Wawancara téh dina basa Inggris disebutna interview, asalna tina kecap inter (antara; lolongkrang) jeung view (panitén; panempo). Nilik kana rucatan kecap kitu, wawancara teh bisa dihartikeun kagiatan guneman atawa tanya- jawab antara dua urang atawa leuwih sacara langsung antara nu ngawawancara (interviewer) jeung nu diwawancara (narasumber; respondén).
Wawancara dilaksanakeun pikeun tujuan maluruh atawa néangan data, boh kanggo warta atau saukur pers.
Tujuan Wawancara:
1) Mastikeun bener hentéuna kajadian.
2) Nyangking pamadegan resmi ti narasumber,
3) Ngaguar pamanggih ahli, jeung
4) Konfirmasi keur babandingan data.
Hal- hal nu perlu diéstokeun dina ngawawancara:
1) Muguhkeun informasi naon anu rék dikumpulkeun,
2) Nangtukeun saha anu rék diwawancarana,
3) Nangtukeun iraharék diwawancarana,"
4) Nyusun angkét wawancara (partanyaan biasana ngagunakeun Prinsip 5W+1H)
6) Nyatetkeun informasi nu ditepikeun ku narasumber.
Tatakrama mun rék nga wawancara, di antarana:
a) Nu nga interview kudu nétral
b) Nu ngawawan kudu sopan
Tatakrama Kahirupan 1. Tatakrama basa, ka nu diwawancara teh kudu sopan jeung sesuai jeung situasi jeung kondisi,
2. Tatakrama panampilan, patilian jeung cara dangdan , cara diuk,miara kageulisan jeung sajabana,
3. Tatakrama gaul, patali jeung cara wawanohan, cara nyemah, cara nyarita jeung sajabana.
Jenis Wawancara Dumasar Kana Carana
Ngawawancara ka saurang narasumber
jumlah pawawancarna lobaan, biasana kanggu warta
kagitan wawancara nu ngalibetkeun sawatara narasumber
Struktur Wawancara
Bubuka, ilaharna eusia teh nyoko salam pamuka, wawanohan antara nu ngawawancara jeung nu diwawancara.
Eusi, mangrupa tanya jawab antar nu ngawawancara jeung nu diwawancara.
Pamungkas, mangrupa panutup wawancara.
Nu paling penting dina wawancara tong hilap nyiapkeun pertanyaan ngagunakan bahasa nu sopan jeung santun
Kelompok abdi ngagaduhan kasempetan kanggo ngawawancara pak Dikdik (Wali Kota Cimahi). Wawancara dilaksanakeun di kantor wali kota Cimahi