TUJUAN PEMBELAJARAN
Memahami dan mengidentifikasi kaidah, bentuk, struktur teks, dan unsur kebahasaan dalam materi wawaran dan iklayn layanan masarakat tentang unsur, contoh, dan cara penggunaan sesuai dengan fungsi sosial, struktur teks dan unsur kebahasaan.
KEGIATAN PEMBELAJARAN
Awal
Saméméh ngamimitian prosés diajar ngajar, guru ngawanohkeun heula matéri nu baris diajarkeunana, dijéntrékeun téma katut tujuan nu kudu kahontal ku murid dina Pangajaran 1. Saterusna guru ogé ngawanohkeun subtéma-subtéma lianna anu raket tur ngait kana téma utama paguneman, ngawengku paguneman sapopoé, tatakrama dina paguneman, molahkeun paguneman dina wangun drama, paguneman dina diskusi, kalimah langsung dina paguneman, miceun tanda kekenteng, nyusun paguneman jadi skenario drama, jeung ngawanohkeun kekecapan atawa istilah dina paguneman. Tina ieu kagiatan dipiharep murid mikawanoh, mikaresep, bisa molahkeun, jeung bisa nulis rupa-rupa paguneman.
KAGIATAN
A. MACA WAWARAN
Saméméh kagiatan prosés diajar ngajar, guru ngawanohkeun heula matéri nu aya dina Pangajaran 3, ngawengku maca wawaran, maca iklan tinulis, ngaregepkeun iklan dina radio, ngabandungan iklan dina tv, medar perkara wawaran jeung iklan, jeung kajembaran basa.
Murid sina niténan sakumna wawaran nu ditémpél di sabudeureun sakolana. Guru nerangkeun pilihan kecap jeung éjahan tina sakumna wawaran nu dititénan ku murid.
Upamana waé:
- Miceun runtah didieu!>>>kuduna>>>Miceun runtah di dieu!
- Pinter, bageur, singer!>>> kuduna >>>Pinter, bageur, jeung singer!
- Ekskul silat kumpul poé saptu!>> kuduna >>Ekskul silat kumpul poé Saptu!
Guru nugaskeun murid pikeun nyatet wawaran nu aya di lingkungan tempat padumukanana. Saterusna guru nitah ngoréksi éta wawaran saluyu jeung papagon milih kecap jeung éjahan nu geus diterangkeun saméméhna.
Dina kagiatan 4 guru méré pancén ka murid pikeun nyieun ruparupa wawaran anu témana sabudeureun kabersihan, disiplin, jeung perpustakaan.
B. Kagiatan Maca Iklan Tinulis
Kagiatan B Maca Iklan Tinulis, guru némbongkeun rupa-rupa iklan dina basa Sunda saperti ieu di handap!
MAYAR PAJAK ULAH TELAT!
HAYU URANG NGARIKSA SUSUKAN, WALUNGAN, JEUNG TATANGKALAN!
NAGARA BUTUH PAMUDA PINTER, PARIGEL, JEUNG JUJUR!
Sanggeus murid sina maca éta iklan, guru méré kasempetan pikeun ngajukeun pertanyaan perkara nu aya patalina jeung éta iklan. Guru ogé méré kasempetan ka murid séjén pikeun ngajawab pertanyaan babaturanana. Saterusna pertanyaan jeung jawaban-jawaban murid dijéntrékeun ku guru.
Dina kagiatan 3, guru ngajukeun pertanyaan lisan ka murid pikeun nguji paham jeung henteuna perkara iklan tinulis. Anapon pertanyaanana saperti kieu:
“Jadi, naon atuh nu kudu diperhatikeun dina iklan tinulis sangkan kahontal maksud tur keuna kana sasaran?” cek guru.
Dina kagiatan 4, guru nitah ngarang iklan tinulis ka murid kalawan ditangtukeun leuwih ti heula témana: (1) Miara lingkungan alam, (2) Mgajak getol maca jeung rajin sakola, (3) Disiplin jeung nanjeurkeun aturan, (4) Sumanget gotong royong, jeung (5) Bahaya narkoba. Karangan murid dipariksa ku guru kalayan neueul kana pilihan kecap, tanda baca, éjahan, jeung susunan kalimahna.
Dina kagiatan 5, guru méré kasempetan ka murid pikeun nyaritakeun atawa ngajelaskeun karangan-karangan iklan tinulis beunangna séwang-séwangan. Dina ha lieu murid diajar nepikeun argument kana karangan beunangna sorangan.
Kagiatan ka-6, murid sina maluruh iklan tinulis nu aya di masarakat, terus diaprésiasi tawa dikritisi. Murid ogé disina ngajukeun koméntar kana iklan beunang maluruhna.
C. Ngaregepkeun Iklan dina Radio
Dina subtéma Ngaregepkeun Iklan dina Radio, murid dibéré pancén pikeun ngarékam iklan nu kungsi karegepkeun dina radio atawa ngaragakeun iklan nu kungsi karegepkeun ku dirina. Upamana waé iklan obat-obatan, produk barang jeung jasa, jeung iklan layanan masarakat widang pangwangunan.
Kagiatan 2, guru ngajak ngadiskusikeun salasahiji rékaman iklan beunang babaturanana. neueul kana pesan iklan, jeung suasana nu kagambar ngaliwatan papaés sora séjén. Unggal murid nyusun hasil diskusi kelas ka guru. T
Ngeusi tabél ku cara dicontréng, saterusna murid ngajelaskeun alesanalesanana pangna nyontréng alus, cukup, atawa kurang. Alesan murid, upamana waé nyontréng lentong alus: lentongna tarik jeung jelas, pikaseurieun, matak resep ngareungeuna, jst.
Kagiatan 3, diskusi kelompok nu anggotana antara 3-5 urang murid pikeun nyusun naskah iklan radio. Guru ngaping diskusi kelompok sarta hasil diskusi diragakeun di hareup. Murid-murid nu nunggu giliran ka hareup ngaregepkeun kelompok nu keur ngaragakeun.
D. Ngabandungan Iklan dina TV
Dina bagian D Ngabandungan Iklan dina TV, guru saméméhna ngécéskeun prinsip nu ngabédakeun media radio jeung televisi. Radio disebut média audio, diregepkeun ngaliwatan pangreungeu, ari televisi disebut média audio-visual, dibandungan ngaliwatan panempo jeung pangreungeu.
Dina kagiatan 2, guru nugaskeun murid pikeun ngabandungan tayangan iklan layanan masarakat dina tv lokal terus sina didiskusikeun di kelas. Kriteriana sarua jeung iklan dina radio ngan aya tambahna nyaéta pasémon palaku dina éta iklan.
Guru méré tugas kelompok pikeun milih jeung ngadiskusikeun salahsahiji iklan layanan masarakat dina televisi.
Guru ngajak murid diajar ngarang skénario iklan layanan masarakat dina tv. Karangan murid dipariksa tina dialog atawa gunemanana.
E. Medar Iklan-iklan di Luhur
Dina bagian E Medar Iklan-iklan di Luhur, guru nerangkeun leuwih neueul kana pamahaman, kaasup wangenan jeung sawatara hal anu ngabédakeunana.
Dina kagiatan 2 guru nitah ngajawab soal-soal anu aya patalina jeung iklan tinulis, iklan radio, iklan tv, jeung wawaran. Pertanyaanana ieu di handap!
(1) Naon nu jadi andelan iklan tinulis téh? (andelan utamana basa, kecap, jeung ungkara)
(2) Basa iklan tinulis téh kudu kumaha? (kudu singkat, padet, jeung narik nu maca)
(3) Kudu di mana iklan tinulis téh dipasangna? (di tempat nu strategis, gampang kabaca ti unggal penjuru/arah)
(4) Ari iklan dina radio nu utamana naon? (tokoh nu ngeusi sora jeung latar sora-sora séjén)
(5) Jéntrékeun pasaratan dina iklan tv! (figur tokoh palaku dina iklan, téma sarta alur carita, pasaratan visualisasi, lokasi shooting, jeung latar sora boh musik boh alat lian anu pas.)
(6) Naon ciri iklan tv nu kaasup alus? (leuwih gedé pangaruhna tinimbang dua iklan tulisan jeung radio, bisa nodél fantasi jeung imajinasi nu lalajo)
(7) Naha jam tayang bakal mangaruhan kana iklan radio atawa tv? Jéntrénkeun! (gedé pangaruhna sabab iklan milu kaperhatikeun ku jumlah pamiarsa jeung acara inti radio/ tv).
(8) Nurutkeun pamanggih hidep, naon bédana iklan layanan masarakat jeung iklan komérsial? (iklan layanan masarakat mah keur ngawanohkeun program pamaréntah atawa keur proses panyadaran masarakat, ari iklan komérsial mah keur mayukeun produk, boh jasa boh barang).
(9) Cik jelaskeun, naon sababna pamaréntah ngarasa perlu ngiklankeun program-garapanana? (di antarana sangkan meunang pangrojong ti masarakat)
(10) Cik terangkeun eusi wawaran! (ukur mangrupa paréntah, umajak, jeung panyarék sarta ditulis tur ditémpél di lokasi nu aya patalina jeung éta eusi wawaran).
Dina kagiatan 3, murid sina ngabandungan iklan layanan masarakat nu sok ditayangkeun dina tv sarta sina dikoméntaran alus atawa goréngna bari dibéré alesan-alesanana. Tugasna kieu:
Bandungan iklan layanan masarakat dina tv, terus koméntaran ku hidep hadéatawa goréngna kalawan dibarengan ku alesan-alesan saluyu jeung nu aya dina pamikiran hidep sorangan.
F. Kajembaran Basa
Dina submatéri F Kajembaran Basa, murid dibéré pengayaan matéri saperti nu kaunggel dina buku murid., ari pengayaan dina Pangajran 3 nyaéta larapna ngaran anak sasatoan dina kalimah. Conto matérina saperti ieu di handap!
Dina wacana iklan dina radio aya ungkara nu unina kieu: Lah, jalan téh mani raruksak, lombang jarero matak pikabetaheun buruy. Naon ari buruy? Buruy téh sesebutan pikeun anak bangkong. Dina basa Sunda mah anak sasatoan gé aya ngaranna kaasup kamekaran jeung babagian nu aya dina awakna.
Dina kagiatan, murid dibéré pancén pikeun ngalengkepan kalimah ku cara milih jawaban nu disadiakeun di beulah katuhu. Kieu pancénna!
(1) Anak japati disebut piyik.
(2) Hayam jajangkar kénéh mah siihna gé can seukeut.
(3) Ku serit geura ngarah kuarna beunang.
(4) Can manjing dipaké magawé ari énéng kénéh mah.
(5) Ari bogona ka marana, nu beunang téh ngan cingok.
(6) Aya paribasa bilatung ninggang dagé.
(7) Kadé cai ngeuyeumbeu bisi aya utek-utek keur usum hujan kieu mah.
(8) Mun rék ngukut anjing kudu keur kirik kénéh ngarah nurut
(9) Ih budak-budak kokolot begog, ka ditu tong pimilueun ngomong.
(10) Tong waka diuseupan burayak kénéh laukna gé.
Akhir Pembelajaran
Guru ngajelaskun ulang materi ngeunaan wawaran jeung iklan layanan masarakat
Guru nanya ka murid aya anu teu kaharti ngeunaan materi anu didugikeun.
Tuluy Guru nutup kagiatan diajar ku Do'a anu dipingpin ku salah sahiji murid.
MATERI PEMBELAJARAN
CONTO VIDEO WAWARAN JEUNG IKLAN LAYANAN MASARAKAT