Warta, anu ogé disebut berita, nyaéta iber ngeunaan hiji kajadian atanapi hiji hal, boh sawangan boh pamadegan, dumasar kana kanyataan. Biasana warta dimuat dina média citak atawa diumumkeun dina radio atawa TV. Jalma anu sok nyieun warta disebut wartawan atawa jurnalis.
Nulis warta béda sareng nyieun tulisan séjénna. Dina warta, sagala rupana kudu jelas, copélna. Prakna nyusun warta henteu kudu salawasna dimimitian ku "naon," "di mana," atawa anu séjénna. Kadangkala dimimitian ku hal-hal anu dianggap penting.
Warta mangrupa béja kanyataan atawa fakta. Pikeun ngumpulkeun fakta, aya tilu cara, nyaéta observasi, wawancara, jeung risét média/dokuméntasi.
Observasi nyaéta urang niténan kajadian atawa kaayaan. Wawancara nyaéta ngawawancara jalma anu boga pangaweruh ngeunaan perkara anu rék diwartakeun. Risét média atawa dokuméntasi nyaéta ngumpulkeun informasi tina buku, majalah, atawa sumber séjénna.
Warta ngagaduhan hal penting nu kudu asup dina warta, nyaéeta unsur 5W+1H. Unsur ieu mangrupakeun jantung ti warta, What, Who, When, Why, Where jeung How. Kudu ngajawab naon kajadian dina warta eta, dimana kajadiaana, naha bisa kajadian, iraha kajadiaanna, saha waé nu kalibatkeun jeung kumaha bisa népi kajadian. Lamun warta euweh éta, warta éta bisa ogé disebut warna nu teu lengkep atau cacat.
Warta anu ditepikeun téh tangtu kudu anu menarik. Dina élmu jurnalistik aya istilah "ajén warta" (nilai berita), nyaéta niléy-niléy anu kudu dicumponan sangkan hiji kajadian atawa hiji hal bisa diangkat jadi warta. Sacara umum, kajadian anu ngandung ajén warta biasana ngandung sababaraha unsur ieu di handap.
a) Waktu (timeliness). Waktu mangrupa ajén warta anu kawilang penting. Berita téh ayeuna, kajadian anu karék atawa keur lumangsung, tur mindeng mangrupa tuluyan tina poé ieu atawa poé saméméhna.
b) Aya patalina atawa hubunganana jeung kahirupan balaréa (significance).
c) Anéh (the unusual). Kajadian anu anéh bakal narik minat Pamaca. Contona, mun ayanujang babae jalma, eta teu anéh, tapi lamun jalma ngégél anjing, éta anéh tur ngandung ajén warta.
d) Konflik (conflict). Perang, rajapati, tawuran, sasaéngan dina widang politik, bisnis, olahraga mangrupa warta anu narik minat pamaca. Mun di lingkungan hidep aya anu tawuran antarsakola, éta bakal jadi kajadian anu ngandung ajén warta. Ceuk wartawan mah warta anu hadé téh nyaéta kajadian anu goréng.
e) Kajadian anu deukeut jeung nu maca (proximity).
f) Hal-hal anu kasohor atawa geus dipikawanoh ku nu maca (prominence), upamana waé warta ngeunaan jalma, barang, atawa tempat. Aya nu nyebut: ngaran ngagelarkeun warta.
g) Hal-hal anu matak nimbulkeun rasa simpati atawa matak ngahelas anu maca (human interest). Biasana nyaritakeun jalma biasa dina kaayaan luar biasa, atawa jelema "gedé" dina kaayaan biasa (walurat)
Ngaguar Struktur Warta
Struktur warta kabagi opat bagian: judul, bubuka, waruga warta, jeung pamungkas warta.
1. Judul (headline): Titél, labél, atawa ngaran anu dilarapkeun kana warta pikeun ngahudang kapanasaran. Judul kudu écés, singget, sarta ngagambarkeun eusi warta.
2. Bubuka (lead, intro): Alinea awal di handapeun judul. Bubuka anu alus kudu bisa narik perhatian, saperti "étalaseu" toko anu rapih jeung kumplit.
3. Waruga warta (tubuh warta): Eusi atawa inti warta anu ngandung jawaban kana lima pananya (5W + 1H) ngeunaan kajadian, karakteristik, waktu, tempat, jeung pihak-pihak anu kalibet.
4. Pamungkas warta (end): Alinea ahir anu biasana ngandung omongan langsung pikeun mungkas warta.
Ngaguar Struktur Warta
Struktur warta kabagi opat bagian: judul, bubuka, waruga warta, jeung pamungkas warta.
1. Judul (headline): Titél, labél, atawa ngaran anu dilarapkeun kana warta pikeun ngahudang kapanasaran. Judul kudu écés, singget, sarta ngagambarkeun eusi warta.
2. Bubuka (lead, intro): Alinea awal di handapeun judul. Bubuka anu alus kudu bisa narik perhatian, saperti "étalaseu" toko anu rapih jeung kumplit.
3. Waruga warta (tubuh warta): Eusi atawa inti warta anu ngandung jawaban kana lima pananya (5W + 1H) ngeunaan kajadian, karakteristik, waktu, tempat, jeung pihak-pihak anu kalibet.
4. Pamungkas warta (end): Alinea ahir anu biasana ngandung omongan langsung pikeun mungkas warta.
Conto Warta:
“Warga Bandung Kudu Maké Basa Sunda”
BANDUNG, Basasunda.com — aturan Daérah nu ngenaan kana pamakéan, pamulasaraan, pamaliharaan, jeung pamekaran bahasa, sastra, jeung aksara sunda geus ditangtukeun ngaliwatan sidang paripurna di Gedung DPRD Kota Bandung Bandung, Senen (28/5/2012). (What,When)
Pupuhu Panitia husus, Tatang Suratis nepikeun, yén bahasa Sunda di Kota Bandung geus jarang digunakeun jeung dihawatirkeun leungit, ku kituna di jieun aturan dérah ngeunaan kana pamakéan, pamulasaraan, pamaliharaan, jeung pamekaran bahasa, sastra, jeung aksara sunda. (Who, Why)
Ku kituna dina aturan Perda, di atur diantarana unggal poé Rabu sakabeh warga Kota bandung, katut pajabat atawa masyarakat, wajib ngagunakeun bahasa sunda. Di sakola ogé pangajaran bahasa sunda wajib dijadikeun kurikulum, ti mimiti SD, SMP, nepi ka SMA. (How)
“Saencan Perda ieu di jieun, bahasa sunda émang geus digunakeun di sakola unggal poé Rabu, ti saprak taun 2006. Pamakéan bahasa jeung aksara Sunda keur ngaran-ngaran jalan di Kota Bandung Bandung ogé geus digunakeun saencan Perda ieu di Sah-keun.” Ceuk Dada. (Where)
Pupuhu DPRD Kota Bandung Bandung, Erwan Setiawan nepikeun kana pangesahan Perda Bahasa Sunda, yén sakabeh warga Kota Bandung, teu iwal pendatang ogé kudu patuh kana éta aturan. (Who)
Nurunkeun Erwan, sanajan dina Perda diwajibkeun ngagunakeun basa sunda unggal poé Rabu, tapi eweuh sangsi pikeun anu henteu ngagunakeunana. “Sangsi teu diatur, tapi warga Kota Bandung ngabogaan tanggung jawab pinuh wajib ngagunakeun basa sunda lamun masih kénéh hayang cicing di bandung. Nya, sangsi moral baé jeung kudu éra,” tambah Erwan. (How)
Nulis Warta
Sangkan ngarti kana warta urang gé kudu bisa nyieun warta, mung saacan nulis warta, urang kudu wanoh heula kana struktur warta jeung nulis warta. warta geus ti heula, anu ngawengku 1 judul, 2 bubuka, 3 waruga warta jeung 4 pamungkas. Salain eta penting ogé aya 5W+1H
Jaba ti éta, aya padika nulis warta. Aya sawatara hal anu kudu diperhatikeun lamun urang nulis warta, di antarana waé, ieu di handap.
1) Dina nyieun lead, gunakeun basa anu matak narik panitén jalma séjén. Nulis warta téh usahakeun sing kawas anu keur cacarita sacara langsung (ngobrol).
2) Nyieun lead ulah panjang teuing, paling réa 30 kecap, atawa kira tilu jajar ketikan.
3) Pisahkeun lead anu sakirana hésé dipikahartina jadi dua atawa tilu kalimah.
4) Gunakeun kalimah parondok. Lamun kalimahna paranjang teuing, kadang-kadang matak bingung anu maca, nepi ka teu bisa maham eusi warta.
5) Kecap-kecap anu digunakeun ogé kudu anu basajan. Usahakeun tulisan téh sing genaheun dibacana tur gampang kahartina. Ulah réa teuing ngagunakeun istilah- istilah asing anu sakirana matak teu dipikaharti ku nu maca.
6) Usahakeun maké kecap-kecap pagawéan anu aktif, anu ngagambarkeun tindakan atawa gerakan.
7) Lian ti kalimahna anu parondok, alinéana ogé ulah paranjang teuing. Lamun alinéana paranjang, kalan-kalan anu maca boga sangkaan yén éta tulisan téh hésé dibacana.
8) Nulis warta téh kudu kawas ngalukis. Hartina, naon anu ditulis ku urang kudu mampuh ngahudang imajinasi anu maca
Salain materi warta jeung cara nyieun warta, abdi gé sareng kelompok nyieun ogé warta ngenaan kahirupan sahari-hari, nu bisa dibuka di drive di handap ieu.