Carita pantun atawa lalakon pantun nyaéta carita rékaan anu dilalakonkeun ku juru pantun dina pagelaran ruatan anu disebut mantun.
Carita pantun atawa lalakon pantun nyaéta carita rékaan anu dilalakonkeun ku juru pantun dina pagelaran ruatan anu disebut mantun.
Carita pantun dikira-kira lahir dina abad ka-14. Perkiraan ieu gumantung kana jumlah puisi anu nyaritakeun ngeunaan karajaan Pajajaran. Sanajan kitu, aya ogé pamadegan anu nyebutkeun yén carita pantun geus aya saméméh karajaan Pajajaran. Alesanana aya pantun Ciung Wanara anu nyaritakeun ngeunaan karajaan Galuh. Salian ti éta, aya ogé pantun Lutung Kasarung anu latar karajaan Pasir Batang. Kanyaho yén karajaan Galuh jeung Pasir Batang geus aya saméméh karajaan Pajajaran.
Aya buktina yen carita pantun teh lahir di abad ka-14 nyaeta dina naskah Sunda kuno Sanghayang Siksa Kandang Karesyian (1518 M), ngeunaan carita pantun the geus disabit-sabit. Ku kituna, carita pantun teh dianggap karya sastra asli (pituin) urang Sunda.
Nyaeta aya galur miang, ujian, jeung mulang
Miang
Miang nyaeta bagean carita nu ngalalakonkeun yen tokoh utamana the kudu ngalalana, boh ka leuweung, kada dasar sagara, boh ka hiji nagara.
Ujian
Nalika tokoh keur ngalalana, biasana so kaya halangan-harungan ti musuhna. Malah sok nepi ka gelur, ngadu jajaten, jeung nepi ka perang.
Mulang
Sanggeus kaalamanana, biasana balik deui ka nagarana. Geus kitu tuluy dikawinkeun ka putri geulis jeung dijenengkeun jadi raja.
Narasi nyaeta bagean carita anu ditepikeun ku juru pantun keur ngagambarkeun kaayaan atawa kajadian dina carita. Dina nepikeun narasi, juru pantun the aya nu digorolangkeun aya oge nu dihaleuangkeun.
Dialog teh mangrupa bagian anu ngagambarkeun kaayaan paguneman (percakaan) antara hiji tokoh jeung tokoh sejenna.
Monolog mangrupa Guneman hiji tokoh ka dirina sorangan. Bisana bagean monolog mah sok dihaleuangkeun.
Rajah nyaeta ciri mangkat carita nu eusina sanduk-sanduk ka Nu Kawasa, sangkan salila mantun the lancer. Bagea rajah dihaleuangkeun ku juru pantun.
Jaman baheula, aya dua putri ti Karajaan Pasundan. Nyaeta Praburarang jeung Purbasari anu rupana geulis pisan. Ku pupusna Raja, Purbasari diangkat ngaganti tahta. Ngadéngé kitu, Praburarang ngarasa timburu pisan sarta hayang nganyenyeri Purbasari. Anjeunna mutuskeun papanggih dukun pikeun kutukan adina, Purbasari, kalawan panyakit kulit. Saterusna Purbasari kapaksa diasingkeun di leuweung sangkan tahta hasil pindah kana leungeun Praburarang. Waktu cicing di leuweung, Purbasari sosobatan jeung monyét hideung nu ngaranna Lutung Kasarung. Manéhna pohara merhatikeun jeung mikanyaah Purbasari.Lutung ngajak Purbasari mandi di hiji danau. Ajaibna, cai ti situ bisa nyageurkeun panyakit jeung mulangkeun kaéndahan Purbasari. Ngadangu kitu Praburarang ngarasa hariwang, hariwang ku adi-adina bakal ngarebut deui tahta, tuluy nyampeurkeun ka rayina sarta miwarang nandingan korsi raja. Praburarang ngajak adi-adina pikeun nandingan rupa-rupa tunangan masing-masing. Purbasari némbongkeun Lutung Kasarung minangka tunanganana. Lanceukna seuri jeung ngarasa tunanganana leuwih ganteng tibatan monyet. Dina waktu harita, monyét Kasarung robah jadi wujud aslina, nyaéta pangeran anu rupana ganteng. Prubararang ahirna ngaku eleh sarta masrahkeun tahta ka lanceukna.