Judul (headline), mangrupa titel, label, merek, atawa ngaran anu dilarapkeun kana warta. Gunana pikeun ngahudang rasa panasaran anu maca kana pasualan anu ditepikeun dina warta. Judul mangrupa slogan anu midangkeun topik dina wangun anu leuwih narik ati. Judul kudu écés jeung singget sarta luyu tur nyuluran sagemblengna eusi warta.
Bubuka (lead/intro), mangrupa alinéa atawa paragraf awal anu aya handapeun judul (headline). Nyieun lead ogé kudu alus, lantaran nu maca kudu matak kapincut atawa kataji.
Waruga warta (Tubuh warta; events), mangrupa eusi atawa inti warta. Eusi warta ilaharna mangrupa jawaban kana lima pananya (5W + 1 H) ngeunaan warta. Dina waruga warta didadarkeun (1) kajadian, (2) karakteristik, (3) waktu jeung tempat kajadian, (4) saha anu kalibet dina kajadian anu dilaporkeun.
Pamungkas warta (end) mangrupa alinea atawa paragraf ahir minangka omongan langsung (direct speech) pikeun mungkas warta.
Aktual
Faktual
Lengkep (5W + 1H)
Penting
Straight news
Warta anu disusun dumasar kana kajadian anu sabenerna, henteu ditambahan atawa henteu dikurangan, ngagunakeun basa anu lugas. Straight news sok disebut oge warta langsung
Depth news
Warta anu disusun dumasar kana kajadian anu sabenerna anu ditambahan ku informasi faktual séjénna anu aya patalina jeung eta kajadian
Soft news
Warta hampang anu disusun dumasar kana kajadian anu sabenerna tapi anu dipentingkeun teh nyaéta leuwih tina sisi kamanusaan nyaéta saperti ngajak mikir, ngarasa atawa émpati kana éta kajadian
Feature
Warta anu disusun dumasar kana kajadian anu sabenerna tapi dilengkepan ku kasang tukang éta kajadian sarta ditepikeun ku ngagunakeun gaya basa anu matak nimbulkeun rupa-rupa rasa pikeun anu narima éta warta, saperti rasa gumbira, sedih atawa ogé lucu
Reportase
Warta anu disusun dumasar kana kajadian anu sabenerna anu ditambahan hasil panalungtikan atawa pengamat jeung sumber tinulis anu jelas sangkan anu narima warta ngarasa sugema kana éta data anu lengkep.
Lafal/Pengucapan
Usahakeun dina unggal kecap atawa kalimah diucapkeun sacara jelas, ulah nepi ka aya kasalahan dina ngocapkeun kecap.
Perhatikeun béda dina sora hurup é, e, jeung eu.
Lentong/Intonasi
Perhatikeun naék turunna irama sora, volume sora, tur jeda.
Perhatikeun tanda baca.
Sikep/Gestur
Pandangan ningali ka hareup
Mimik (ekspresi) serius
Sing tegep