Kawih ari kawih asalna tina kecap kavy (baca, kawi) anu hartina sa'ir (kavya - bujangga). Kawih nyaéta rakitan basa anu ditulis ku para bujangga atawa seniman sarta miboga birama anu ajeg (angger).Sakumaha ilaharna lagu, kawih kabeungkeut ku wiletan jeung témpo atawa ketukan. Nu matak kawih sok disebut ogé lagu-lagu nu kaasup sekar tandak, boh kawih tradisional boh wanda anyar.
~ kawih nyaeta lalaguan sunda anu teu kauger atawa kaiket ku aturan
~ kakawihan nyaeta lalaguan sunda anu sok dihaleungkeun ku barudak bari jeung ulin
~ pupuh nyaeta karya sastra berbentuk puisi
Bedana kawih klasik jeung pop Sunda nyaeta ari kawih klasik mah nyaeta kawih anu biasana ngagunakeun 5 nada atawa pentatonik (da, mi, na, ti, la), sedengkeun pop Sunda nyaeta kawih anu ngagunakeun 7 nada atawa diatonik (do, re, mi, fa, sol, la, si). Sacara umum definisi kawih nyaeta lalaguan Sunda anu rumpakana mangrupa wangun puisi nu henteu kaiket ku aturan
Cipt: Ubun R Kubarsih
Basa sunda, basa sunda
Basa indung urang sunda
Sapopoe kade lali
Sasauran basa sunda
Ka indung jeung ka bapa
Ka lanceuk jeung ka adi
Sing tarapti bari hade budi
Basa sunda, basa sunda
Basa indung urang sunda
Disakola kitu deui
Sasauran basa sunda
Ka ibu bapa guru
Ka sobat babaturan
Sing giatna hormat diajarna
Diajar basa sunda diajar basa sunda
Titenan dina kamusna
Ka koran jeung majalah
Sing ngarti ulah salah
Resep temen maca buku sunda
Diajar basa sunda diajar basa sunda
Ditekan dina laguna
Apalkeun haleuangna
Sing bentes kalimahna
Resep temen ngawih lagu sunda
Tema : kacintaan kana basa indung urang sunda
nada : sumanget,bungah,gumbira
rasa : kabungahan jeung sumanget diajar basa sunda
amanat : ngajak urang ngagunakeun basa Sundan dimana waé ayana, sareng ogé ngabéjaan anjeun upami pikaresepeun ngagunakeun basa Sunda.
Bandung masagi
Bandung masagi
Sajatining urang Bandung
Bandung masagi
Mibanda siri mandiri
Bandung masagi atikan anu pinuji
Rampak ngawangun jati diri
Nyantri rengkak polah sing taliti
Nyunda pageuhan ajen ki Sunda
Nyantana bela nagara
Rumawat tarakan urang
Lingkungan urang
Bandung nu urang
Taman endah
Tempat bumetah
Someah hade ka semah
Silih asah jeung silih asih
Silih asuh keur silih wawangi
Ngajaga lembur akur jeung dulur
Panjegna galur sing jadi jalma nu jujur
Ngajaga lembur akur jeung dulur
Panjegna galur sing jadi jalma nu jujur
Tema : kacintaan urang ka kota Bandung
Rasa : rasa kawih bandung masagi nalika dihaleuangkeun nyaéta bangga ka kaayan kota Bandung
Nada : nadana sumanget,bungah, sareng pika banggaeun
Amanat : amanat anu aya dina kawih bandung masagi nyaéta pikeun ngabentuk karakter hiji jalma pikeun janten kuat sacara fisik kalayan asupan tuangeun anu bergizi, calakan kusabab aranjeunna diémbohan élmu sareng moral ngalangkungan asupan spiritual.