Wangenan Biografi
Biografi nyaéta hiji tulisan anu nyaritakeun riwayat hirup hiji jalma, biasana tokoh anu mibanda pangaruh atawa prestasi.
Eusi Biografi
Ngamuat fakta-fakta ngeunaan kahirupan tokoh, kawas tempat sareng tanggal lahir, latar kulawarga, pendidikan, karya, kontribusi, sareng warisan anu ditinggalkeun.
Rupa-rupa/Papasingan Biografi
Tiasa dibagi dumasar nu nulis (biografi jeung otobiografi) jeung dumasar penulisan (authorized jeung unauthorized biography).
Unsur-unsur Biografi
Nyaéta fakta, gaya bahasa naratif, sarta detil anu dumasar kana bukti atawa catetan.
Struktur Biografi
Orientasi: Gambaran awal ngeunaan tokoh.
Peristiwa-peristiwa penting: Kajadian anu berpengaruh dina kahirupan tokoh.
Reorientasi: Kacindekan atawa pandangan akhir ngeunaan tokoh.
Mangpaat Biografi
Ngainspirasi batur, ngajarkeun nilai-nilai hirup, sareng masihan gambaran ngeunaan perjalanan kahirupan hiji tokoh.