MATERI BAB I KELAS XII SMA/SMK/MA
istilah "tradisi" (basa Inggris; tradition; basa Laten; traditio 'diteruskeun'), anu hartina adat kebiasaan atawa tali paranti anu turun tumuruan ti karuhun anu masih dilaksanakeun dina pakumbuhan masarakat. Tradisi ilaharna geus jadi kabiasaan masarakat ti baheula tur geus jadi bagian tina kahirupan kelompokna
Tradisi kaasup kana ulikan folklor. istilah folklor basa inggris: folklore) asalna tina kecap folk anu hartina 'kumpulan' atawa 'gundukan' jeung lore anu hartina 'tradisi'. Jadi folklor teh mangrupa sebagian kebudayaan anu diwariskeun kalawan turun-tumurun ku cara lisan, ku kituna sok disebut tradisi lisan.
Kecap adat jeung kabiasaan sok dihijikeun jadi kecap kantetan adat kebiasaan, nyaeta tata polah anu angger tur turun-tumurun ti hiji entragan satuluyna minangka warisan anu dalit jeung pakumbuhan masaraktna. Adat kebiasaan sipatna seremonial atawa upacara nu patali jeung kapercayaan.
dina kahirupan masarakat sunda, adat kebiasaan teh patali jeung upacara daur hirup (siklus hirup), ti mimiti kakandungan, lahir, rumaja, kawin, nepi ka maot.
Karangan pedaran mangrupa karangan atawa wacana anu eusina ngajéntrékeun hiji objék, kumaha prosésna, tujuanana, jeung gunana. Karangan pedaran gedé mangapaatna pikeun ngalegaan kaweruh atawa wawasan hiji jalma.
Kulantaran ngajentrekeun atawa medar hiji perkara, aya rupa-rupa tehnik nu dipake dina nulis karangan pedaran, diantarana :
Tehnik identifikasi, nyaeta hiji perkara ku cara neagan jeung mdar ciri-cirina eta perkara atawa barang;
Tehnik klasifikasi, nyaeta ngajentrekuen hiji perkara ku cara neangan jeung nyieun papasingan eta perkara atawa barang;
Tehnik definisi, nyaeta ngajentrekuen hiji perkara ku cara neangan jeung mere wangenan kana eta perkara atawa barang;
Tehnik ilustrasi, nyaeta ngajentrekuen hiji perkara ku cara neangan jeung mere gambaran kana eta perkara atawa barang;
Tehnik proses, nyaeta ngajentrekuen hiji perkara ku cara neangan jeung mere gambaran proses nyieunna eta barang.
JENIS PEDARAN
Argumentasi
Argumentasi nya éta wacana nu eusina ngajéntrékeun atawa nerangkeun bener henteuna hiji perkara, dumasar kana alesan anu kuat, nepi ka percaya jeung ngahudang pamaca pikeun milampah hiji pagawéan.
Deskripsi
Déskripsi nya éta tulisan nu ngagambarkeun objék, tempat atawa kajadian kalayan jéntré ka pamaca, siga nu ngarasakeun langsung éta kajadian nu digambarkeun dina wacana.
Narasi
Narasi mangrupakeun karangan tulisan nu nyaritakeun lumangsungna hiji kajadian ti mangsa ka mangsa, kalawan ngaruntuy turut runut.
Eksposisi
Eksposisi nya éta wacana nu eusina ngajéntrékeun tur medar hiji objék, prosésna, tujuanana jeung gunana. Tulisan bahasan mah ilaharna sok maké wangun tulisan campuran contona déskripsi jeung narasi, atawa narasi jeung argumentasi.
eusina midangkeun hal-hal umum perkara eusi pedaran
alesan milih jejer pedaran
pentingna jejer pedaran
legana pedaran
watesan jejer pedaran
masalah-masalah anu dipedar
tujuan jeung gunana pedaran
eusina midangkeun objek nu di pedar
wujud jeung wangunna objek
gunana objek
wanda atawa tipena objek
cara-cara nyieunna objek, kitu oge lamun aya
eusina midangkeun dua hal
kacindekan tina eusi pedaran
saran - saran
sumber : Buku Panggelar Basa Sunda Pikeun Murid SMA/SMK/MA/MAK Kelas XII, diterbitkeun ku Penerbit Erlangga
dokumentasi presentasi teks pedaran 'Saweran'