Wangenan Wawancara
Wawancara teh hiji kagiatan komunikasi nu geus ilahar lumangsung di masarakat. Ngan teu kabeh masarakat sok ngahajakeun saban waktu ngawawancara. Wawancara mah biasana dilakukeun ku wartawan, reporter, atawa jalma lianna nu nganggap perlu, upamana mahapeserta didik nu keur ngalakukeun panalungtikan, murid-murid sakola nu meunang pancen ti guruna, atawa ti lembaga sensus penuduk nu ngawawancara warga.
Mastikeun bener heunteuna kajadian atawa sok disebut oge aktualitas fakta
Nyangking pamadengan resmi ti narasumber
Ngaguar pamanggih ahli, jeung
konfirmasi keur babandingan data.
Muguhkeun informasi naon nu rek dikumpulkeun.
Nangtukeun saha aku rek diwawancara (narasumber).
Nangtukeun iraha jeung dimana rek diwawancarana.
Nyusun angket, nyaeta daptar pananya anu rek ditanyakeun. Biasana nyoko kana prinsip 5W+1H : What (Naon), Where (Dimana), When (Iraha), Why (Kunaon), Who (Saha), jeung How (Kumaha).
Dina derna ngawawancara, hadena mah ngagunakeun basa Sunda anu merenah.
Nyatetkeun informasi penting anu di tepikeun ku narasumber, tiasa oge direkam, difoto atawa disyuting.
3) Nangtukeun narasumber atawa nu diwawancara jeung maluruh biodatana
4) Nyusun daftar pertanyaan nu badé ditaroskeun
5) Midamel jangji jeung narasumber keur jadwal wawancara
6) Ngalagsanakeun wawancara lul jeung jangji saméméhna
7) Nyusun laporan wawancara
struktur atawa adegan wawancara téh aya:
(1) Bubuka
Bagian bubuka dina wawancara téh nu ilaharnya eusina ngeunaan salam pamuka, wawanohan antara nu ngawawancara jeung nu diwawancara, serta jejer nu di wawancarakeun.
(2) Eusi
Bagian eusi dina wawancara ngeunaan tanya jawab antara nu ngawawancara jeung nu diwawancarana. Nu ngawawancara naroskeun pananya, nu diwawancara téh ngajawab pananya ti nu ngawawancara.
(3) Pamungkas atawa panutup
Bagian pamungkas dina wawancara téh eusina ngeunaan panutup tina kagiatan wawancara. Ilaharna eusina ngucapkeun hatur nuhun kana waktu nu geus diluangkeun ku nu diwawancara, salam panutup, jeung omongan pamitan.
Wawancara mandiri
Wawancara mandiri sok disebut oge wawancara individual, hartina saurang pawawancara ngayakeun wawancara ka saurang narasumber. wawancara mandiri biasana dilaksanakeun kusaurang wartawan waktu keur maluruh narasumber keur nulis hiji warta.
Wawancara Kelompok
Wawancara kelompok biasana jumlah pawawancarana lobaan. narasumber mah bisa saurang bisa wae kelompok. Upamana wae, sababaraha urang wartawan ti sawatara media TV atawa kagiatan diskusi publik. awawancara biasana ngasongkeun pananya anu beda beda.
Wawancara Konferensi
Wawancara Konferensi hartinya kagiatan wawancara anu ngalibetkeun sawarata narasumber. Upamana talkshow dina TV atawa kagiatan diskusi publik. wawancara Konferensi ge bisa dilaksanakeun boh sacara langsung boh teu langsung, upamana geus rea disiarkeun ku sawantara TV.