Nami abdi Ariz, lamun ditanya nami lengkap abdi, abdi Ariz Dzaki Mumtaz nu mangrupakeun anak bungsu ti dua bersaudara. Di taun ieu abdi tos aya di dunia ieu salami 17 taun. Lahir di tempat nu terkenal ku beas pandan wangina, nyaeta di Kabupaten Cianjur, abdi lahir di Cianjur tanggal 22 Mei taun 2007. Kahirupan abdi dimulai di Cianjur, di Cianjur abdi ngabeakeun masa leutik abdi, ti mimiti borojol, orok, budak leutik, jeung rumaja. Karek di masa SMA ieu abdi pindah ka Bandung, jang ngalanjutkeun pendidikan.
Abdi lahir ti keluarga nu lengkap kénéh sadayana, ngagaduhan kénéh bapak sareng ibu. Salain éta, abdi ogé ngagaduhan hiji rai nu namina Azhar Safa Zain nu sareng abdi béda umurna 5 taun. Ayeuna pun rai tos dina bangku kuliah, sedengkeun abdi ayéna siswa SMA.
Ayeuna abdi nincak kelas 11 nu sakedéng deui bakal naék kelas ka kelas 12. Abdi sakola di SMA 3 Bandung, nu tepat lokasina aya di tengah kota Bandung. Jang ka sakola ieu abdi ngekost, jauh ti ortu. Kunaon sababna abdi népi hayang ngekost kitu? Kusabab abdi hoyong meunang pendidikan nu langkung alus katimbang nu aya di Cianjur. Prinsip abdi, mun aya kasempetan naha teu dibawa?
Semoga kahareupna abdi bisa nyélesékan SMA ieu nu sabaik-baikna, jeung asup ka universitas nu abdi hoyong.
Abdi mangrupakeun urang nu cukup panasaran ka loba hal, kusabab kitu abdi ngagaduhan sababaraha hobi, diantarana ngadéngékeun musik, maén gitar, sarta gowes.
Hobi nu pertama nu ku abdi pikaresep nyaeta maén musik, khususna maén gitar. Abdi mulai maén gitar ti kelas 7 SMP. Baheula abdi ngan maén gitar akustik hungkul, tapi lila-lila abdi panasaran kana gitar listrik. Kusabab éta, pas kelas 8 SMP abdi meuli gitar listrik nu nepi ayeuna masih abdi maénkeun kénéh.
Di SMA ieu abdi ogé ngajieun band, jeung sok sering maén ngeusi-ngeusi acara-acara nu aya di sakola.
Hobi kadua nu ku abdi gaduh nyaéta gowes. Gowes ieu abdi mimiti ti kelas 8 SMP, dimana éta masih kénéh jaman-jaman COVID-19. Baheula ampir tiap hari abdi gowes muter-muter di Cianjur.
Rute gowes terjauh nu pernah abdi lalui
Hobi nu terakhir nyaeta abdi osok ngadéngékeun musik. Hobi ieu geus dimulai ti abdi kelas 4 SD kénéh. Baheula, genre lagu favorit abdi nyaeta lagu-lagu EDM (electronic dance music) contona siga Marshmello, Alan Walker, dll.
Kelas masa SMP, abdi beuki pisan kana classic rock, contona Queen, Guns N' Roses, The Beatles, Led Zeppelin, jeung nu séjénna. Abdi beuki pisan genre ieu nepi ka akhir SMP.
Di SMA, abdi masih beuki rock-rock tapi nu leuwih sélow jeung berbahasa Indonesia contona Sheila on 7, Dewa 19, jeung lagu-lagu pop lainna.
Hobby-hobby eta nu pada akhirna nu sok ngeusi waktu abdi, salain ti sakola jeung ngerjakeun tugas. Paling ogé abdi ngagaduhan aktivitas lain nyaéta beberes, masak, bebersuh jeung tugas tugas imah lainna.
Abdi ngagaduhan jang diri abdi, cita-cita nu lumayan bisa disebut gedé, nyaéta abdi hoyong ngalanjutkeun pendidikan ka universitas, mung universitas nu abdi hoyong nyaéta universitas nu di luar nagri. Contona, abdi hayang asup University of Sydney jurusan Mechatronic. Tapi lamun pada akhirna teu bisa jang sarjana, abdi bakal asup ka ITB heula, mung lamun aya kasempetan abdi bakal ngalanjutkeun pendidikan master abdi di luar nagri.