TUJUAN PEMBELAJARAN
Memahami dan mengapresiasi sastra lisan sunda dalam bentuk dongeng
Memahami kaidah penyusunan karangan bahasan sederhana
KEGIATAN PEMBELAJARAN
Kagiatan Awal
Guru asup ka kelas bari ngucapkeun salam, murid ngajawab salam guru babarengan. Saméméh ngamimitian kagiatan diajar ngajar, guru ngondisikeun heula kelas supaya kaayaan tartib, tenang, jeung diuk dina korsi sewang-séwangan kalawan rapih. Sanggeus katémbong tartib, rapih, jeung saregep, guru nitah murid mingpin du’a. Saterusna guru ngabsén murid bari sakalian nyiar raratan nu teu hadir ka murid nu ngarasa deukeut imahna. Bérés ngabsén, guru ngamimitian prosés diajar ngajar.
Kagiatan Diajar
Guru ngamimitian nyaritakeun dongéng ku cara ngajukeun pertanyaan lisan, upamana wae, hidep apal naon nu disebut dongéng? Murid ngajawab pananya guru, murid lianna milu ngoméntaran atawa ngajukeun pamanggihna ngeunaan dongéng.
Kagiatan kadua, guru nitah murid muka buku pakét basa Sunda, macadina jero haté dongéng “Ajag Nangtang Jelema” meunang sabalikan. Guru niténan ka sakabéh murid bisi aya nu teu daria macana.
Guru ngajukeun pananya, pikeun nguji pamahaman murid.
Pertanyaanana saperti kieu: Bagian mana nu jadi unsur pamohalan dina éta dongéng?
Jawaban murid bisa kieu: (1) peucang teu langsung ditekuk ku ajag padahal peucang teu walakaya, (2) peucang ngobrol jeung ajag, (3) peucang loba akalna, jeung (4) ajag daék dibobodo ku peucang. Kabéh jawaban murid bener, saterusna guru nerangkeun yén unsur pamohalan dina dongéng téh nyaéta sakur nu teu kaharti ku akal.
Léngkah kaopat guru nunjuk murid ka hareup nitah ngadongéngkeun deui “Ajag Nangtang Jelema” maké basana sorangan. Guru ngaping dongéng murid, utamana dina milih kekecapan atawa kalimah anu kurang merenah. Murid nu kagiliran ka hareup teu kawatesanan jumlahna, diluyukeun jeung waktu.
Dina léngkah kalmia guru méré tugas individu nganalisis sacara instrinsik éta dongéng, nyaéta ngeunaan:
(1) palaku;
(2) téma;
(3) latar;
(4) amanat; jeung
(5) alur carita.
B. Medar Dongéng
Guru ngajelaskeun perkara ajén-ajén atikan nu aya dina dongéng, murid ngaregepkeun kalawan daria. Guru ogé ngécéskeun perkara pieunteungeun jeung picontoeun nu kapanggih dina dongéng. Pikeun nguji pamahaman murid, dibéré soal lisan kieu:
Naon ari pieunteungeun jeung picontoeun téh? Pék jéntrékeun!
Jawaban murid nyaéta pieunteungeun laku lampah anu tong ditiru, ari picontoeun mah laku lampah anu perlu ditiru.
Guru méré kasempetan ka murid pikeun ngajukeun pertanyaan perkara pedaran dongéng. Pertanyaan murid sina dijawab ku baturna di kelas, guru ngoméntaran sakur jawaban murid. Guru ogé pertanyaan murid bari henteu langsung nyalahkeun kana rupa-rupa jawaban murid lianna.
Guru nitah nganalisis dongéng “Ajag Nangtang Jelema”, murid bisa néwak ajén atikan anu nyampak dina éta dongéng.Murid bisa ngajéntrékeun éta ajén atikan saperti kieu, “Dina dongéng Ajag Nangtang Jelema, kapendak ajén atikanana téh nyaéta nu sombong jeung asa aing panggahana ahirna mah jadi cilaka, digambarkeun ku tokoh ajag”.
Guru méré pancén ka murid pikeun néangan dongéng séjén boh tina sumber bacaan (buku kumpulan dongéng) boh beunang tatanya atawa ngarékam langsung tis umber lisan. Dongéng beunang sina dibaca terus diringkes jalan caritana, hasil ringkesan dongéng beunang murid dikumpulkeun sarta dipeunteun ku guru.
Guru méré pancén pikeun ngadongéng di hareup, bagilir, heula pandeurina henteu dumasar absén, tapi dumasar kana kasayagian murid sorangan. Ari dongéngna nyaéta dongéng beunang néangan murid téa.
C. Babagian Dongéng
Dina subtéma C Babagian Dongéng, guru nitah murid pikeung ngabanding-banding dongéng anu beunang néangan murid. Sanggeus kitu guru ngajelaskeun naon-naon anu ngabédakeunana.
Guru ngajelaskeun perkara babagian dongéng dumasar kana eusi jeung palakuna anu beunang ngumpulkeun murid téa. Murid ngabandungan kalawan saregep dina mangsana guru medar eusi dongéng beunang murid.
Guru nyindekkeun babagian dongéng dumasar kana eusi jeung palakuna nu ngawengku, (1) ) fabél, dongéng nu nyaritakeun kahirupan sastoan,
(2) parabél, dongéng nu nyaritakeun kahirupan jalma biasa, (3) légenda, dongéng nu nyaritakeun asal-usul kajadian tempat, barang, sasatoan, jeung tutuwuhan, (4) mite, dongéng anu nyaritakeun mahluk ciciptaan bangsaning jurig jeung siluman, (5) sagé, dongéng anu nyaritakeun jelema atawa kajadian nu ngandung unsur sajarah, osok ogé disebut dongéng babad.
Sanggeus guru nerangkeun ngeunaan babagian dongéng sarta murid nyatet hal-hal nu dianggap penting tina nu diterangkeun guru, guru mérélolongkrang ka murid pikeun ngajukeun pananya.
D. Maca Dongéng Si Kabayan
Dina subtéma D Maca Dongéng Si Kabayan, murid disina muka buku pakét babarengan dina pangajaran ka-5. Terus sina maca dongéng “Si Kabayan Marak” nu aya dina éta jeung katéwak pikeun ngabédakeun jeung tokoh dongéng saperti Sangkuriang anu karasana leuwih daria.
Sanggeus murid réngsé macana, guru méré pancén sangkan ngadéskripsikeun karakter tokoh Si Kabayan nurutkeun sawangan/ pamanggih murid. Pancénna saperti kieu:
Cing ku hidep gambarkeun kumaha watek Si Kabayan dina éta dongéng téh!
Jawaban siswa bisa rupa-rupa, di antarana: Si Kabayan téh tokoh lucu, bodo, ngedul, kalékéd, jail, loba akalna, tukang heureuy, pinter, licik,jst.). Murid bébas ngaéksprésikeun pamanggihna. Nu jadi patokan guru nyaéta kadariaan murid dina maca, dina harti ku ayana murid méré pamanggih téh hartina maranéhna geus maca kalawan daria.
Kagiatan saterusna, guru méré pancén pikeun nuliskeun ringkesan dongéng Si Kabayan maké basana sorangan. Hasil
pagawéan murid dipariksa ku guru.
Guru méré pancén pikeun ngadongéng “Si Kabayan Marak” di hareup, bagilir, heula pandeurina henteu dumasar absén, tapi dumasar kana kasayagian murid sorangan.
Guru méré lolongkrang ka murid pikeun nepikeun rupa-rupa pananya. Pertanyaan murid dijadikeun bahan diskusi di kelas, ti murid dijawab ku murid deui. Guru ngalelempeng maksud pertanyaan murid jeung menerkeun jawaban-jawabanana. Boh pertanyaan boh jawaban murid ngagambarkeun pamahaman kana dongéng nu geus dibacana.
E. Tokoh Dongéng Siga Si Kabayan
Dina ieu kagiatan, guru medar perkara dongéng-dongéng Si Kabayan dina téma nu rupa-rupa. Maksudna, dongéng Si Kabayan téh kaasup dongéng serial, témana variatif. Guru ogé nyebutan sababaraha judul dongéng Si Kabayan, saperti “Si Kabayan Ngala Tutut”, Si Kabayan Ngala Nangka”, “Si Kabayan Ngadeupaan Lincar”, “Si Kabayan Moro Uncal”, jeung saterusna.
Guru ngajéntrékeun yén tokoh dongéng Si Kabayan téh fi ktif, taya dikieuna tapi kawilang dipikaresep ku masarakat. Salasahiji cirina dongéng Si Kabayan tepi ka kiwari masih hirup di masarakat. Dina ieu kasempetan murid dibéré lolongkrang pikeun tumanya Kagiatan saterusna guru ngantebkeun pamanggih murid ngeunaan karakter Si Kabayan nu kagambar dina dongéng “Si Kabayan Marak”. Si Kabayan téh tokoh lucu, mahiwal (teu parok jeung batur), tapi pinter sarta kapinteranana terkadang bisa ngéléhkeun batur. Dina “Si Kabayan Marakat” ébréh saperti dina ieu cutatan: , “...néwak nilem keur sémah, meunang tawés gedé keur sémah. Meunang kancra, kasedepna. Ari keur urang nu bobolokotna, ngan ukur beunteur jeung bogo”. Ku cara gegeringan bari nyebutkeun yén lauk téh aya racunan nepi ka lauk beunang marak téh diborolokeun deui ka cai.
Guru ngajelaskeun ogé ajén-ajén atikan anu nyampak dina dongéng saperti ajén kacerdasan, ajén moral, jeung ngandung pieunteungeun.
Murid ngabandungan bari nyatet pangjéntré guru.
F. Maca Dongéng Sunan Gunung Jati
Guru nyabit deui dongéng Si Kabayan saméméh ngamimitian maca dongéng “Sunan Gunung Jati”. Saterusna murid sina muka buku pakét nu aya dongéng “Sunan Gunung Jati”, guru ngécéskeun yén Si Kabayan jeung Sunan Gunung Jati papada tokoh jelema, ngan bédana Si Kabayan mah tokoh fi ktif, ari Sunan Gunung Jati tokoh nyata.
Guru nitah maca dongéng Sunan Gunung Jati, murid maca kalawan daria. Tina ieu pancén dipiharep murid meunang pamahaman kana eusi, jalan caritana.
Sanggeus dongéng dibaca, Guru méré tugas ngaringkes ieu dongéng tur hasilna dipeunteun ku guru. Dina hasil pagawéan murid, guru méré catetan-catetan ngeunaan kakuranganana, upamana waé: ringkesan teu lengkep, henteu ngaguluyur, jst.
Léngkah kaopat guru nunjuk murid ka hareup nitah ngadongéngkeun deui Sunan Gunung Jati maké basana sorangan. Guru ngaping dongéng murid, utamana dina milih kekecapan atawa kalimah anu kurang merenah. Murid nu kagiliran ka hareup teu kawatesanan jumlahna, diluyukeun jeung waktu.
Dina kagiatan ka-5, guru méré pancén nyatetkeun kekecapan anu teu dipkaharti ku murid sarta bagian tina diajar néangan harti tina kamus. Ku lantaran kitu, murid ogé ditugaskeun pikeun muka kamus bari dibéré pituduh-pituduh praktis.
G. Kajembaran Basa
Guru ngawanohkeun istilah patukangan anu mindeng kapanggih dina dongéng, dipiharep murid bisa matalikeun pikiran kana harti éta istilah, upamana waé istilah paninggaran (tukang moro), pikiran murid diajak ngabayangkeun yén baheula mah leuweung-leuweung téh masih loba sasatoan boroan.
Guru méré pancén nuliskeun istilah patukangan nu kiwari masih aya tur hirup di masarakat. Tugasna kieu:
Cik tataan istilah patukangan nu hidep apal jaman ayeuna!
Jawaban murid diantarana: kusir, supir, ojég, montir, masinis, pilot,jst.
Sangkan murid leuwih paham kana istilah-istilah patukangan, guru méré eusianeun murid. Pancénna kieu: Lengkepan ieu kalimah ku istilah patukangan nu aya di beulah katuhu!
(1) Pangarang téh baheula mah disebut bujangga.
(2) Paneresan téh tukang nyadap kawung.
(3) Paparabotan tina tambaga téh dijieunna ku palédang.
(4) Sato galak gé ari ka malim mah nurut.
(5) Juru laden dinu kariaan disebut pakacar.
(6) Baheula mah aya tukang teuleum nu disebut palika.
(7) Pamatang téh tukang moro maké tumbak.
(8) Ari tukang moro maké bedil mah disebut paninggaran.
(9) Alusna mah mun asup ka makam bébéja heula ka kuncén.
(10) Tukang nyieunan bedog disebutna panday.
Akhir Pembelajaran
Guru ngajelaskun ulang materi ngeunaan Dongeng.
Guru nanya ka murid aya anu teu kaharti ngeunaan materi anu didugikeun.
Tuluy Guru nutup kagiatan diajar ku Do'a anu dipingpin ku salah sahiji murid.
MATERI PEMBELAJARAN
SUMBER DAN MEDIA PEMBELAJARAN
SUMBER
Buku Guru Bahasa Sunda Kelas 7
Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 7
Artikel dan referensi materi terkait Dongeng bahasa sunda
MEDIA
Youtube : Materi dongeng bahasa sunda