Bubuka
Eusi bubuka téh midangkeun hal-hal umum perkara eusi pedaran, saperti:
Alesan milih jejer pedaran
Pentingna jejer pedaran
Legana pedaran
Watesan pedaran
Masalah-masalah anu dipedar
Tujuan jeung gunana pedaran
Eusi
Eusi téh midangkeun objék nu dipedar, saperti:
Wujud jeung wangunna objék
Gunana objék
Wanda atawa tipena objék
Cara-cara nyieunna objék
Panutup
Panutup téh midangkeun dua hal, nyaéta:
Kacindekan tina eusi pedaran
Saran-saran
Arguméntasi
Arguméntasi téh wacana anu eusina ngajéntrékeun jeung nerangkeun bener heuntena hiji perkara dumasar kana alesan anu kuat, nepi ka percaya jeung ngahudang pamaca pikeun milampah hiji pagawéan
Narasi
Narasi téh tulisan anu nyaritakeun situasi atawa kaayaan ti mangsa ka mangsa kalawan ngaruntuy (kronologis), boh dumasar kana runtuyan waktu boh dumasar kana runtuyan kajadian.
Déskripsi
Déskripsi téh tulisan anu ngagambarkeun objék, tempat, atawa kajadian kalawan jéntré luyu jeung kanyataan, nepi ka anu maca bisa ngarasakeun langsung éta kajadian anu digambarkeun dina tulisan
Éksposisi
Éksposisi téh wacana nu eusina ngajéntrékeun tur medar hiji objék, prosésna, tujuanana, jeung gunana.
Aya sababaraha téhnik nu dipaké dina nulis karangan pedaran, di antarana:
Téhnik Identifikasi
Ngajéntrékeun hiji perkara ku cara néangan jeung medar ciri-cirina éta perkara atawa barang.
Téhnik Klasifikasi
Ngajéntrékeun hiji perkara ku cara néangan jeung papasingan éta perkara atawa barang.
Téhnik Definisi
Ngajéntrékeun hiji perkara ku cara néangan jeung méré wangenan kana éta perkara atawa barang.
Téhnik Ilustrasi
Ngajéntrékeun hiji perkara ku cara néangan jeung méré gambaran kana éta perkara atawa barang.
Téhnik Proses
Ngajéntrékeun hiji perkara ku cara nvangan jeung méré gambaran prosés nyieunna éta barang.
Sumber:
Bahasa & Budaya Sunda - Pedaran
https://bahasasunda.id/materi-pedaran-tradisi-sunda/