Biantara téh naon?
biantara teh nyaéta kagiatan nyarita di hareupeun balaréa pikeun nepikeun hiji maksud atawa informasi anu penting. Jalma anu ahli biantara disebut Orator.
Biantara teh aya biantara resmi sareng biantara teu resmi. Conto anu resmi nyaeta biantara dina sidang. Conto biantara nu teu resmi nyaeta biantara dina tepang taun.
Analisis Biantara nu ku Sim Kuring Dugikeun
Teknik: Memoriter
Amanat: pendidikan mangrupikeun bagian anu paling penting dina kahirupan berbangsa sareng bernegara. Ku kituna, kawajiban urang sadayana, pikeun merhatikeun atikan generasi penerus bangsa. Henteu ngan pendidikan umum, ngan anu leuwih penting pendidikan moral sareng mekarna iman taqwa ka Nu Nyipta.
Teknik Biantara:
1. Memoriter (ngapalkeun)
2. Maca dina naskah
3. Ekstemporan (catetan inti)
4. Impromtu (spontan)
Struktur téks biantara:
1. Bubuka
(salam pamuka, salam hormat, mukadimah)
2. Eusi
3. Panutup
(kacindekan, saran, pangwilujeng, salam panutup)
hal anu kudu diperhatikeun, sangkan nepikeun biantara hadé & tartib, nyaéta:
1. Sora (artikulasi), kudu bedas tur tatag
2. Lentong (intonasi), kudu merenah
3. wirahma, patali sareng anca gancangna atawa tarik halonna dina nyarita
4. Nada, patalina sareng rasa eusi biantara, sedih atawa bungah
5. Pasemon (ékspresi/mimik), patalina sareng nada nu dikedalkeun luyu jeung eusi biantara
6. Pasang peta (géstur), patalina sareng gerak awak nu épéktif