Wawacan téh kapangaruhan ku sastra Jawa, pangpangna Mataram. Dina abad ka-17 M, asupna wawacan ka tatar sunda téh babarengan jeung asupna basa Jawa ka wewengkon Jawa Barat, ku pangaruhna kakawasaan Mataram. Saterusna basa Jawa téh mangrupa basa resmi nu digunakeun ku pamaréntahan mangsa harita, nepikeun ka pertengahan abad ka-19. Sanggeus kitu tulisan basa Sunda téh digunakeun deui di Jawa Barat.