Tarjamahan teh sok disebut oge alih basa, nyaeta mindahkeun teks tina basa sumber (asal) kana basa sejen (anyar). Narjamahkeun teh kacida pentingna, lantaran teu kabeh jalma ngarti atawa paham kana basa nu dipake atawa digunakeun ku jalma sejenna
Narjamahkeun teh aya padika atawa aturanana. Pangpangna kudu boga kamampuh dina basa nu rek ditarjamahkeunnana
Aya tilu kamampuh basa nu kudu kacangking mun urang rek narjamahkeun :
Kamampuh Gramatikal : Pangaweruh ngenaan kekecapan, nyusun kalimah, nyusun alinea, jeung ngalarapkeun ejahan
Kamampuh Sosiolinguistik : Pangaweruh ngeunaan hiji basa dina kahirupan sapopoe di masarakat pamakena
Kamampuh Semantik : Kamampuh dina ngaguar harti atawa ma'na teks anu rek ditarjamahkeun