Carita wayang nyaéta karya sastra jeung seni pintonan anu medarkeun lalampahan, perjuangan, jeung kahirupan para tokoh anu biasana dicokot tina epos kuna. Wayang henteu saukur hiburan, tapi ogé ngandung piwuruk, ajén moral, falsafah hirup, jeung ajaran kabagjaan pikeun nu nontonana.
Wayang mangrupakeun bagian penting tina budaya Sunda jeung Nusantara, sabab ngagambarkeun kearifan lokal, rasa kaagamaan, jeung tradisi anu diwariskeun ku karuhun.
SUMBER CARITA WAYANG
Mahabrata (karya Wiyasa)
Nyaritakeun perang sadulur antara Pandawa jeung Kurawa. Perang antara anu nyekel kaadilan nya éta Pandawa jeung anu murka nya éta Kurawa.
Ramayana (karya Walmiki)
Nyaritakeun perang sadulur antara Pandawa jeung Kurawa. Perang antara anu nyekel kaadilan nya éta Pandawa jeung anu murka nya éta Kurawa.
CIRI-CIRI:
Dumasar kana sumber carita anu geus jinek nya éta Mahabarata jeung Ramayana, anu mangrupa kitab suci umat Hindu.
Caritana bisa pondok, bisa ogé panjang seperti wawacan jeung novel.
Palakuna biasana jelema atawa déwa anu mijalma.
Sumebarna, upamana baé di Tatar Sunda, ngaliwatan pagelaran wayang golék.
Eusi caritana sok kaselapan ku hal-hal anu pamohalan.
UNSUR-UNSUR:
1) Jejer (Tema)
Jejer mangrupa gagasan utama atawa pokok masalah anu jadi dasar carita wayang.mContona: kabagjaan, perjuangan, kasatiaan, perang antara nu hadé jeung nu jahat.
2) Palaku (Tokoh)
Tokoh-tokoh dina carita wayang, di antarana:
• Palaku utama (Rama, Arjuna, Bima, Sinta, Sembadra),
• Palaku pembantu,
• Palaku antagonis (Rahwana, Kurawa),
• Palaku lelucon (Punakawan: Semar, Cepot, Dawala, Gareng).
Palaku miboga watak anu béda-béda: galak, bijaksana, lucu, jahat, jujur, jeung sajabana.
3) Latar (Setting)
Latar nyaritakeun tempat, waktu, jeung suasana caritra wayang.
4) Galur (Plot)
Galur téh alur jalanna carita.
5) Sudut Pandang
Sudut pandang dina carita wayang biasana:
- Sudut pandang dalang
Dalang janten panyaritakeun (narator) anu ngatur jalan carita, sora, dialog, jeung gerak wayang.
- Kadang ngagunakeun panyatur umum anu nyaritakeun sakabéh kajadian ti luar.
6) Amanat
Amanat nyaéta pesen moral anu rék ditepikeun. Contona ulah sombong, hormat ka kolot, setia jeung jujur, mihak ka kabeneran, ngajaga diri tina napsu.
LALAKON
LALAKON BABON
Lalakon anu nyokot sumberna langsung tina Mahabarata jeung Ramayana, dicokot bagian anu luyu jeung anu dilalakonkeunana. conto:
- "Pandawa Adu Dadu”
- “Balé Sigala-gala”
LALAKON CARANGAN
lalakon anu kaluar tina pakem carita Mahabarata jeung Ramayana. Tapi palakuna jeung tempat-tempatna ngagunakeun anu aya dina Mahabarata jeung Ramayana. conto:
- “Pergiwa-Pergiwati”
- “Jaladara Rabi”
LALAKON SEMPALAN
lalakon anu euweuh dina Mahabarata jeung Ramayana, boh tokohna boh tempatna. conto:
- “Dawala Jadi Raja”
- “Dasa Warna”
ISTILAH DINA PAGELARAN WAYANG
MURWA
Murwa nyaéta suluk bubukna pagelaran anu dilagukeun ku ki dalang dina mimiti caritana.
Conto:
Adam–adam babon ‘lawon
Inyang nagakelakeun cahya ‘nur cahyane
Dangiang wayang wayanganipun
Perlambang alam sadaya
Semar sana ya dandar guling
Bala sem panonengan angin
Mareng nagamakeun Dzat Kang Maha Tunggal
Wayang aneng ulahna wayang tunggal
Wayang tunggal
NYANDRA
Nyandra nyaéta pedaran carita anu mangrupa janturan jeung pacandoran. Janturan nyaéta basa prosa dalang nalika nyaritakeun jejer/adegan hiji nagara, kaayaan, watak wayang (dipirig ku gamelan).
Conto:
Suh rep data piranti anonggih wau kocap Negara ing pundri ingkang keka adi
Dasa nama purusa eka waspati adi linuwih dana sapuluh nama ika pangrenggan
KAKAWEN
Kakawen nyaéta lagu anu diliharkeun ku dalang.
Asal kecap “kawi” – biasana dipaké dina lagu nu diliharkeun ku dalang.
Conto:
Saur nina tondona panjang
ANTAWACANA
Antawacana nyaéta caritaan wayang dina adegan. Antawacana sami sareng dialog dina drama; bedana dialog drama biasa dicapkeun ku lolobaan, ari antawacana dicaturkeun ku saurang dalang. Kadang tiasa ngolo wanda sora.
Conto:
Kresna: “Eladalah, Yayi, Yayi, Setaki.”
Setaki: “Kaula nun…”
DALANG
Dalang nyaéta pamaén/pamong anu sok ngalalakonkeun carita wayang jeung ngagerakkeun wayang.
SINDÉN
Sindén nyaéta juru kawih dina pintonan karawitan. Biasana aya dina celah-celah pawayangan (ngawih panangkaran, panuntung, akhir).
Conto:
Saimah Pancawati
Niken Salindry
NAYAGA
Nayaga nyaéta jalma anu aya dina dunya pedalangan, sakumpulan jalma anu miboga kaahlian husus dina nabeuh gamelan, utamana anu ngiringan dalang dina gelaran wayang. Nayaga oge ngabogaan harta seni jeung budaya nu luhur, biasana jumlahna antara 1 nepi ka 30 jalma.
Conto:
Nayaga rumah dalang Yayat, Deden
JURU ALOK / TUKANG NGALOKAN
Jalma anu ngalalewuang dina pagelaran wayang, biasana téh saurang lalaki.
Conto:
Mang Eye. Juru Alok wayang golek ti Group Mungguh
Pawenang dina pagelaran wayang golek di Pasir Impun
WAYANG
Pertunjukan seni tradisional asli Indonesia anu ngagunakeun boneka. Wayang dijieun tina kulit, kai, awi. Ingkarna sampun populer ing wilayah tatar Pasundan. Carita anu aya dina wayang dijieun dumasar kana carita anu aya dina Ramayana jeung Mahabarata anu aya di India.
Conto:
Wayang Gatot Kaca, Wayang Cepot, Wayang Semar
GAMELAN
Asal kecapna tina basa Jawa, nyaéta “gamel” anu hartina nabeuh. Gamelan mangrupa pakakas musik tradisional anu tumuwuh di Daerah Jawa hususna Jawa Barat. Gamelan dipaénkeun ku sabaraha jalma gumantung kana pakakas anu dipaké.
Conto:
gambang
metalofon
kendang
goong