1. Ngeuyeuk Seureuh
Ngeuyeuk Seureuh mangrupakeun salah sahiji prosesi adat Sunda saméméh nikah anu dipingpin ku sesepuh. Dina prosesi ieu, calon panganten dibéré naséhat ngeunaan kahirupan rumah tangga, simbol kesetiaan, jeung tanggung jawab dina pernikahan.
Foto ieu dicokot dina H- saméméh acara. Kulawarga calon panganten keur nyiapkeun perlengkapan pikeun prosesi ngeuyeuk seureuh jeung ngaras.
Foto dina poé acara nalika prosesi ngeuyeuk seureuh jeung ngaras keur dilaksanakeun ku calon panganten jeung kulawarga.
2. Ngaras
Foto ieu dicokot dina H- nalika kulawarga keur nyiapkeun prosesi ngeuyeuk seureuh jeung ngaras.
Foto ieu nunjukkeun prosesi ngeuyeuk seureuh jeung ngaras dina poé acara.
Ngaras mangrupakeun prosesi dimana calon panganten ngahaturkeun hormat jeung rasa sukur ka kolotna. Dina acara ieu, anak biasana nyuhunkeun hampura sarta ngucapkeun rasa terima kasih ka kolot anu geus ngagedékeun jeung ngadidikna.
Kesan jeung Pesan
Kagiatan uprak nikah Sunda ieu masihan seueur pisan pangalaman anu bermakna. Di tengah kasibukan kelas XII anu pinuh ku kagiatan sakola, les, sareng persiapan ngejar PTN, Uprak Sunda ieu janten salah sahiji momen anu éndah pikeun nambahan kenangan salami aya di SMA, hususna sareng rerencangan kelas XII-10. Salami ngalaksanakeun ieu kagiatan, abdi ogé ngagaduhan kasempetan pikeun janten bagian tina tim acara. Tina dinya abdi diajar kumaha ngatur hiji kagiatan, nyusun jadwal sangkan sagalana tiasa lumangsung kalayan tertib, sareng mastikeun yén unggal bagian acara tiasa jalan sakumaha rencanana. Pangalaman ieu ogé ngajarkeun abdi pikeun gawé bareng sareng rerencangan, silih ngadukung, ogé diajar ngadangukeun pamadegan batur sareng ngurangan rasa ego dina diri sorangan. Salian ti éta, kagiatan ieu ngajadikeun abdi langkung wawuh kana kabudayaan Sunda, hususna ngeunaan Upacara Adat Ngeuyeuk Seureuh sareng Ngaras anu janten bagian tina runtuyan nikah adat Sunda. Abdi ogé janten langkung biasa ngagunakeun basa Sunda dina prak-prakanana. Sanaos tacan sampurna lancarna, abdi teras nyobian sareng diajar sangkan tiasa langkung hadé deui. Kagiatan ieu ogé janten sarana pikeun nguatkeun kabersamaan di kelas XII-10 sangkan langkung kompak. Ku sabab éta, dina kasempetan ieu abdi hoyong ngahaturkeun hatur nuhun anu sakitu ageungna ka rerencangan kelas XII-10 sareng ka para sepuh murid anu parantos masihan dukungan sareng usaha anu luar biasa pikeun kalancaran ieu kagiatan. Ahirna, abdi ogé ngahaturkeun hatur nuhun anu saageung-ageungna ka Bapa Agung anu parantos ngabimbing sareng ngajar kami dina palajaran basa Sunda salami tilu taun di SMAN 3 Bandung kalayan pinuh kasabaran. Cara pangajaran anu pikaresepeun ngajadikeun kami langkung resep diajar basa Sunda. Abdi sareng rerencangan kelas XII-10 ogé ngahaturkeun hapunten anu sagedé-gedéna upami salami ieu aya kalepatan, dina ucapan atawa dina lampah. Mugia pangalaman tina ieu kagiatan tiasa janten pangajaran anu mangpaat pikeun urang sadayana.