Sajak nyaéta salah sahiji sastra sunda anu di réka dina wangun basa ugeran (puisi). Ari nu dimaksud puisi dina sastra Sunda téh nyaéta wanda karangan anu rakitanana biasana pinuh ku wirahma, kauger ku wangunna jeung ku diksina. Dumasar kana asal usulna sajak teh mangrupa karya sampeuran nyaéta pangaruh tina sastra Éropa.
Analisis Sajak Karya Sim Kuring
Jenis: Sajak lirik
Jejer: Kaséhatan
Amanat: Makna ti sajak éta nyaéta urang sadayana kudu ngajaga kaséhatan sabab kaséhatan mangrupikeun salah sahiji karunia anu pangageungna.
Anu jadi ugeran sajak nyaéta :
* diksi (pilihan kecap)
* wirahma
* purwakanti
Unsur-unsur Sajak diantarana :
A. Adegan lahir :
1) Wangun sajak
2) Pilihan kecap (diksi)
3) Imaji
4) Gaya basa
5) Purwakanti
B. Adegan Batin
1) Jejer
Pokok pikiran anu aya dina sajak.
2) Rasa
Ngajiwaan eusi sajak.
3) Wirahma
Sikep panyajak kanu maca.
4) amanat
Pesen panyajak anu karasa kunu maca sajak.
Sajak ditilik tina wangun eusina, aya dua nyaéta :
1. Sajak Épic
Sajak anu sifatna ngalalakonkeun, ngadadarkeun, atawa nyaritakeun. Sajak Épic biasana panjang, bakal kanyahoan saha tokohna, naon ketakna jeung kumaha pamustunganana.
2. Sajak Lirik
Sajak anu henteu ngalalakon, anu ngagambarkeun rasa panyajakna
1. Conto Sajak Épic
* Janté Arkidam karya Ajip Rosidi
* Kahirupan Ma Anah karya Eddo S.Y
* Balada Si jago Ibro karya Eson Sumardi
2. Conto Sajak Lirik
* Sarebu Bulan karya Yus rusyana
* Setasion Tugu karya Dédén Abdul Aziz
* Do'a karya Apip Mustopa