Sajak nyaeta karya sastra wangun ugeran atawa puisi anu henteu pati kaiket ku aturan. Dina sastra Sunda, aya dua rupa puisi, nyaeta puisi anu eusina mangrupa carita jeung puisi anu eusina henteu mangrupa carita. Sajak kaasupna kana puisi anu eusina henteu mangrupa carita.
Unsur-unsur sajak teh nyaeta : pikiran (sense), rasa (feeling), gaya (tone), jeung maksud (intention).
1. Pikiran (sense) nyaeta pikiran pangarang nu nyangkaruk dina jiwana, dikedalkeun ngaliwatan karanganana.
2. Rasa (feeling) nyaeta rasa panyajak anu dikedalkeun dina sajakna, bisa rasa waas, bungah, sumanget, ambek, atawa ceuceub.
3. Gaya (tone) nyaeta gaya panyajak anu ditepikeun dina sajakna, bisa humoris, realistis, kritis, romantis atawa mikacinta ka lemah caina.
4. Maksud (intention), sok disebut oge amanat nyaeta maksud anu hayang ditepikeun ku panyajak.
1. Teu ngagaduhan lafal sora anu tetep.
2. Wirahma henteu nganteurkeun sora anu paséa atanapi mungkas rima dina tungtung unggal garis.
3. Ngagaduhan bait, tapi jumlah garis dina unggal padalisan henteu ditangtoskeun.
4. Boga garis anu ngawangun bait.
5. Gaduh harmoni atanapi pangaluyuan anu saé antara eusi sareng tata basa.
1) Sajak Epik
Sajak epik teh sajak panjang nu nyaritakeun tokoh-tokohna gagah perkasa ngabela bebeneran. Ieu sajak nyaritakeun para pahlawan nu aya patalina jeung legenda, kepercayaan, atawa sajarah. Sajak epik dibedakeun antara folk epic jeung literary epic.
Folk epic mah biasana dilagukeun, mun di urang mah carita pantun nu ngadongengkeun para paraja Pajajaran. Sedengkeun Literary epic mah pikeun dibaca, keur dipikapaham maksudna.
2) Sajak Naratif
Sajak naratif nyaeta sajak nu ngagambarkeun kapahlawanan atawa kasangsaraan hirup nu karakter palakuna basajan.
Dina ieu sajak ngandung suasana carita, lakon, perwatakan, setting, atawa runtuyan kajadian nu tangtu nepi ka saperti carita biasa dina wangun prosa, ngan ditulisna dina wangun sajak.
Balada kaasup kana ieu sajak naratif. Kudu dibedakeun antara folk ballad jeung literary ballad, minangka ragam sajak nu nyaritakeun kisah kahirupan manusa ku sifat-sifat kamanusaan nana: kanyaahna, katimburuna, dengki, sieun, kahariwang, kasangsara, kabungah, cinta, jsb.
Rupa sajak sejen nu kaasup kana ieu sajak nyaeta poetic tale minangka sajak nu eusina dongeng-dongeng rakyat. Conto sejen epik naratif nyaeta “Madraji” karya Sayudi.
3) Sajak Lirik
Sajak lirik teh sajak nu ngebrehkeun eusi jeng batin panyajakna. Tangtu bae lahirna ieu sajak dibarengan ku pangalaman, sikep, jeung suasana batin panyajakna. Sajak lirik kiwari nu loba ditulis ku panyajak Sunda.
4) Sajak Dramatik
Sajak dramatik nyaeta sajak nu objektif ngagambarkeun paripolah hiji jalma, boh ku wanda lakon, boh ku wanda dialog, boh ku wanda monolog, nepi ka katangen ayana gambaran kisah nu tangtu. Dina sajak dramatik, panyajak nyaritakeun dirina atawa jalma sejen ngaliwatan tulisan monologna.
5) Sajak Didaktis
Sajak didaktis nyaeta sajak nu eusina sacara umum mipikaboga ajena-ajen atikan tur jelas katiten dina basana.
6) Sajak Satir
Sajak satir atawa satirik nyaeta sajak nu ngandung sindiran atawa kritik kana ka teu adilan jeung ka teu beresan nu aya di masarakat.
7) Sajak Romance atawa Romansa
Ieu sajak eusina ngeunaan carita atawa ekspresi cinta hiji jalma ka jalma nu dipikaasihna.
8) Sajak Elegi
Sajak elegi teh sajak kasedih ti panyajak ka nu ditujulna dina sajakna.
9) Sajak Ode
Sajak ode nyaeta sajak nu eusina puja-puji ti panyajak ka hiji jalma atawa hal-hal nu ditujulna, biasa mibanda jasa atawa sikep kapahlawanan. Dina Semi mah (1984: 95), Ode teh bagian tina Epik Naratif.
10) Sajak Himne
Ari sajak jenis himne teh sajak nu eusina mangrupakeun puja-pujian ka Gusti atawa ekspresi mikacinta kana lemah cai, sareng lain sajabana.
A.Sajak Epik
sajak epik teh sajka anu sifatnya ngalakonkeun, ngadadarkeun, atawa nyaritakeun. Ku lantaran kitu, sajak epik mah biasana panjang. ku lantaran siftana ngalalakon, dina sajak epik mah bakal kanyahoan sha tokohna, naon ketakna, jeung kumaha pamustunganana
B.Sajak lirik
Beda jeung sjak epik anu ngalalkon, sajak lirik mah henteu ngalalakon
Nalika matahari terbit
Ngaduruk sumanget kuring
Pikeun diajar
Pikeun kahareup kuring
Pikeun kabagjaan kuring
Anjeun salawasna aya Dina émutan kuring
Abdi émut ka anjeun
Abdi teu bosen milari anjeun
Dugi ka tiasa
Beuki kuring seueur diajar
Beuki seueur teuing hal anu kuring terang
Beuki kuring sumanget
Pikeun terus diajar
Kusabab kuring yakin
Ku diajar
Kuring bakal ngahontal tujuan