kecap nu ngaheureutan: sarjana, motor, kitab, gorombolan, jeung oknum. Eta kecap-kecap dijelaskeun ku guru pangna ngalegaan jeung ngaheureutan.
Dina bagian ieu, murid sina ngalengkepan kalimah ku cara milih kecap-kecap nu aya dina bagian 2 di luhur.
(1) Aya bibi nu ngasuh pun adi mah.
(2) Ari emang balanja ti pasar mana?
(3) Diheupheup téh si aa mah kalah maju.
(4) Dupi akang linggih di mana?
(5) Batur mah nyiar dunya téh bélaan teu saré.
(6) Calon anggota DPR téh nyumbang kitab ka pasantrén.
(7) Jalan téh macét ku motor, mani rabeng jiga siraru.
(8) Sanggeus jadi sarjana manéhna jarang balik ka lembur.
(9) Aya oknum nu teu tanggungjawab di kantor téh.
(10) Pun bapa mah lahir jaman keur genting gorombolan.
G. Ngalarapkeun Babasan
Saméméh nincak kana ngalarapkeun babasan dina omongan atawa kalimah, guru ngécéskeun heula perkara babasan saperti nu kaunggel dina buku murid. Saterusna guru ngajukeun pertanyaan lisan, pertanyaanana saperti kieu:
- Cik saha nu apal, salian ti babasan nu aya dina buku, babasan naon deui?
- Naon harti babasan gedé hulu, panjang leungeun, jeung tiis leungeun?
Guru ngajelaskeun yén babasan téh lain ngan sakadar apalkeuneun, tapi kudu dilarapkeun dina omongan atawa kalimah.Guru méré tugas ka murid pikeun ngeusian kalimah ku cara milih babasan anu cocog dina buku murid.
(1) Lantaran telat, atuh ngégél curuk datang ka ditu téh.
(2) Budak téh ipis biwir diheureuyan sakitu waé ceurik.
(3) Abong boga motor anyar, manigedé huluteu nanya.
(4) Ngadéngé béja babaturnana maot, méh sakelas hujan cipanon.
(5) Nu rumasa amis daging mah sing ati-ati ulah tepi ka kakeureut.
(6) Sing tarapti barang teundeun téh bisi aya jelema panjang leungeun .
(7) Angger sok kabitaan ku dahareun nu aya di batur, dasar laér gado.
(8) Bubuhan tiis leungeun, melak naon-melak naon téh teu weléh jadi waé.
(9) Dasar jelema kandel kulit beungeut, sakitu geus meunang bagian, masih ménta kénéh.
(10) Tabungkeun atuh ari boga duit téh ari rumasa lésang kuras mah.
Dina kagiatan ka-3, murid sina ngahartikeun babasan ku cara néangan sumber tina buku séjén, boh tina kamus boh tina buku kumpulan babasan atawa nanyakeun ka jalma nu dianggap bisa di padumukanana séwang-séwangan.
(1) buntut kasiran = korét
(2) élmu sapi = samiuk kana kagoréngan
(3) hampang birit = daékan
(4) heuras létah = omonganana sugal
(5) indit sirib = indit saréréa
(6) katuliskeun jurig = asalna tina heureuy jadi enyaan
(7) pucuk awian = teu panceg pikiran
(8) jelema pasagi = loba kaboga jeung kabisana
(9) gurat cai = cidra kana jangji
(10) élmu tumbila = pribumi ngarugikeun sémah
H. Ngalarapkeun Kapamalian
Dina bagian H Ngalarapkeun Kapamalian, guru nerangkeun heula perkara kapamalian, murid diajak nyurahan makna dina éta kapamalian. Aya kapamalian nu kaharti ku akal, aya ogé nu teu karampa ku akal.
Murid dibéré tugas nuliskeun kapamalian nu kapanggih di sabudeureun padumukanana. Conto tugasna kieu:
Tuliskeun kapamalian nu kapanggih di sabudeureun padumukan hidep!
Kapamalian beunang murid saterusna dibahas babarengan di kelas.
Panutup
Guru méré pamahaman ka murid yén basa Sunda téh kaasup banda budaya nu kawilang beunghar. Loba istilah-istilah anu geus aya ngaranna, teu kudu nguyang ti basa séjén. Komo deui ngeunaan pangalaman pribadi.
Guru ngajelaskun ulang materi ngeunaan pangalaman pribadi.
Guru nanya ka murid aya anu teu kaharti ngeunaan materi anu didugikeun.
Tuluy Guru nutup kagiatan diajar ku Do'a anu dipingpin ku salah sahiji murid.
MATERI PEMBELAJARAN