Dongeng nyaeta carita rekaan anu dikarang dina wangun basa lancaran, tapi kiwari mah geus aya dongeng nu dibukukeun.
Ciri-ciri Dongeng
Sumberna lisan
Teu kanyahoan saha nu ngarangna (anonim)
Ngagunakeun basa lancaran
Eusina mangrupa pamohalan
Stuktur Doengeng
Jejer (tema), gagasan utama tina hiji carita
Latar (setting), nyaeta penempatan, waktu atawa latar suasana
Palaku (tokoh), saha saha wae anu aya di jero carita
Galur (alur), nyaeta runtuyan kajadian dina jero carita
Amanat (pesen, hal anu bisa urg dapet tina eta carita
Jenis-jenis Dongeng
a. Fabel atau Sasatoan
b. Parabel (dongeng jalma biasa)
c. Legenda
d. Sage
e. Mite
Nganalisis Struktur Dongeng (Tugas)
  SASAKALA CIANJUR
Â
Dijaman baheula di daerah jawa barat atau tatar pasundan aya hiji jelma nu beunghar pisan. Kabeh sawah jeung ladang nu didesa eta milik manehna.
 Penduduk desa ngan jadi buruh tani, nu tugasna ngan ngagarap sawah jeung eta jelema. Jelema eta sok disebut “Pak Kikir” kusabab sifatna emang kikir/pelit.
Kikirna Pak Kikir ieu teu pandang bulu, nepi ka budak lalakina oge pelit.
Tapi untungna sifat kikir ieu teu nular ka anak lalakina. Anak Pak Kikir watakna bageur. Tanpa dipikanyaho bapakna, anak lalakina osok ngabantuan tatanggana nu kasulitan.
Dumasar kana kapercayaan masyarakat di desa ieu, lamun hayang hasil panen anu alus jeung melimpah kudu ngayakeun syukuran nu alus sabanding oge.
Sieun panenna gagal, Pak Kikir kapaksa ngayakeun syukuran jeung selametan, sakabeh warga desa diundang. Penduduk desa ngirana bakal meunang makanan nu ngeunah tur nikmat pas selametan.
Kanyataanna beda jauh, epehteh Pak Kikir ukur nyadiakeun hidangan saayanan, ditambah jumlahna te mahi jang sakabeh tamu nu diundang, Loba diantar nu di undang meunang hidaganna.
“huh!! Ges wani ngundang jelema tapi te bisa nyediakeun kadaharan, katerlaluan, jang naon harta saloba kitu dipendem”
“Gusti moal mere kaberkahan ka harta nu loba eta”
Kitu omongan jeung susumpahan ti jelama-jelema nu ngahadiri selametan Pak Kikir ieu.
Pas selamatan masih jalan, tiba-tiba aya nini-nini nu menta sedekah ka Pak Kikir.
“Pak… nyuhungkeun sedekahna, te nanaon ngan sasuap sangu oge…”penta si nini
“Naon sodakoh? Maneh te mikir, jang masak sangu the perlu duit”
“Beri abdi saalit we harta nu ngalimpah eta”
“Embung! Gera mantog ti die, lamun hente bisa digebugan”
Nini-nini eta ceurik.
Lain meunang sedekah nini-nini eta malah diusir sacara kasar ku Pak Kikir. Nini-nini eta langsung ninggalkeun imah Pak Kikir.
Ningali eta budak Pak Kikir ngarasa sedih. Budak Pak Kikir mawa jatah daharna tanpa sapangatahuan bapakna, lumpat ngudag Nini-nini nu tadi jang merekeun eta kadaharan.
Si nini ngarasa bungah pisan “bageur pisan ujang, mugi-mugi kahirupanna jadi mulia.
Saengges anaknya Pak Kikir mere kadahareunna, Nini eta ngalanjutkeun perjalananna. Nepi ka hiji bukit dekeut desa, eureun hela. Katingali imah Pak Kikir nu paling gede tur megah di desa. Sedengkeun penduduk sakurilingna katingali sangsara kusabab katamakan Pak Kikir.
Ningali kalakuan Pak Kikir eta, si Nini ambek bari ngomong “inget Kikir, kasarakahan jeung katamakan maneh bakal menggelamkeun diri maneh sorangan. Gusti bakal mere balesan.
Nini eta nancepkeun eta tongkatna ka taneuh, dicabut dei. Ti lubang bekas tongkat eta kaluar cai nu deras pisan. Beuki lila caina makin terus ngarah ka desa.
“Banjir!” “Banjirrr!!!!!” warga warga desa ngagorowok ningali datangna cai.
Budak Pak Kikir langsung mere saran ka sakabeh jelema ameh geura ninggalkeun desa tur lumpat ka bukit.
“buru tinggaleun ieu desa, lumpat ka luhur bukit”
“Tapi sawah jeung ternah kumaha?”
“Aranjeun milih harta atawa nyawa? Ges eweuh waktu untuk mawa harta”
Anak Pak Kikir te poho ngajak bapakna ngungsi ka bukit.
“Bapak hayu geura ngungsi”
“Naon? Ngungsi kitu wae. Tolol!!! Urang kudu mawa peti harta heula jang disalamatkeun”
Kusabab eweuh wakru dei budak Pak Kikir buru-buru lumpat nyelamatkeun diri, dilain sisi Pak kikir terus ngumpulkeun hartana. Tapi akhirna Pak Kikir telat nyelamatkeun diri nepi ka akhirna teuleum bareng harta bendana.
Sabagian penduduk desa kaasup budak Pak Kikir selamat. Penduduk desa sedih ku lantaran desana teuleum. Saengges eta penduduk milih daerah anyar jang jadi tempat tinggal. Warga desa ngangkap anak Pak Kikir jadi pamimpin desa nu anyar.
Putera Pak Kikir nganjurkeun penduduk jang ngolah tanah nu geus dibagi rata. Pingpinan desa anyar ieu ngajarkeun cara nanam padi jeung kumaha cara ngairan sawah nu alus. Desa eta kemudian disebit desa Anjuran.
Lila kalilaan eta desa berkembang jadi kota leutik nu disebut Cianjur. Ci hartina Cai, jadi hartina Cianjur nyaeta daerah nu cukup caina. Anjuran pamimpin desa dijadikeun pedoman petani ker ngolah sawah, nepi ayeuna beas Cianjur dikenal ku beasna nu ngenah jeung gurih.
Analisi Struktur
Jejer (tema) : Katamakan atawa kikir
Latar (setting) : Jawa Barat atawa Tatar Sunda
Palaku (tokoh) : Pak Kikir, Budak Pak Kikir, Nini jeung Penduduk Desa
Galur (alur) : Alurna maju
Amanat (pesen tina dogeng) : Lamun jadi jelema teh ulah tamak kana harta, kusabab harta lain sagalana