Sajak dina sastra Indonesia disebut puisi nu hartina sarua jeung sajak. Mung ari puisi di Sunda te sarua jeung puisi Indonesia kusabab ngawengkun sababaraha jenis karya sastra. Sajak teh nyaeta karya satra Sunda anu direka dina wangun basa ugeran. Sanajan ditulis dina wangun ugeran, tetela sajak mah teu pati kauger ku aturan jumlah engang saban padalisan jeung jumlah padalisan dina saban pada.
Asal usul sajak teh asalna tina pangaruh Eropa. Eta karya asup tur jadi sastra sunda teh ti mimiti taun 1946, salah sahijina dipelopori ku Kis WS. Sajak biasana dimuat dina majalah jeung koran sunda sapertos, Mangle, Cupumanik, Galura, jeung Koran Sunda.
Unsur- Unsur Sajak
a. Adegan Lahir (unsur fisik)
Wangun sajak, jumlah padana bebas sarta teu matok siga sisindiran atawa pupuhu
Diksi, pamilihan kecap anu merenah kanggo sajak
Imaji, patali jeung rasa tina sajak nu dipangaruhan ku kecap nu dipilih
Gaya Basa, sajak teh bisa ngabalukarkeun ayana harti konotatif, bisa oge nimbulkeun harti nu beunghar
Purwakanti, padeukeutna sora kecap boh di awal, di tengah, di akhir.
b. Adegan Batin (unsur non fisik)
Jejer, poko pikiran sajak
Rasa, ngajiwaan eusi sajak
Wirahma, sikap panyajak kanu maca
Sajak Epik jeung Lirik
Sajak nnu sifatna ngalalakonkeun, ngadadarkeun, atawa nyaritakeun
Sajak nu eusina rasa, pikiran, jeung gagasan pribadi panyajak
Sajak nu digunakeun nyaeta sajak "Tanah Sunda" kawihna nganggo kawih "Sabilulungan"