Kawih teh nyaeta salah sahiji jenis lalaguan nu aya di tatar sunda. Kawih beda jeung tembang, ari kawih mah aya birama (wiletan) jeung ketukan (tempo) sabalikna tembang mah te kager ku eta aturan. Kawih mah biasana lebih ke arah modern, contohna lagu lembur kuring jeung es lilin.
Parbedaan Kawih, Kakawihan, Tembang jeung Pupuh
Kawih, mangrupa wangun puisi nu te kauger ku aturan
Kakawihan, mirip jeung kawih ngan biasana sok dipake ku barudak ker ulin
Tembang, wangen puisi nu kaiket aturan
Pupuh, kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan
Unsur Kawih
a. Adegan lahir, nyaeta unsur fisik rumpaka kawih di sawang tina wangunna.
Wangun - Jumlah padana bebas sarta te matok siga sisiniran atawa pupuh
Diksi - Pamilihan kecap nu ngenaheun kanggo kawih
Imaji - Nu ngadangukeun kawih tiasa rasa kana naon anu di tepikeun dina kawih
Gaya basa - dina kawih gaya basa nu dipake luas, nu nimbulkeun harti nu beunghar
Purwakanti - Padeukeutna sora kecap boh di awal, tengah, atawa di tuntung ungkara kalimah
b. Adegan batin, dina kawih te katembong langsung, tapi kudu diteuleuman sarta dirasakeun
Jejer - Pokok pikiran kawih
Rasa - ngajiwaan eusi rumpaka kawih
c. Wirahma, nyaeta sikep pangarang ka nu maca
d. Amanat, nyaeta pesen pangarang anu karasa kunu maca
Struktur Kawih
a. Jejer atawa tema, nyaeta teh gagasan pokok anu rek ditepikeun ku nu ngarang rumpaka kawih ka nu ngadangukeun.
b. Nada jeung suasana, nyaeta ngabalukarkeun ayana suasana nu karasa ku nu maca.
c. Rasa, nyaeta ngajiwaan eusi kawih sabada dihaleuangkeun.
d. Amanat, nyaeta rasa pangarang anu karasa ku nu maca atawa ngaregeupkeun kawih.
e. Purwakanti, nyaéta padeukeutna sora kecap dina ungkara kecap boh di awal, di tengah, atawa di tungtung.
Conto Kawih:
"ES LILIN"
Sajak nu digunakeun nyaeta sajak "Tanah Sunda" kawihna nganggo kawih "Sabilulungan"