Wawacan mangrupikeun hiji carita anu naratif jeung panjang, tapi aya ogé nu dianggit dina wangun pupuh. Wangun ieu mimitina dipikawanoh ku masarakat Sunda, khususna ku kaum ménak sababaraha waktos ka abad ka-17 nalika aya pangaruh Mataram. Ajip Rosidi (1966) ngajukuk yén wawacan asalna tina kecap "wawacaan" (babacaan), anu hartina: sacara umum, naon waé anu dipikawanoh. Wawacan téh wangun karya sastra anu asalna ti Jawa, tapi dieusian deui dina wewengkon Sunda ku kaum ménak jeung kaum ulama (lingkungan pasantrén). Téh bisa ogé disebut yén wawacan téh hikayat anu ditulis dina wangun puisi (dangding) anu tangtu diwangun pupuh.
Wawacan téh hiji karya sastra Sunda anu lahir dina wangun tulisan. Mimitina, dipikawanoh ku leungeun mangrupa naskah, leresna dicitak jadi wangun buku. Walaupun ieu, karya sastra téh masih dipikawanoh dina wangun lisan ngaliwatan pagelaran seni beluk. Ku cara ieu, masarakat ngawariskeun teks wawacan tina hiji generasi ka generasi. Jadi, walau muncul dina wangun tulisan, tapi sacara umum leuwih réa dina wangun lisan.
Téks wawacan biasana panjang sabab caritana. Tapi, jumlah pupuh anu dipakéna henteu hiji, tapi bisa ganti-gantian jeung adegan atanapi épisode. Dina sababaraha wewengkon, wawacan ogé disebut "macapat". Anu asalna tina basa Jawa "macapat" (mocopat). Aya ogé masarakat nu nyebutna gaok (kaya Majalengka jeung sabudeureunana).
Wawacan réa anu dianggit tina carita dina basa Sunda atanapi sumber séjénna. Contona, Wawacan Rengganis, Wawacan Angling Darma, Wawacan Batara Rama, jeung Wawacan Damarwulan. Aya ogé anu berasal tina carita India, kaya Wawacan Mahabarata jeung Wawacan Wayang Purwa. Wawacan nu dianggit tina literatur Islam antara séjénna Wawacan Sayidina Amir Hamzah, Wawacan Sajarah Ambiya, Wawacan Nabi Paras, jeung Wawacan Johar Manikam. Carita pantun ogé aya anu dianggit salaku wangun wawacan, kaya Wawacan Lutung Kasarung jeung Wawacan Nyai Sumur Bandung.
Unsur Wawacan
a. Manggalasastra
Eusina sanduk sanduk atawa ménta widi ka Nu Maha Kawasa jeung ka karuhun, sarta ménta pa-ngampura kana kahéngkéran nu nulis atawa nu nyusun éta wawacan. Perenahna manggalasastra téh biasana di bagian hareup atawa awal, samémeh ngamimitian carita. leu contona:
Asmarandana
Dangding Sunda sakajudi titisan ti pupuhunan, beubeunang an soson-soson, kekel kanatatarosan, ti bangsa nu budiman, prabujangga juru lagu, nu paham kadongkarian.
Ari ieu digurit, lampah ménak jaman kuna, masih kaom buhun kénéh, wantu alam kadewaan,sumembah ka sangiang, munjungna ka sang rumuhun, nyambat ka para batara.
Beunang nungtik ti leuleutik, nyutat-nyatet ti bubudak, ta taros ti kolot kahot, juru dongéngalam kuna, ayeuna ditukilna, disusurup kana lagu, ditulad dijieun babad.
Manawi baé ngajadi, ku sadaya dimaranah, didamel conto lalakon, kana geusan kamulusan,jalan kasalametan, satungtung nyandangan hirup, rumingkang di pawenangan.
b. Eusi
Nyaéta poko carita tina wawacan. Dina ieu bagian dicaritakeun eusi wawacan ti mimiti kajadian,lalampahan tokoh, jeung konflik. leu di handap contona:
Asmarandana
Wiwitan anu digurit, aja sahiji nagara, gedé sarta leuwih rame, ngaran nagara Riskomar, dinajamam harita, kamashur ku tina unggul, ti saban nagara lian.
Kereta sartana mukti, henteu aya kakurangan, sumémbor ka nagri séjén, tina kamulyaanana,sagala kalasilan, samalah enggeus kasebut, huluwotan dayeuh lian.
Ari nu jadi narpati, ratu di nagri Riskomar, Sri Maha Dewa Pramayon, kongas adil palamarta, pinter sugit tur gagah, loba ratu anu taluk, jadi bawah paréntahna.
Kagungan putra sahiji, Sang Ratu ti prameswara, pameget ka- langkung kasép, dina jaman harita mah, kongas ka sabuana, kakasilina nu kamashur, Pangéran Purnama Alam.
Istu kasép taya tanding, jadi mustikana rupa, bawaning ku langkung saé, asup kana paribasa, ku urang nagri éta, tina pada nadah lucu, disebut cahaya dunya
Keur kasép katambah lantip, netepan knsatrinan, taya bubudening goreng, wantu bener kusumahna, nyekel karaspatian, lungguh pancuh wuwuh ampuh, nyegah sakur lampah salah.
Ngan aya ku saperkawis, pasangaran salirana, nu narik kana cocogh, lantaran leuwih kasépna, loba nu kaédanan, asal kapincut kairut, istri-istri sadayana.
c. Kolofon
Perenahna dina tungtung carita minangka panutup Eusina titimangsa ditulis atawa disalinna éta wawacan. Dina ieu bagian nu nulis ménta panghampura kana sagala rupa ka kuranganana, lantaran nu nulis ngarumasakeun. Contona ieu di handap:
Tamat nulad wawacan Rengganis, poé Saptu nuju jam sabelas, geus deukeut ka tengah poé,tanggal dalapan likur, Silih-Mulud Ra- biul-ahir, nalika taun Hijrah, séwu tilu ratus, dua taun nu lumampah (1302), jeung marengan opat belas Pébruwari dalapan puluh lima (1885).
Anu ngarang pituin pribadi, bibit buit aslining Sumedang, nu mangké bakal katémbong,tandana nu saéstu, nu dipambrih sangkan di ahir, sakabéh anak-anak, teu hamham lumaku, kana bubuatan bapa, nu tétéla pencaran ti Bojongjati, nya Haji Abdussalam.
Dikeureuyeuh ieu geus disalin, tina hurup Arab ku Walanda, sar ta ku seuweuna tulén, numatuh di Balubur, nya Limbangan nelah kiwari, distrik tilas nagara, kabupaten Garut, tawis nu rumaos nulad, disarengan ngahaturkeun salam ta'dim, wasta pun Candra-Praja.
Kusabab wawacan ngilu kana aturan pupuh, ku sabab kitu kudu minuham oge aturan pupuh nu diantarana
Guru lagu (huruf vocal), nyaéta tungtung tina hiji kalimah
Guru wilangan (suku kata), jumlah suku kata dina hiji kalimah nu engkena kudu akur jeung pupuh nu urang pilih
Guru gatra, nyaéta jumlah baris nu aya dina pupuh, nu engkena kudu sesuai jeng aturan pupuh nu urang pilih
dihandap ieu mangrupakeun aturan guru lagu, guru wilangan sarta guru gatra ti masing masing pupuh
Cutatan dari Wawacan Panji Wulung. Penggalan wacana pertama menggunakan pupuh asmarandana, penggalan wacana kedua menggunakan patokan pupuh kinanti.
Asmarandana
Sambatna Nyi Tunjung Sari,
ku raja henteu dimanah,
enggeus dimeureunkeun baé,
tangtu nampik kana dosa,
jeung lumbrah manusa,
di mana nu maling ngaku,
enggeus kudu nampik dosa
…
Kinanti
Laju lampah Panji Wulung,
diiring ku Jayapati,
Ki Jenggali Ki Jenggala,
jeung baturna Jayapati,
ngaran Ki Kebo Manggara,
kalima Kebo Rarangin
…
Wawacan, hiji bentuk sastra lisan dina basa Sunda, mangrupakeun carita panjang sareng naratif nu sering ngarumpakan kisah tradisional sareng dongéng. Nyandakkeun wangun pupuh, wawacan mangrupakeun warisan budaya nu dipelajari tina jaman lalu, khususna dina pangaruh Mataram nalika abad ka-17. Sangkan ogé sering ditulis, wawacan ogé sering disampaikan sacara lisan ngaliwatan pagelaran seni sareng transmisi lisan ti generasi kana generasi. Kabéh-na, wawacan janten jandela anu ngabogaan gambaran anu kompleks munggaran carita sareng sastra Sunda.
Salain kana materi abdi sareng kelompok ogé geus maca, nganalisis, nyieun pupuhna tur nyieun ilustrasi ngenaan hiji wawacan, nyaéta wawacan "Simbar Kancana".
Simbar Kancana
Kacaturkeun Karajaan Talaga nu dipingpin ku hiji raja nu nelah nyaéta Raja Talaga Manggung. Raja Talaga Manggung miboga dua budak nyaéta nu cikal ngaranna Raden Panglurah jeung nu bungsu ngaranna Simbar Kancana. Simbar Kancana geus boga salaki, ngaranna Palembang Gunung. Dina hiji waktos, Raden Panglurah dititah tapa ka gunung Bitung ku ramana. Tujuanna pikeun ngaberesihkeun diri. Raja hoyong Raden Panglurah jadi raja nu bisa mingpin Karajaan Talaga. Kahayang ramana dicumponan ku Raden Panglurah. Tuluy Raden Panglurah indit tatapa di gunung Bitung salila tujuh taun, tujuh bulan, tujuh poe, tujuh peuting. Sanggeus Raden Panglurah indit tapa di gunung Bitung, Palembang Gunung salaku minantu Raja Talaga Manggung ngarasa hoyong jadi raja Talaga. Palembang Gunung apaleun yen Centang Barang salaku juru simpen keraton nyaho apesa Raja Talaga Manggung. Palembang Gunung ngahaja ngadeukeutan Centang Barang sangkan bisa nurut jeung daék mantuan ka Palembang Gunung. Centang Barang diolo rék dibéré pangkat patih di Karajaan Talaga tapi saratna Karajaan Talaga kudu dipingpin ku Palembang Gunung.
Centang Barang kapanggaruhan ku Palembang Gunung, tuluy maéhan Raja Talaga Manggung. Talaga Manggung dipaéhan maké cis nu ditubleskeun kana dadana. Sanggeus maot tuluy Raja Talaga Manggug ngaleungit. Tempat leungitna Raja Talaga Manggung jadi situ, anu nelah Situ Sanghiang. Nempo éta kajadian, Centang Barang ngarasa hanjakal lantaran geus maéhan Raja Talaga Manggug nu nyaah pisan ka Centang Barang. Centang Barang mahala dirina nepi ka maot. Leungitna raja jeung Centang Barang ngabalukarkeun sedihna Simbar Kancana jeung bungahna Palembang Gunung. Sanggeus kahayang Palembang Gunung tinekanan, Palembang Gunung ngarasa can sugema kénéh lantaran Raden Panglurah masih keneh hirup lantaran masih tapa di gunung Bitung. Antukna Palembang Gunung nitah ponggawana pikeun maéhan Raden Panglurah. Saacan dipaéhan ku ponggawana, Raden Panglurah nyampak geus euweuh di pangtapaan. Ngadéngé éta warta, Palembang Gunung bungaheun pisan.
Palembang Gunung tuluy ngayakeun pésta lantaran ngarasa bungah sabab Raja Talaga jeung Raden Panglurah geus tiwas. Tapi alesan Palembang Gunung ka Simbar Kancana diayakeunna pésta nya eta pikeun ngabeberah manah rahayat Talaga sangkan teu sedih teuing sanggeus ditinggalkeun ku raja. Nalika Palembang Gunung keur ngayakeun pésta, aya jalma nu nyaritakeun sipat goréng Palembang Gunung ka Simbar Kancana. Ti dinya Simbar Kancana ngarasa ambek ka Palembang Gunung lantaran geus maéhan ramana. Antukna Simbar Kancana boga kahayang pikeun males pati ramana ku cara maéhan Palembang Gunung.
Simbar Kancana tuluy maéhan Palembang Gunung ku cara nanclebkeun patrem kana angenna. Saacan Palembang Gunung maot, Palembang Gunung ménta hampura ka Simbar Kancana. Lantaran Simbar Kancana teu méré hampura ka Palembang Gunung antukna Palembang Gunung kaburu mere sumpah yen lamun Simbar Kencana teu ngahampura tangtu bakal meunang kasangsaraan. Sanggeus Palembang Gunung maot Simbar Kancana ngarasa hanjakal. Kacaritakeun Raden Panglurah geus berés tina tapa. Raden Panglurah acan tiwas lantaran teu katempo ku jalma nu rek maéhan. Raden Panglurah kaluar ti gunung Bitung tuluy papanggih jeung Simbar Kancana. Simbar Kancana tuluy nyaritakeun kajadian nu kaalaman nalika ditinggalkeun ku Raden Panglurah. Raden Penglurah sedih pisan lantaran ditinggal maot ku ramana jeung boga rasa ambek ka Palembang GuNung lantaran geus maéhan ramana.
Dina hiji waktos, Raden Panglurah moro ka leuweung. Raden Panglurah nempo aya manjangan nu lumpat tuluy diboro. Horéng éta manjangan lumpatna ka situ Sanghiang sarta tuluy éta manjangan ngaleungit. Némpo éta kajadian, Raden Panglurah hayang panggih jeung ramana lantaran Raden Penglurah yakin yén situ Sanghiang mangrupa jirim tina ramana, nya éta Raja Talaga Manggung. Raden Panglurah jeung opat puluh ponggawana tuluy teuleum ka situ Sanghiang. Tapi aya saurang prajurit anu teu milu teuleum lantaran hayang méré nyaho éta kajadian ka Simbar Kancana. Simbar Kancana sedih pisan nalika apal yén lanceukna geus ninggalkeun Simbar kancana.
Singget carita Simbar Kancana geus jadi ratu. Sanggeus Simber Kancana jadi ratu tetep aya gogodana, nyaéta Simbar Kancana katerap ku kasakit borok lantaran sumpah Palembang Gunung. Pikeun ngaleungitkeun kasakitna, Simbar Kancana nyayakeun sayembara, yén saha waé nu bisa ngaleungitkeun kasakitna mangka dibéré hadiah. Hadiahna nyaéta lamun lalaki dijadikeun salaki atawa dulur, jeung lamun awéwé bakal dijadikeun sesepuh atawa dulur. Hasil tina sayembara aya Ajar Kutamangu nu bisa ngaleungitkeun panyakit Simbar Kancana. Antukna Simbar Kancana nikah jeung Ajar Kutamangu. Sanggeus nikah, nu jadi raja Talaga tetep Simbar Kancana.
Vidio presentasi wawacan "Simbar Kancana"
Teks Pupuh saréng ilustrasi wawacan