TUJUAN PEMBELAJARAN
Memahami dan mengidentifikasi kaidah, bentuk, struktur teks, dan unsur kebahasaan dalam kaulinan barudak tentang menyapa, memperkenalkan diri, berpamitan, meminta izin, mengucapkan terima kasih, dan meminta maaf, serta menanggapinya, sesuai dengan fungsi sosial, struktur teks dan unsur kebahasaan.
KEGIATAN PEMBELAJARAN
Kegiatan Awal
Guru asup ka kelas ngucapkeun salam, murid ngajawab salam guru babarengan. Upama jam kahiji, saméméh KM nyiapkeun kelas, guru nugaskeun heula mingpin du’a, réngsé ngadu’a babarengan kakara KM nyiapkeun kelas. Guru ngondisikeun kelas sangkan teu garandeng, merenahkeun murid sangkan diuk dina korsi kalawan tartib. Sanggeus kelas tartib tur rapih, guru ngabsén murid, nu katohyan teu sakola, guru mapaykeun ka murid nu deukeut imahna pikeun ngayakinkeun naha bener gering, ijin, atawa alpana.
Kagiatan Diajar
Saméméh ngamimitian prosés diajar ngajar, guru ngawanohkeun heula matéri nu baris diajarkeunana, dijéntrékeun téma katut tujuan nu kudu kahontal ku murid dina Pangajaran 4. Saterusna guru ogé ngawanohkeun subtéma-subtéma lianna anu raket tur ngait kana téma utama kaulinan barudak, ngawengku maca jero haté wacana “Medar Langlayangan, Péclé, jeung Ngadu Kaléci”, Maca Skénario Kakawihan dina Kaulinan, Medar Oray-orayan, Nembangkeun Kakawihan, jeungNgawanohkeun Kekecapan.Tina ieu kagiatan dipiharep murid mikawanoh, mikaresep, jeung bisa molahkeun kaulinan.
Guru méré pancén maca dina jero haté bacaan “Medar Langlayangan, Péclé, jeung Ngadu Kaléci”. Sabada bérés macana, guru nugaskeun murid nyaritakeun eusi bacaan nu dibacana, ka hareup bagilir saurang-saurang. Ieu kagiatan pikeun nguji kamampuan murid néwak eusi bacaan jeung pikeun nguji pamahaman murid kana wacana kaulinan. Pancén lisanna saperti kieu: Pék caritakeun deui eusi wacana nu bieu dibaca maké basa hidep sorangan! Guru ngoréksi basa Sunda nu dikedalkeun murid, utamana kekecapan nu sok paselup jeung basa Indonésia.
Sanggeus guru ngajelaskeun perkara kaulinan jeung istilah-istilahna nu kaunggel dina wacana, murid sina matalikeun pikiranana kana ruparupa kaulinan nu aya di lemburna kiwari.
Panutup
Guru méré pamahaman ka murid yén basa Sunda téh kaasup banda budaya nu kawilang beunghar. Loba istilah-istilah anu geus aya ngaranna, teu kudu nguyang ti basa séjén. Komo deui ngeunaan kaulinan anu sok dipaenkeun ku barudak.
Guru ngajelaskun ulang materi ngeunaan kaulinan barudak.
Guru nanya ka murid aya anu teu kaharti ngeunaan materi anu didugikeun.
Tuluy Guru nutup kagiatan diajar ku Do'a anu dipingpin ku salah sahiji murid.
MATERI PEMBELAJARAN
VIDEO PEMBELAJARAN
SUMBER DAN MEDIA PEMBELAJARAN
SUMBER
Buku Guru Bahasa Sunda Kelas 7
Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 7
Artikel dan referensi materi terkait Kaulinan Barudak
MEDIA
Youtube : conto kaulinan barudak (Pecle)