CARITA PONDOK (CARPON)


CARPON

GARA-GARA MASKER !!!

Kenging : JAI

Kuring téh guru disalah sahiji sakola, ngajar jeung ngatik ngadidik barudak kurang lewih 39 taun, ayeuna geus rék pangsiun, baheula mah keur ngora kuring téh cénah guru anu parigel tur pinter , boga wanda jeung hadé sora sebut waé kuring téh bu guru Inah (red), ayeuna wéh kasebutna meureun mémori téh geus leyot, ceuk barudak jaman kiwri mah, salila ngajar 39 tahun loba pikabungahenna aya oge pikalucueunna, saperti anukaalaman ku kuring anyar-anyar ieu, caritana dina hiji poé, poé rebo minggu katilu Pembelajaran Tatap Muka Terbatas (PTMT) masih inget da harita téh maké kabaya jeung ngajar Bahasa sunda ( nyunda sapoé), isuk-isuk jam satengah genep kuring geus saged rék kasakola, RPP, lembar kerja siswa jeung konsep tujuh poe atikan istimewa geus kacangkem dina ingetan, lantaran tipeuting kéneéh geus disiapkeun. Kabayang sono ka kabarudak téh, ampir dua tahun ajaran teu amprok jeung murid lantaran corona, diajar cukup diudara ngaliwatan classroom atawa grup wastApp, Karasa sumanget rék kasakola téh jeung asa bungah pisan sok sanajan barudak, guru, stap, penjaga sakola kudu maraké masker alias prokeés ketat.

Datang ka sakola jam genep kurang sapuluh menit, sup kuring kakantor bari unjuk salam,cag nunda kantong babaturan geus rempeg nu daratang bari dimalasker, ceuk paribasa lamun teu apal kana sorana mah teu apal hiji-hijina babaturan teh, komo deui jeung barudak keur mah lila tara amprok, sakalieun amprok gé barudak maraké masker. Sangges istirahat sakeudeung pamit ka kapala sakola rék asup kakelas , ari ngajar taun ayeuna mah kuring teh dikelas 3, ngahaja usul ka kapala sakola hayang dikelas handap, ku kapala sakola diidinan da cénah bu Inah mah sabar tur leukeun kabarudak téh, léos kuring mah asup kakelas geus pédé pisan, sup kahiji ruangan kelas, barudak rame’ jeung kompak ngucapkeun salam,

”Assalamualaikum bu guru” wa’alaikum salam”! ceuk kuring

“Sampurasun” ! barudak méré salam kasundaan.

“Rampés” kuring ngajawab deui salam ti brudak.

Kuring pédé pisan yén éta téh murid kuring, singkatna carita der kuring ngajar saperti biasa, méméh diajar barudak ngado’a babarengan, terus narangtung ngalagu Indonesia Raya, disambung ku apersi 7 poe atikan istimewa.

Aya rasa dina haté téh, naha barudak teh asa kurang réspon? sawaréh sing haruleng, tapi kuring teu galideur, angger neruskeun ngajar, kuring masih can engeh jeung can sadar, saréngséna nerangkeun terus kuring méré tugas jeung ngabagikeun lembaran kerja.

“Barudak dina lembaran kerja dinamiannyaa…!” ceuk kuring téh.

“Sumuhun bu guru” barudak réang sora manuk.

Kuring nguriling kabarudak ngaroris bisi aya nu perlu dibantu, panasaran kuring mariksa salah sahiji murid, kabeneran lembaran kerjana can dingaranan, é

“Kunaon teu acan dinamian? Ceuk kuring nanya kaeta budak

Gutret budak teh nulis ngaran , jeung kelasna,

Gebeg… kuring teh reuwas kabina-bina,

Kuring panasaran,

“Cobi bageur...,buka maskerna”

Budak muka masker”

Gustii… Yaa… Roob… (na jero hate),kuring bari nyabak sirah, gening ieu teh kelas 5 lain murid kelas tilu, kuring kakara engeh jeung sadar teu kuat hayang ngabarakatak seuri ngan éra ku barudak horéng simanahoréng nu diajar kukuring teh kelas 5 lain kelas 3. Kuring purat perot kaluar kelas ,bebeja kabarudak mah rék katoilét heula ,padahal kuring kakantor teu kuat hayang seuri kupolah sorangan, sanepina kakantor der.. kuring cumarita bari pepeta hareupeun guru-guru, barakatak téh kabéh saleuseurian nyengseurikeun kalakuan kuring bari patembal-tembal

“Efek PPKM, éta téh bu Inah… !

“gara- gara masker” bu Inah teu apal ka barudak, atuh béda meren barudak kelas lima mah baradag” ceuk bu Yose mairan.

Ditembal deui ku bu Siti guru kelas 5 :

“abdi téh titadi leungiteun barudak dipapay ka unggal kelas weléh teu kapendak sadayana kelas aya bu guruna, padahal dilebetan ku bu Inah nyaa….?

Sakur nuaya dikantor ramé nyengseurikeun kuring

Ha…ha…ha… gara- gara masker jadi pahili murid

Cag ah… dugi kadieu !!

( neda dihapunten seueur kakirangan ma’lum nuju diajar)