Jejer (Téma)
Nyaeta inti carita ti awal nepi ka akhir
Palaku (Tokoh)
Nyaeta jalma anu ngalalakon dina carita
Latar (Setting)
Nyaeta lingkungan nu ngadasaran lumangsungna hiji kajadian carita
Galur (Plot)
Nyaeta runtuyan kajadian nu lumangsung ti awal nepi ka akhir
Puser Sawangan (Sudut Pandang)
Amanat
Nyaeta pesen anu hayang ditepikeun pangarang ngaliwatan carita
Nurutkeun katerangan, jungkiringna ta kalangkang th cenah teu bina ti jalma nu sariring dumadina nu sok ditingali laku lampahna. Lalakon wayang teh rupa-rupa gumantung kana warna wayangna. Warnaning wayang anu kungsi hirup di Indonsia, di antarana
(1) wayang purwa purwa tgt robahan tina parwa nu hartina mimiti. Biasana lalakonna dibagi jadi sababaraha parwa, nya&a lalakon Mahabarata jeung Ramayana sarta tuluy dianggap wayang (kulit) nu mimiti diayakeun di pulo Jawa;
(2) wayang gedog wayang kulit nu keneh ngalalakonkeun carita Panji, saperti lalakon Panjisemirang; wayang gelung (golgolek elung) nyaritakeun lalakon Mahabarata jeung Ramayana; wayang golek iket (wayang cepak) nyaritakeun lalakon Prabu Damarwulan, Menakjingga, jsb.;
(3) wayang titi (potehi) nyaritakeun lalakon ti nagri Tiongkok;
(4) wayang beber lalakonna digambar dina lawon, tuluy dibeberkeun;
(5) wayang klitik cara wayang golek tapi laleutik, ditanggapna ti beurang; wayangna: Jan Pieterszoon Coen, Kaptthl Tack, jsb.
(6) wayang krucil cara wayang golek keneh (di Surabaya disebut wayang klitik) lalakonna Amirhamjah, Umarmaya jsb.;
(7) wayang wong nyaeta wayang jelema, lalakonna tina Mahabarata;
(8) wayang lilingong (di Cianjur disebutna wayang klitik), lalakonna mupu kembang, jambatan beusi, jsb.;
(9) wayang suluh tina kulit nyaritakeun lalakon ayeuna ngeunaan sajarah Indonesia jeung pikeun panyuluhan, tokohna jalma kaayeunakeun.
(10) wayang golek dijieunna tina kai kawas boneka, rea sumebar di Jawa Barat.
Urutan struktur tina carita wayang teh aya 6, nyaeta:
Orientasi
Oriéntasi mangrupakeun bagean anu eusina ngenalkeun tokoh, setting (latar), paristiwa atawa kajadian dina carita wayang.
Komplikasi
Komplikasi mangrupakeun bagean anu eusina pengenalan atawa bubuka masalah. Bagéan ieu mangrupakeun awal masalah anu bakal jadi jalan carita dina carita wayang.
Klimaks
Klimaks mangrupakeun bagean anu nunjukkeun masalah atawa konflik dina carita wayang jadi leuwih rumit tur kompleks.
Resolusi
Resolusi mangrupakeun bagean anu nunjukkeun yén masalah atawa konflik dina carita wayang teh geus manggihan solusi pikeun méréskeunana.
Reorientasi
Réorientasi mangrupakeun bagean anu eusina ngenalkeun deui masalah anu aya. Bagean ieu biasana henteu aya dina carita wayang. Ngan, teu nutup kamungkinan bagean ieu ge aya dina carita wayang.
Koda / Amanat
Koda mangrupakeun bagean anu eusina tungtung atawa panutup carita wayang jeung biasana ngandung pesen anu ditepikeun sacara implisit ka anu maca.
Gatotkaca nyaéta tokoh dina wiracarita Mahabarata, putra Bimasena atawa Werkudara ti kulawarga Pandawa. Gatotkaca mangrupa sosok gagah tur gagah anu bisa ngapung. Awakna kuat anu katelah "kawat berotot, tulang beusi". Kalungguhan Gatotkaca dina carita Mahabarata nyaéta Gatotkaca nguatkeun pertahanan karajaan Amarta, ogé jadi raja di karajaan Pringgodani. Dina perang Baratayuda anu gedé, manéhna nuluykeun, Gatotkaca jadi Senopati. Gatotkaca maot di tangan Karna salaku kusuma bangsa. perang Baratayuda antara Pandawa ngalawan Korawa atawa perang hade ngalawan jahat atawa jahat, lumangsung alatan Korawa ingkar jangji, Korawa henteu mulangkeun Indraprasta ka Pandawa. Hastina ogé kudu dipasrahkeun ka Pandawa. nalika rék maot, Pandu masrahkeun Hastina jeung Pandawa ka Destarata kalawan catetan yén engké sanggeus Pandawa geus dewasa, karajaan ieu dipasrahkeun ka Pandawa. Tapi Destarata malah nyerahkeun ka anakna sorangan (Suyudana).